Thursday, April 18, 2013

KECAP SESEBUTAN WAKTU

SESEBUTAN WAKTU DINA SAPOE SAPEUTING

Wanci janari gede:kira-kira tabuh 01.00 - 03.00 peuting
Wanci janari leutik:kira-kira tabuh 03.30 - 04.30
Wanci balebat:waktu pajar geus udat-udat (sinar panon poe) beulah wetan ( ± tabuh 04.30)
Wanci carangcang tihang:wanci liwat pajar, tetenjoan
remeng-remeng keneh (± 04.30 - 05.00)
Wanci haneut moyan:waktu sedeng ngeunah dipake moyan (± tabuh 07.00 - 08.30)
Wanci rumangsang:waktu panon poe geus mimiti karasa panas (± tabuh 09.00)
Wanci pecat sawed:waktu munding anu dipake magawe dilaan sawedna (± tabuh 10.00)
Wanci manceran/lohor:waktu panon poe luhureun sirah, tengah poe (± tabuh 12.00)
Wanci lingsir ngulon:waktu panon poe geus mimiti ngeser ka kulon (±tabuh 13.00)
Wanci panon poe satangtung:± tabuh 15.00
Wanci tunggang gunung:waktu panon poe geus rek surup, ayana dina luhureun gunung (± tabuh 16.00 - 17.00)
Wanci sariak layung:waktu layung ( sinar panon poe) di langit katenjo beureum. (± tabuh 17.00 - 18.00)
Wanci sareupna:geus mimiti reup poek (± tabuh 18.30)
Wanci sareureuh budak:waktu budak leutik geus mimit carapeeun tas hareureuy jeung dulurna (± tabuh 20.00)
Wanci tengah peuting:± tabuh 24.00


SESEBUTAN WAKTU SEJENNA
Sakedet netra:(asalna sakedep netra), kedep = kiceup, jadi sakedet netra hartina sakiceup, nuduhkeun waktu anu sakeudeung pisan
Sakilat:nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan, meh saharti jeung sakiceup, diupamakeun kana (lilana) kilat nu ngaburinyay
Sapanyeupahan:nuduhkeun waktu anu sababaraha lilana jeung anu keur nyeupah
Sapangejoan:nuduhkeun waktu anu rada lila, kira-kira sarua jeung keur ngejo (nyangu)
Saumur jagong:kira-kira tilu bulan satengah (90 poe)
Sataun landung:sataun leuwih
Sawindu:dalapan taun
Saabad:saratus taun


SESEBUTAN WAKTU SEJENNA DEUI

Poe ieu disebut ayeuna
Poe nu geus kaliwat sapoe disebut kamari
Poe sanggeus kamari disebut mangkukna
Sapoe nu bakal datang disebut isukan
Sapoe sanggeus isukan disebut pageto
Sabada pageto disebut pageto amat
Waktu nu cikeneh karandapan disebut bieu
Waktu nu rada lila kaliwat disebut tadi
Waktu nu geus lila kaliwat disebut bareto
Waktu beh ditueun bareto disebut baheula
Waktu nu sakeudeung deui deui bakal karandapan disebut engke
Waktu nu bakal datang (lila keneh) disebut jaga, isuk jaganing pageto

Sumber: BUKU PEPERENIAN (Kandaga, Unak-anik, Rusiah Basa Sunda)
Ku: Drs. Ahmad Hadi, Spk
Penerbit: CV GEGER SUNTEN - Bandung

No comments:

Post a Comment