Tuesday, January 29, 2013

CONTO BABASAN

Conto Babasan
  • Abang-abang lambé: Alus omongan wungkul, ukur keur ngagenahkeun hate nu sejen
  • Aku-aku angga: Ngaku barang batur majar teh anuna, ngaku baraya ka nu beunghar atawa jeneng kalawan pangarahan
  • Alak paul: Tempat nu lain dikieu jarakna, pohara jauhna
  • Alak-alak cumampaka: Niru-niru saluhureun
  • Anak puputon: Anak anu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaahna
  • Asa leungit leungeun gigir: Leungiteun jelema anu pohara hade gawena
  • Awak sabeulah: Teu rimbitan, mun ninggang di awewe teu boga salaki, mun ninggang di lalaki teu boga pamajikan
  • Asak warah: Cukup latihan (didikan). Cirina: henteu dusun, basa jeung paripolahna euweuh nu salah
  • Ajak jawa: Ngajak anu henteu saenyana, henteu terus jeung hate, ngan ukur papaes bae, supaya ngeunaheun batur (tawar gatra)
  • Akal koja: Pinter dina kagoregan atawa kajahatan
  • Anak emas: Budak atawa kolot anu kacida dipikanyaahna. Teu kudu ku indung bapana bae, bisa oge ku dununganana.
  • Aya buntutna: Aya terusna, aya tuluyna
  • Alus laur: Teteg dedeg pangadegna
  • Atah anjang: Arang nganjang
  • Adigung adiguna: Gede hulu boga rasa leuwih ti batur. Kaciri dina laku lampahna jeung omonganana
  • Along-along bagja: Teu tulus meunang kabagjaan
  • Babalik Pikir: Robah lampah jadi hade
  • Balik ngaran: Ngadon maot di lembur batur. Nu balik teh lain jelemana, tapi ngaranna wungkul.
  • Bancang pakewuh: Kasusah atawa karerepet. Biasana kasusah nu gede wungkul
  • Biwir nyiru rombéngeun: Cerewed, sagala rasiah diomongkeun
  • Beurat birit: Hese jeung sungkan dititah
  • Beuteung anjingeun: Ngeunaan jelema anu beuteungna jiga beuteung anjing
  • Buntut kasiran: Koret, medit, ngeupeul, tara isan daek barang bere
  • Baleg tampele: Ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana, gede keneh kaera
  • Bungbulang tunda: Tunda talatah, lamun dititah tara sok pek ku maneh tapi sok nitah deui ka batur
  • Cacag nangkaeun: Henteu beres, henteu rata
  • Carang takol: Saeutik nyaritana, anu diomongkeun teh anu perluna bae
  • Careham hayameun: Jelema garogotan. Papakean keur dikaput hayang geura anggeue da hayang geura make. Bungbuahan can asak hayang ngala da hayang nyaho rasana, jrrd
  • Cukup belengur: Resep mere ka batur bari teu ngingetkeun kaperluan sorangan
  • Diangeuncareuhkeun: Diantep teu didahar atawa dipirosea
  • Dibejerbeaskeun: Diterangkeun kalawan eces pisan
  • Disakompetdaunkeun: Nu goreng saurang ari disebutkeunana mah goreng kabeh
  • Deugdeug tanjeuran : Pada ngadeugdeug sabab jadi tongtonan, ku tina pinterna dina kasenian. Misalna: pinter ngawih, ngacapi, nyuling, jst
  • Éléh déét: Ngelehan maneh ka sahandapeun nu tuna luang pangalamanana lantaran karunya
  • Élmu ajug: Jalma nu bisa mapatahan kahadéan ka batur, tapi manéhna sorangan teu ngajalankeun éta papatah
  • Elok bangkong: Nuju sakarat ngan kari tunggu dawuh bae, keur ngaleupaskeun nyawa
  • Galagah kacaahan: Ngalajur napsu kabawa ku batur
  • Galak sinongnong: Mimiti aya sir ka awewe, can wani adu hareupan
  • Gancang pincang: Pagawean nu gancang anggeus tapi hasilna goreng
  • Gantung denge: Ngarasa hanjakal henteu terus bisa ngadengekeun, caritana kaburu anggeus
  • Ganti pileumpangan: Ganti adat anu tadina hade jadi goreng atawa sabalikna
  • Gindi pikir belang bayah: Boga pikiran goreng ka papada kawula
  • Gurat batu/cadas: Pageuh jangji, tara ngarobah naon bae anu geus dipasinikeun
  • Ginding bangbara: Resep ngaginding ngarah katenjo ku batur tapi di imah mah kekerehet
  • Hampang birit: Gampang jeung daekan dititah
  • Hampang leungeun: Gampang teuteunggeul
  • Harewos bojong: Omongan anu diharewoskeun tapi kadenge ku nu deukeut ka nu diharewosanana
  • Handap asor: Daek ngahormat ka batur
  • Harigu manukeun: Dada jelema nu nonjol ka hareup siga harigu manuk
  • Heuras letah: Heuras ati, omonganana sugal
  • Hirup ngabangbara: Ari tempat pikeun matuh mah leutik tur teu tumaninah, tapi lamun kaluar ti imah ginding teu eleh ku batur
  • Haseum budi: Leuwih mindeng baeud jeung camberut batan seuri
  • Ieu aing: Boga rasa pangpunjulna, panggagahna, pangbeungharna
  • Jabung tumalapung, sabda tumapalang: Jelema nu teu nyaho urusan megat kalimah (megat omongan batur)
  • Jauh ka bedug: Dusun, bodo, euweuh kanyaho
  • Kawas aeud: Nya goreng budi nya bangor, lalandian diucapkeun ka sahandapeun ku nu keur rada keuheul bari heureuy
  • Ka bula ka bale: Bisa nyaluyukeun diri di tempat mana bae, atawa jeung jelema nu kumaha bae, bisa gawe kasar jeung gawe lemes
  • Kurung batok: Tara campuh-gaul, heureut kanyaho
  • Katurug katutuh: Keur cilaka katambah-tambah ku pikasusaheun
  • Kandel kulit beungeut: Teu aya kaera
  • Kumis bangbara ngaliang: Kumis anu nyeseg kana liang irung
  • Kawas bayah kuda: Dilarapkeun kana papakean anu warnana geus belel pisan
  • Kawas embé/ucing: Embung mandi sabab sieun ku cai
  • Kawas careuh bulan: Camerok, diwedak kandel teuing
  • Mageuhan cangcut taliwanda: Geus saged pikeun bajoang
  • Malikeun pangali: Disérénan pagawean malah nempuhkeun ka nu nyerenkeun
  • Malapah gedang: Malibir henteu jol pok ka nu dipimaksud
  • Ngadeupaan lincar: Kukurilingan deukeut imah nu keur hajat ngarah diondang
  • Ngarangkaskeun dungus: Ari hayang jeung bogohna mah ti bareto, ti keur ngora keneh, ngan kaselang heula ku kawin ka nu sejen. Kakolotnakeun kakara diparengkeun ngajodo
  • Ngadu angklung: Parea-rea omong nu taya gunana
  • Nyoo gado: Ngaheureuyan jelema anu pantesna dihormat
  • Ngacak ngebur: Rek make naon bae oge bisa, da aya jeung geus sadia, mangpang-meungpeung
  • Ngadaun ngora: Nembongkeun deui kamajuan sanggeus ngalaman mundur
  • Ngarawu ku siku: Hayang loba untung, tungtungna teu beubeunangan
  • Pait daging pahang tulang: Cageur, teu keuna ku panyakit atawa naon bae
  • Peupeureum asu: Tacan mondok tibra, keur leleyepan keneh. Sakur anu ngomong, boh di imah boh di luar kadenge keneh
  • Pindah pileumpangan: Ganti adat, robah kalakuan, tina hade kana goreng. Anu tadina darehdeh, someah tur handap asor, jadi haseum budi tur adigung, gede hulu
  • Rambat kamale: Boga perkara ayang-ayangan, teu anggeus-anggeus
  • Sentak badakeun: Teu ceéhan digawe. Dina mimiti mah pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul, tungtungna pagawean teh diantep teu dipigawé pisan.
  • Sésérang padung: Ngeunaan awewe atawa lalaki anu loba keneh nafsuna cara baheula keur ngora. Sasarina aya di jelema nu geus kolot, tereh paeh
  • Tamplok aseupan: Nurun sagemblengna ka anak, boh dedeg pangadegna, boh tingkah polahna
  • Teu diambeuan: Teu dipikaserab, teu dipikasieun, teu dihargaan
  • Teu didingding kelir: Diceplakkeun satarabasna taya nu dipinding-pinding


No comments:

Post a Comment