Tuesday, January 29, 2013

BACAAN POPULER BASA SUNDA

Bacaan Populer Basa Sunda
Kategori: Peperenian| Dibaca: 1.286 kali | 24-04-2008 | 22:28:46
Réa rupana buku basa Sunda nu sok disebut bacaan populér téh. Nu aya di Perpustakaan Nasional Malaysia, upamana, leuwih ti 200 judul. Komo nu dikoléksi ku Rachmat Taufiq Hidayat di Bandung, aya 300 judul.
“Ku taksiran, buku basa Sunda populér nu kantos medal téh aya 400-an judul mah,” cék Rachmat, koléktor buku nu sapopoéna muka usaha pamedalan buku.
Karedewil deuih. Sajudulna téh umum­na puluhan jilid. Si Buntung Jago Tutugan (Tjaringin, 1969) yasana S. Sukandar, upamana, aya 40 jilid. Komo karangan S. Sukandar nu judul­na Waliwis Bodas (Tjaringin, 1969) mah, moal boa pangkandelna: 45 jilid. Enya gé sajilidnya nyalempring, tapi ari puluh-puluh jilid kitu mah teu wudu kandel.
Perbawa lalakon, tayohna. Nu dongéngna ramé mah, geus réngsé gé sok aya tuluyna. Upamana baé, lalakon Néng Élah (Saputra, 1968) beu­nang K. Sukarna, 7 jilid, diteruskeun ku lalakon Nur Élah ti pangarang éta kénéh, 15 jilid. Si Buntung Jago Tutug­an gé kitu.
Nu medalkeunana lain ukur hiji dua. Di Bandung waé aya kana 20-an kayaning Tjaringin, Saputra, Romana­to, Anéka, jsté. Aya nu sosoranganan, parigel sagala dicabak, nya ngarang nya nyitak. S. Sukandar, contona, boga mesin citak sorangan, tur medalkeun buku unggal minggu. Aya deuih nu winangun lembaga cara taman bacaan atawa toko buku.
Pangarangna atuh réa. Nu pro­duktif ti antarana S. Sukandar, K. Sukar­na, Éty S., jeung Wahyu Adam. Sok maraké sandiasma, malah aya nu leuwih ti hiji. Wahyu Adam apan Ki Masram téa. M.O. Suratman sandi­asmana Koko, Entang S., jeung Adang D. Tayohna, keur meumeujeuhna ra­mé nu mésen karangan, tur kabéh kudu dicumponan.
Ti kalangan sastrawan moyan gé aya nu kungsi ngarang carita populér. M.A. Salmun kapan ngarang Jaka Ban­dung. Dipidangkeunana kalawan nyambung dina koran Giwangkara. Kitu deui Olla S. Sumarnaputra. Ah­mad Rustandi deuih, nu kiwari giat di Mahkamah Konstitusi, kungsi ngarang “Séri Anjar” kayaning lalakon Anjar Tepung jeung Rampog Geulis jsté.
Tepi ka taun 1980-an mah gam­pang kénéh néanganana, réa beuli­eun, upamana di Toko Buku Puri, di Jl Déwi Sartika, atawa di kios-kios buku di Jl. Cikapundung, Bandung. Sajilidna Rp. 70,-
Teu meuli gé aya kénéh taman bacaan harita mah, nu sok nyéwa-nyéwakeun buku carita modél kitu. Malah harita mah aya deuih nu sok nyéwa-nyéwakeun buku kana sapédah, nguriling. Sajilid, Rp. 5,-
Nu matak kayungyun, ti antara nu ngarang, nu medalkeun, nu masar­keun, katut nu maca téh katémbong­na aya tali silaturahmi nu mandiri. Teu jarang kapanggih dina jilid buku téh aya usulan ti nu maca, upamana, lir “surat pembaca” dina koran.
Tepi ka katompérnakeun taun 1970-an mah pamedalan buku bacaan populér téh kasebut ramé. Béh dieu, katémbong nyirorot, babakuna tumali jeung ayana kawijakan pamaréntah nu ngeureunan subsidi keretas. Lain waé kualitas citakan jadi nyirorot, tapi produktivitas pamedalanana gé beuki dieu beuki suda.
Béréndélan Sawatara Buku Bacaan Populér Sunda taun 1970-an
  • Néng Élah, K.Soekarna, 1968
  • Nur Elah, K.Soekarna, 1968
  • Lodaya Ti Pakidulan, Entang. S, 1969
  • Saembara Tilu Jago, Entang.S, 1970
  • Kembang Buruan, K.Soekarna, 1967
  • Mulung Muntah, K.Soekarna, 1967
  • Siti Mulyati, S.Sukandar, 1969
  • Néng Adah, Ki Masram, 1969
  • Kapincut Ku Bandar Buntut, Ki Masram, 1970
  • Séri Déwi, S. Sukandar, 1967
  • Kanda Mapag Djawara, Entang S., 1970
  • Si Buntung Jago Tutugan, S. Soekandar, 1969
  • Djaka Santang, S.Sukandar, 1970
  • Sulaya Nu Jadi Marga, Atang D., 1969
  • Harta Tinemu Dosa, Tatang Ks, 1969
  • Gara-Gara Sumur Ajaib, Ki Masram, 1970
  • Giri Lungsi Tanpaingan, Momod G., 1968
  • Dosa Kabawa Adjal, Ki Masram, 1969
  • Néng Djédjéh, Étty.S, 1968
  • Néng Omah, Ki Darma, 1968
  • Kaduyung Ku Babu, K. Sukarna, 1969
  • Kamana Panutan Abdi, Koko.S, 1969
  • Balati Demit, S. Sukandar, 1969
  • Kapélét Ku Randa Ngora, Ki Dasuki, 1968
  • Katempuhan Buntut Maung, K. Soekarna, 1968
  • Rusiah Bapa Téré, Wahyu Adam, 1970
  • Nu Donto Diborogod, Wahyu Adam, 1968
  • Si Bujang Macan Babakan, Moch Harun, 1969
  • Diarah Pati, Entang S., 1969
  • Ngumbar Napsu, Judianti, 1969
  • Dén Iwan Nataguna, Darma, 1969
  • Gara-Gara Buntut Nalo, Ki Masram, 1968
  • Dén Bubun, Ki Masram, 1968
  • Nu Donto Dipaido, Wahyu Adam, 1968
  • Villa Nelasan Pati, Ki Darma, 1969
  • Buméla Nyanding Tresna, Tatang Ks, 1970
  • Nu Kawin Ngarurub Mayit, Ki Masram, 1969
  • Kabéngbat, Entang S., 1968
  • Tarung Di Wates Bandung, Wahyu Adam, 1970
  • Nyiruruk Hayam ka Heulang, Tédy Suwarno, 1969
  • Endong Wasiat, K. Soekarna, 1968
  • Lar Gagak Kari Tunggak, K. Soekarna, 1967
  • Diperdaya Manggih Bagja, S. Sukandar, 1967
  • Iwak Nangtang Sujén, K. Soekarna, 1967
  • Sumerah Kana Kadar, S. Sukandar, 1967
  • Samodja jadi Mamangsa, K. Soekarna, 1967
  • Djaka Linglung, S. Sukandar, 1971
  • Mustika Reuma, Gandaputra, 1968
  • Paéh Patundjang-Tundjang, Wahyu Adam, 1969
  • Nasib Indung Téré, Wahyu Adam, 1970
  • Nu Dénok Diborogod, K. Soekarna, 1967
  • Nu Denok Kasarandog, K. Soekarna, 1966
  • Samodja Katalangsara, K. Soekarna, 1967
  • Diarah Pati Alatan nu Geulis, S. Sukandar, 1967
  • Samodja Nyandang Tunggara, K. Soekarna, 1967
  • Awéwé Papaés Dunja, Wahyu Adam, 1969
  • Sariak Lajung, Wahyu Adam, 1969
  • Dosa Bapa, Étty S., 1969
  • Agan Upit sareng Asép Danu, Wahyu Adam, 1968
  • Hianat Ngadu Kabeurat,Tatang Ks., 1969
  • Godaan Sétan, Étty.S, 1968
  • Bagdja Didodja, Ki Darma, 1968
  • Djodo Keuna Tjotjoba, Ki Darma, 1968
  • Tresna anu Tanpa Wangenan, Darmajanti, 1969
  • Pipilih Njiar Nu Leuwih, K. Soekarna, 1970
  • Sirod Djelema Gaib, K. Soekarna, 1969
  • Winarti Katitis, K. Soekarna, 1968
  • Djurig Buntut Nalo, Koko, 1969
  • Tideuha Ti Mitoha, Wahyu Adam, 1969
  • Weredjit Nu Djadi Bukti, Ki Masram, 1969
  • Mustika Kamar Larangan, Entang S., 1970
  • Rosita Ngagunasita, M. Gandaputra, 1968
  • Embung Ngawin Sésa Djurig, K. Soekarna, 1970
  • Sirujung Kawung, S. Sukandar, 1968
  • Modjang Désa, Wahyu Adam, 1968
  • Djaring Nu Mawa Éling, K. Soekarna, 1969
  • Risbaja Males Pati, M. Gandaputra, 1968
  • Djago Bodjong, K. Soekarna, 1968
  • Koswara, S. Sukandar, 1968
  • Enok Maé, S. Sukandar, 1968
  • Duriat Patepung Deui, Ki Darma, 1968
  • Kuburan Beureum ku Getih, Ki Masram, 1969
  • Mulangkeun Kanyeri, Wahyu Adam, 1970
  • Sumérén Kana Papastén, S. Sukandar, 1969
  • Waliwis Bodas, S. Sukandar, 1969
  • Tjipanon Indung, S. Sukandar, 1969
  • Gumilar, S. Sukandar, 1968


No comments:

Post a Comment