Tuesday, January 29, 2013

PEDARAN DONGENG



  1. Perkara Dongéng
            Dongéng nya éta carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok. Mémang aya ogé dongéng anu kesan pamohalanana téh teu karasa, nya éta dongéng- dongéng anu nyaritakeun kahirupan sapopoé, upamana dongéng Si Kabayan.
            Kesan pamohalan dina dongéng, upamana baé dina carita fabel (ngeunaan sasatoan) nu bisa nyarita kawas manusa. Eusi dongéng téh umumna ngandung atikan moral. Upamana baé jalma bener tangtu meunang pahala, jalma salah tangtu cilaka.
            Palaku dina dongéng mah bisa saha baé, bisa sasatoan, tatangkalan, manusa, gunung, jin, siluman, jsb. Aya kalana latar tempat jeung latar waktuna ogé ngandung unsur pamohalan, atawa henteu luyu jeung sajarah.

  1. Papasingan Dongéng
            Dumasar kana eusina, dongéng téh bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan. Nya éta; (1) Dongéng sasatoan. (2) Dongéng sasakala. (3) Dongéng babad; (4) Dongéng jelema biasa; (5) Dongéng paranabi/ wali; (6) Dongeng pieunteungen; (7) Dongéng pamuk.

      1. Dongéng Sasatoan ( fabel )
          Dongéng sasatoan ( fabel ) nya éta dongéng anu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upamana baé bisa nyarita jeung ngagunakeun akal pikiran. contona dongéng-dongéng Sakadang Kuya jeung sakadang Monyet atawa dongeng Sakadang Peucang, jsb.  
          Dongéng-dongéng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet téh bisa jadi mangrupa dongéng sasatoan pituin urang Sunda. Béda jeung dongeng-dongeng anu palakuna sato séjén. Dongéng-dongéng Sakadang Peucang, upamana, hirupna dina sastra téh mangrupa pangaruh pangaruh tina sastra Jawa.

  2. Dongéng Sasakala ( legénda )     
          Dongeng sasakala ( legénda ) nya éta dongéng anu eusina nyaritakeun asal-muasalna kajadian hiji tempat, barang sasatoan atawa tutuwuhan. Contona dongéng Sasakala Situ Bagendit “, “ Sasakala Gunung Tangkuban Parahu “,  jeung “ Sasakala Talagawarna “ nu nyaritakeun asal-muasalna hiji tempat ( situ jeung gunung ); “ Sasakala Maung Panjalu “, “ Sasakala Uncal Tandukan “ ( sasatoan ), “ Sasakala Paré ” ( tutuwuhan ), jeung sajabana.

      3. Dongeng Babad ( Sage )
          Anu dimaksud dongéng babad ( sage ) téh nya éta dongéng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah. Upamana baé “ Dongeng Kéan Santang “, “ Dongeng Séh Abdul Muhyi “, “ Dongéng Prabu Siliwangi “, “ Dongéng Dipati Imbanagara “, “ Dongéng Sunan Permana di Puntang “, jeung sajabana.

4. Dongéng Kahirupan Jalma Biasa ( Parabel )
    Dongéng Kahirupan Jalma Biasa ( Parabel ) nya éta dongéng anu eusina nyaritakeun jalma biasa. Conto anu paling kamashur dina Sastra Sunda nya éta dongéng-dongéng Si Kabayan.
Tokoh Si Kabayan kacida dipikawanohna ku urang Sunda. Gambaran umum ngeunaan Si Kabayan nya éta jalma anu ngedul tapi loba akal. Malah aya anu nyebutkeun “ jelema bodo tapi pinter “ . Salian ti eta, Si Kabayan oge dianggap tokoh lucu. Nepi ka loba anu nyieun carita lulucon anu ngagunakeun tokoh Si Kabayan.
Dongéng-dongéng Si Kabayan anu populer di kalangan masyarakat Sunda di antarana “ Si Kabayan Ngadeupaan Lincar “, “ Si Kabayan Ngala Nangka “, “ Si Kabayan Ngala Tutut “, jeung “ Si Kabayan Kasurupan “. Salian ti éta, loba dongéng-dongéng Si Kabayan rékaan anyar; atawa carita anu ngagunakeun tokoh Si Kabayan saperti “ Si Kabayan Jadi Dukun  “ beunang Moh. Ambri ( saduran tina “ Tabib Titiron “ beunang moliere ), “ Lebé Kabayan “ beunang Ahmad Bakri, jeung serial “ Si Kabayan Jeung Raja Jimbul “ beunang Min Rasmana.


5. Carita Paranabi/Wali
    Carita Paranabi/Wali teh kaasup kana mite nyaeta carita anu eusina patali jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa hal-hal anu gaib.
    Dina ieu pedaran, husus ngeunaan carita parita/wali henteu disebut dongeng paranabi/wali, saperti nu aya ina GBPP. Ari sababna, bisi salah tapsir, yen carita paranabi/wali teh ngan saukur dongeng wungkul anu mangrupa carita rékaan. Padahal anu dimaksud di dinya mah nya éta carita-carita anu eusina nyaritakeun perkara anu aya patalina jeung paranabi/wali. Upamana baé ngeunaan kasaktén jeung wewesén parawali. Naha éta téh carita rékaan atawa dongéng wungkul atawa enya-enya kajadian ? Jawabanana pasti rupa-rupa, luyu jeung kayakinan masing-masing. NU matak dina ieu pedaran mah henteu ngagunakeun istilah “ dongéng “, tapi “ carita “.
Di masarakat urang, carita paranabi/wali teh hirup tur sumebar nepi ka kiwari. Upamana baé carita ngeunaan Nabi Hidir, carita-carita sabudeureun Sunan Gunung Jati katut Walisanga séjénna, Séh Abdul Kodir Jaelani, jeung sajabana.

6. Dongeng Pieunteungeun
    Anu dimaksud dongéng pieunteungeun di dieu nya éta dongeng anu eusina mangrupa tuladan pikeun manusa. Bisa dongéng sasatoan, dongéng jalma biasa, jeung sajabana.

7. Dongeng Pamuk
    Anu dimaksud dongéng pamuk téh nya éta dongeng anu myaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma, tur biasana aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Contona; Wewesén Aki Sayang Hawu nu dicutat tina Babad Sumedang.



No comments:

Post a Comment