Tuesday, January 29, 2013

NYAWANG ARSITEKTUR SUNDA

Ku Mang Jamal
 Loba beja yen urang Sunda teu boga ciri arsitektur nu mandiri. Mun ngulampreng ka Taman Mini, di anjungan Jawa Barat nu aya teh imah tembok nu cenah model Cirebon. Model imah nu ngaharib-harib arsitektur kolonial, nyaeta nu make potongan model wangunan Walanda di urang.
Sigana harita panitia ti Jawa Barat teu percaya diri pikeun nembongkeun imah Sunda antik nu masih aya keneh dikieuna cara di Kampung Kuta Ciamis, Kampung Naga Tasikmalaya, Kampun Pulo jeung Dukuh di Garut, kasepuhan Ciptagelar Sukabumi, desa Kanekes (Baduy) Lewidamar Lebak Banten jeung di kampung adat Sunda sejena. Imah tradisional Sunda memang katembong basajan pisan, teu cara arsitektur imah adat seler sejen nu pinuh hiasan ukiran warna warni.
Padahal ku rupa nu basajan kitu salian nembongkeun kaaslian oge netelakeun soal umur peradaban. Beuki basajan bisa jadi ciri umur hiji peradaban manusa beuki kolot. Cek si cenah, imah Sunda nu umumna mangrupa imah panggung mangrupakeun warisan ngahuma nu sok punduh-pindah tea. Ayeuna urang Baduy geus netep di desa Kanekes, tapi ari humana mah masih punduh-pindah.
 Disebut euweuh sigana pedah teu aya hiji model nu bisa jadi wawakil ciri arsitektur imah tradisional Sunda. Imah Sunda, ku cara nempo ka kampung-kampung adat netelakeun ayana varian atawa rupa nu di unggal lembur beda, sanajan masih aya keneh saruana. Sangkan tulisan ieu siga enya, urang make teori bule.
Numutkeun John Walker dina buku History of Design & Design History (1989),Karl Popper jeung E.H. Gombrich, teuing saha eta jelema teh,nyieun teori deterministik (hukum alam) nu disebutna logika situasi (Situational Logic) yen sanajan manusa diwatesan ku waktu, tempat jeung kaayaan, masih bisa nembongkeun kabisa pikeun nyiptakeun tujuan
sejen. Umumna kaayaan alam cara iklim jeung geografi mere pangaruh gede dina ngembangkeun arsitektur vernakular. Sedeng James Fitch jeung Daniel Branch netelakeun teorina yen nu nangtukeun arsitektur di masyarakat tradisional nyaeta lingkungan. Cara urang Eskimo di kutub kaler, indian di Amerika nu gumantung kana matrial alam nu aya di
sabudeureunana. Salju pikeun urang Eskimo, kulit sato jeung dahan tatangkalan pikeun urang Indian, mangrupa matrial utama pikeun imah maranehna. Nya urang Sunda oge make matrial nu aya di sabudeureunana. Matrial nu loba dipake pikeun imah di kampung adat utamana awi jeung kai pikeun rangka, kiray atawa injuk pikuen suhunan.
 Sangkan bisa hirup langgeng di hiji tempat, manusa kudu nyieun imah ku matrial nu luyu jeung kaayaan iklim tempatna matuh.  Salian faktor alam, pola hirup oge mere pangaruh rupa kana cara manusa nyieun paimahan. Cara masyarakat ngahuma nu sok pipindahan nyieun imah beda jeung masarakat sawah. Masarakat nu sok mindeng perang jeung suku sejen nyieun imah model benteng. Arsitektur tradisional atawa beh dieu disebut oge arsitektur vernakular mangrupa hasil kaarifan lokal nu geus lumangsung mangabad-abad.

Genep Teori Arsitektur Tradisional
Victor Papanek dina bukuna, The Green Imperative, Ecology and Ethics  in Design and Architecture (1995) netelakeun yen arsitektur vernakular  (sarimbag jeung arsitektur tradisional) dumasar kana pangaweruh praktis jeung teknik tradisional nu biasana diwangun ku sorangan dibantu ku tatangga atawa baraya jeung tukang bas ti lembur eta.
Masing-masing nembongkeun pangabisa nu pangpunjulna. Struktur imah tradisional umumna gampang kaharti jeung gampang ditalungtikna. Matrial nu dipake kalolobana matrial alam nu aya ti sabudeureun lembur.
Terusna, Papanek nyieun genep teori ngeunaan arsitektur tradisional. Kahiji disebutna teori metodologi atawa tata cara. Tina soal rupa jeung matrial nu dipake, imah tradisional teh mangrupakeun solusi nu pas ditenjo tina segi ekologi dina harti cocog jeung kaayaan iklim, lingkungan jeung hirup masarakatna. Imah-imah tradisional teu nonjolkeun karep tapi nyaluyukeun diri jeung lingkungan alam oge imah-imah sabudeureunana. Tina soal ukuran, biasana imah tradisional make skala manusiawi, proses ngawangun imah sarua pentingna jeung hasil ahirna.
Dina make metode atawa cara, arsitektur tradisional mangrupakeun gabungan ti matrial, alat jeung proses. Imah-imah Sunda tradisional make matrial nu masing-masing boga ciri nu mandiri jeung make alat nu husus dina ngolahna saluyu jeung sipat matrial jeung kamampu alat. Cara masing-masing jinis awi dipake pikeun bagean imah dumasar sipat kakuatanana jeung ukuranana. Aya awi nu dipake dina rupa golondongan cara pikeun kaso, aya nu dibeulah heula pikeun ereng, aya nu diratakeun pikeun lantey cara awi gombong pikeun palupuh, awi tali dianyam dijadikeun bilik jeung saterusna.
Kadua, teori dispersi jeung konvergensi. Dispersi asana mah hartina nyebar. Model imah tradisional Sunda nyebar sa tatar Sunda bari mawa ciri nu mandiri di unggal tempat. Imah di Kampung Kuta Ciamis nepi ka Baduy, sarua panggung. Kitu deui dindingna sarua make bilik, suhunan make kiray jeung injuk. Konvergensi maksudna yen di hiji kondisi geografi jeung iklim model dasar imah make pola desain nu sarua. Sanajan jarakna ratusan kilometer, rupa dasar imah di Kampung Kuta di Ciamis jeung imah Baduy di kulon boga ciri nu sarua nyaeta panggung jeung make matrial nu sarua nyaeta nu aya di lingkungan nu memang sarua. Kasang tukang budaya jeung katurunan nu sarua, oge pangaruh kaayaan alam jeung iklim, mere pangaruh utama.
Katilu, teori evolusi, nyaeta sanajan arsitektur tradisional ngakar kana niley-niley tradisional, nyimbolkeun lumangsungna niley eta di masarakat, katembong ayana parobahan sanajan robahna laun. Contona mah di Kampung Kuta Ciamis atawa kampung Naga Tasik. Cara jandela geus make kaca, oge di Kampung Kuta dinding geus dicet, matrial pabrik kayaning triplek jeung seng oge amparan tina plastik (vinil) geus dipake. Parobahan ieu angger dumasar kana aturan adat, naon nu bisa dirobah naon nu henteu.
Kaopat, teori lingkungan sosial, nyaeta imah tradisional nembongkeun pangabutuh masarakat jeung kamasarakatan. Maksudna, imah tradisional mah estuning hasil kahayang nu rek ngeusina. Beda jeung wangunan beunang arsitek utamana wangunan komersil cara bank, mal, kantor jeung pabrik. Imah di Kampung Kuta jeung Baduy diatur salian ku kabutuhan oge disaluyukeun jeung imah-imah nu geus aya. Salah salima sarat nyieun imah di Baduy cenah ulah nepi ka tatangga ngarasa serab.
Kalima, teori budaya, nyaeta wangunan tradisional dipangaruhan ku budaya masarakat satempat utamana dina tata cara ngawangun imah. Nyieun imah ditangtukeun ku itungan poe naon ngawangun, upacara naon nu kudu dilakukeun dina ngamimitian nyieun imah, aturan nyanghareup kamana, lokasi, jeung sabangsana.
Kagenep, teori estetika formal, yen estetika arsitektur tradisioal beda ti karya arsitek. Karya arsitek biasana nonjolkeun niley artistik individu si arsitekna. Ari imah tradisional mah nonjolkeun niley estetika masarakatna. Teu nembongkeun kahebatan kreatipitas arsitek,tapi kreatipitas komunal.
 versi citak dimuat di majalah basa Sunda Cupumanik Desember 2010

No comments:

Post a Comment