Tuesday, January 29, 2013

PEDARAN MANTRA


A. Perkara Mantra
            Ditilik tina wangunna mantra téh mangrupa puisi (wangun ugeran). Sok sanajan teu matok aturanana atawa teu ditangtukeun guru laguna (sora engang panuntung), guru wilangana (jumlah engang dina padalisan), jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ugeran atawa aturan puisi téh bakal karasa upama dibaca (dipapatkeun). Dina éta mantra,  bakal aya wirahma jeung purwakanti.
            Purwakanti jeung wirahma nu aya dina mantra téh lain ngan saukur mubanda ajén inajén kaéndahan (estetis) wungkul, tapi aya maksud-maksud anu leuwih jero ti éta, nya éta ngandung kakuatan gaib (magis). Basa anu digunakeunana ogé kawilang ahéng, sipatna eksitoris atawa hésé ditangkep maksudna.
            Eusi mantra anu dianggap ngandung kakuatan gaib téh dipapatkeun ku nu boga maksud hayang meruhkeun nu séjén atawa nanjeurkeun kakuatan jeung komara pribadi.
            Tujuan digunakeunana mantra téh di antarana pikeun ngawasa sukma nu lian, sangkan diri pinunjul, sangkan padamikaasih, sangkan bedas, salamet, gedé sima, jsb.

            B. Gelarna Mantra
            Numutkeun sawatara ahli, mantra téh gumelarna dina mangsa animismeu/dinamismeu, raket patalina jeung kapercayaan urang Sunda alam harita. Dina kamekaranana, kapangaruhan ku ageman urang Sunda sapandeurieunana. Hal éta kapanggih dina sawatara mantra anu ngagunakeun kekecapan basa Arab. Bisa jadi sahiji bukti, sanajan urang Sunda geus ngagem Islam, tapi henteu ngaleupaskeun sagemblengna kapercayaan warisan karuhunna.

            C. Papasingan Mantra
            Ditilik tina fungsi jeung suasana ngedalkeunana, nu kaasup kana mantra téh nya éta; jangjawokan, asihan, singlar, ajian, jampé, jeung rajah. Conto;
           
            1. Asihan
            Asihan disebut ogé pélét. Dpapatkeun sangkan nu séjén mikaasih. Conto;
ASIHAN SI BURUNG PUNDUNG
Nu cunduk bayu Si Anu
Nu datang atmana Si Éta
Reujeung satineung jeung aing
Mangka datang jeung ragana
Mangka cunduk jeung bayuna
Mangka naranya jeung satineung
Mangka nunggal atmana
Iya rasa niraIya rasa nisunSaking purba ning pangéran
Asih ka asih awaking
Nu bogoh paboro-boro
Nu hayang paheula-heula
Nu beuki pagiling-giling
Nu bayu pagulung-gulung
Nya atma paheula-heula
Mangka reujeung satineung
Da tungkul geusan jeung sukma
............... jeung saterusna

            2. Ajian
            Ajian téh dipapatkeun kalawan maksud pikeun kakuatan, kasaktén, kabedasan, jeung sajabana. Contona;

AJIAN KABEDASAN
Sang Balégadung bakaling Jagat
Sang Balégading bakaling langit
Sang Baléputih bakaling bumi
Sakata hé nyawa punika
Ana ingsun kabéh
Ya ingsun karsa datulloh
(Moh. E. Idris, Wanayasa)
            3. Singlar
            Singlar dipapatkeun maksudna pikeun nyinglar atawa nyingkahan hal-hal anu teu dipikahayang, saperti kasakit, siluman-silemin, jeung sajabana. Contona:

SINGLAR HAMA PEPELAKAN
Seuri celeng bang celeng bang Palembang
Geura los geura leumpang
Ka sabrang ka Palembang
Ka kajagi ka patani
Ka batan ka tulangbawang
Ka nu héjo lolopongan
Ka nu hideung siga nila
Di dinya kahanan sira
Istan! Istan! Istan!

            4. Jampé
            Jampé dipapatkeun/dipaké pikeun ngubaran atawa ngaleungitkeun kanyeri, kasakit, atawa kabiasaan anu teu hadé supaya jadi hadé, cageur, jsb. Contona;

JAMPÉ KA BUDAK NU SOK CEURIK BAÉ
Nyi Ara-ara
Nyi Iri-iri
Ulah sok jail ka adi
Tuh, da sia bawa ngajadi
Jep, meneng si jabang bayi

            5. Rajah Pamunah
            Rajah pamunah dipapatkeun maksudna sangkan salamet, henteu kakeunaan ku hal-hal anu teu dipikahayang, saperti barang aya nu maling, keuna ku panggawé batur.


RAJAH PAMUNAH BISI HARTA BANDA
KEUNA KU LONGLONGAN
Bismillahirrohmanirrohim
Nini Raja Puhara
Aki Raja Puhara
Ulah iri ka pepelakan aing
Maring paré maring sipat sajeneng
Kalawan ingsun sasipat
Kalawan ingsun maujudMaring datulloh
Seuri asih ka bangsa tunggal
Seuri suci mulya badan
Sampurna tunggal iman
Ambu pancering iman
Bapa tangkaling iman
Aing gagang iman

            6. Jangjawokan
            Jangjawokan dipapatkeun pikeun ménta kasalametan. Upama arék indit-inditan, ngamimitian hiji pagawéan, jrrd. Contona;

JANGJAWOKAN NYIUK BÉAS
Siuk dengdeng siuk langgeng
Nu hurip ulah keuna ku gingsir
Nu langgeng ulah keuna ku owah
Mangka tetep mangka langgeng
Langgeng di paniisan
Berkah solawat salam
Wassolatu wassalamu alaikum
Wa rohmatulloh wa barokatuh


No comments:

Post a Comment