Tuesday, January 29, 2013

CONTO DONGENG BAG. I


Babad Sukamulya-Kuningan
Sateuacana taun 1740, aya hiji lembur katelah Cantilan, kalebet wilayah pamaréntahan dayeuh Cigadung. Cantilan ngagaduhan kahayong ngatur pamaréntahan sorangan. Alesanana élmu-élmu anu dipiboga ku tokoh-tokoh masarakat di dayeuh Cigadung sarua jeung anu dipiboga ku urang Cantilan.
Dina hiji waktu aya kajadian:
Di dayeuh Cigadung aya acara hajatan, di antarana tokoh eta ngundang ka tokoh-tokoh Cantilan. Kusabab datangna telat dahareun anu dihidangkeun kanggo para tamu ti Cantilan robah wujudna janten sadaya aratah deui, ku tina saktina tokoh dayeuh Cigadung. Bakakak hayam jago robah jadi hirup deui nepi bisa kongkorongok deui, komo deui dahareun anu sejena tina sayuran jadi aratah deui.
Masih nuju hajatan di dayeuh Cigadung, tokoh ti Cantilan ngahadiranana teh mawa lisung ahéng anu teu asup akal. Kaahéngan éta lisung téh bisa leumpang sorangan diiringkeun ku tokoh-tokoh nu badé ngahadiran hajatan, éta lisung teh haluna diaradu nepikeun ka patingburicak ngaluarkeun seuneu. Atuh di pasamoan téh mani ribut tingkocéak sarieuneun kahuruan.
Tah kitu geuning kasaktén karuhun baheula mah meni arahéng.
Sabalikna ti éta, basa di Cantilan aya hajatan, tokoh anu ti dayeuh diondang ogé. Béwara ondangan nepi ka 3 kali tacan datang kénéh baé. Kusabab urang Cantilan keuheuleun nu diondang teu datang baé, urang Cantilan teh ngutus deui salah saurang tokoh, kakara maranéhna daratang.
Kusabab asa dihina, tokoh masyarakat Cantilan hayang némbongkeun élmu anu dipibogana. Waktos tamu masih di perjalanan kénéh, pribumi meuncit munding. Waktos para ondangan daratang munding teh keur disisit, para tamu dipiwarang caralik heula di balandongan. Nembé ogé para tamu caralik dadak sakala éta munding téh hirup deui, terus ngubrak-ngabrik tamu anu nuju caralik. Geus pasti nimbulkeun kaributan jeung papaséaan. Nu ngabalukarkeun éta kampung jadi panas. Ti harita kampung éta katelah jadi kampung Cipanas.
Dina tahun 1980 Cipanas digentos namina janten Sukamulya”.

Cai Laut Asin
Kacatur jaman baheula aya dua jalma adi lancek. Nu cikal ngarana Jana, ari nu bungsu Jani.
Ki Jana ka asup jelema benghar, lega sawah lega kebon. Tapi koret, tara barang bere jeung tutulung. Tapi Ki Jani mah bari jeung miskin oge ari boga rejeki teh sok mere kanu butuh.
Hiji poe Ki Jani nginjem beas ka Ki Jana tapi manan dibere malah dicarekan. Untung pamajikan Ki Jana karunyaeun. Susulumputan ti salakina mere beas ka Ki Jani sacangkir jeung lauk asin. Bari nalangsa Ki Jani balik ditengah jalan aprok jeung aki-aki awakna begang lempangna rumanggieung atu karunyaeun diajakan ka imahna. Nepi imah beas dibubur saenggeus asak didalahar bareng.
Isuk-isuk keneh aki-aki teh geus pamitan. Memeh indit aki-akit eh mere jiman ka Ki Jani mangrupa lilisungan jeung haluna tina perak. “Naon wae anu dipikahyang ku ujang, sebutkeun wae bari nyebut Tutu! Tutu! Tutu!’tilu kali,” ca kaki-aki teh, engke tangtu haluna nutu sorangan, sarta anu dipikahayang kaluar tina jero lisung. Ngereunkeunana lisung kudu dibere taneuh saetik.
Gancangna carita Ki Jani geus benghar, tapi tetep resep ngabantu jeung tutulung kanu susah.
Barang Ki Jana ngadenge adina beunghar manehna siri , bari boga niat jahat hayang miboga jimat eta. Hiji peuting Ki Jana datang Ka Jani, ku Ki Jani dicaritekeun kabeh ka Ki Jana carana make lisung. Terus dibawa minggat ku lanceukna ka alas pentas. Mangsa dina kapal geus eweuh uyah Ki Jana menta kalisung uyah kaluar uyah teh teu ereun-ereun, Ki Jana poho teu mawa taneuh. Nepi ka kapalna kelebuh teleum. Ti harita cai laut jadi asin.
Rincian Dongeng:
-    Judulna     : Cai Laut Asin
-    Bahasana     : Kasar
-    Palakuna       : Dua urang adi lanceuk: lanceukna Ki Jana, Adina Ki Jani.
-    Watek palakuna :
Ki Jana    = Sarakar, koret, embung tutulung kanu susah.
Ki Jani    = Bageur, berehan, daek tutulung kanu susah.
-    Tempat/latar : Jaman baheula di hiji lembur.
-    Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma ulah koret jeung jahat, siga Ki Jana anu tung-tungna bakal cilaka. Kudu kos Ki Jani bageur sok daek nulungan batur, hirupna jadi senang tur tentrem.

Gagak Jadi Hideung
Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.
Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah.
Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh. Gagak teh hiber kuorang diobrot, gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .
Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, “mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?”
Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, “Engga, gaaaa!”
Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!
Rincian Dongeng:
-    Judulna     : Gagak Jadi Hideung
-    Bahasana     : Kasar
-    Palakuna     : Gagak jeung Oray Sanca
-    Watek palakuna :
Gagak      = Badeur, sok daek nyopet, te bisa digenggereuhkeun.
Oray Sanca = Getol, daek usaha, rajin.
-    Tempat/latar : Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan
-    Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari jadi jalma teh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah kos sakadang Oray Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing embung gawe.


Dimuat ku Dendi Rustandi dina Maret 23, 2010

Nénjo di imah Pa Tani euweuh sasaha, kira-kira wanci sareupna, Sakadang Monyét turun tina tangkal asem. Tuluy nyampeurkeun ka Sakadang Kuya anu keur dikurungan ku ranggap. Maksudna mah arék mupuas ka Sakadang Kuya.
Tapi, barang tepi ka buruan imah Pa Tani, Sakadang Monyét kacida kagétna. Ari sababna, Sakadang Kuya téh katémbong jiga anu bungah pisan. Malah maké jeung hahariringan sagala. Teu tulus arék mupuas téh.
“Aya naon Sakadang Kuya, katémbongna téh bet bungah-bungah teuing?” Sakadang Monyét nanya.
“Ih, atuda rék teu bungah kumaha. Isukan téh uing rék dikawinkeun ka anakna Pa Tani?”
“Rék dikawinkeun?”
“Enya, rék dikawinkeun!”
“Ka anakna Pa Tani?”
“Enya, ka anakna Pa Tani anu geulis téa geuning. Awakna lenjang, buukna panjang, deuh … sugan mah,” ceuk Sakadang Kuya bari pepeta, metakeun awéwé geulis.
Sakadang Monyét ngahuleng teu percaya.
“Ah, piraku?”
“Maenya teu percaya kénéh baé, sakitu jelas tanda-tandana. Ayeuna téh Ambu Tani jeung anakna keur ka pasar, rék balanja keur olah-olah hajat isukan. Ari Pa Tani keur néang lebé,” ceuk Sakadang Kuya, kalem.
“Paingan atuh tadi arindit,” ceuk Sakadang Monyét. “Alus milik Sakadang Kuya mah.”
Sakadang Kuya teu némbal, kalah terus hahariringan.
Sanggeus ngahuleng salila-lila, pok Sakadang Monyét nyarita lemah-lembut, “Kieu Sakadang Kuya, urang téh asa lain sapoé dua poé sosobatan téh, nya.”
“Enya, ari kitu?”
“Kumaha upama urang hilian baé. Uing anu dikurungan, Sakadang Kuya di luar. Hartina Sakadang Kuya bisa bébas, rék balik ka imah heug, atuh rék cicing baé di dieu teu nanaon,” ceuk Sakadang Monyét.
“Upama kitu mah anu dikawinkeunana gé meureun anjeun, nya? Ih, embung teuing ari kitu mah! Anak Pa Tani téa, keur geulis téh bageur deuih,” témbal Sakadang Kuya.
“Emh, Sakadang Kuya mah kawas lain ka sobat baé. Uing ogé hayang atuh ngarasakeun kabagjaan saperti anjeun ayeuna,” ceuk Sakadang Monyét ngarenghik.
Sakadang Kuya keukeuh embung, Sakadang Monyét keukeuh hayang. Lila pakeukeuh-keukeuh. Antukna mah Sakadang Kuya téh ngomong, “Nya atuh ari hayang-hayang teuing mah, Sakadang Monyét, heug baé. Ngan saméméh anjeun asup kana ranggap, alungkeun heula uing ka leuwi. Lain ku nanaon, bisi anakna Pa Tani kuciwa, da geuning katénjona mah bogoheun pisan ka uing téh. Emh, pileuleuyan, Nyai, lain Akang teu bogoh, ngan ieu mah bakating ku béla ka nu jadi sobat wé.”
Ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyét kacida bungahna. Teu talangké deui, Sakadang Kuya dikaluarkeun tina ranggap, tuluy dipanggul, rigidig dibawa lumpat ka leuwi. Nepi ka leuwi, lung baé Sakadang Kuya dialungkeun. Manéhna gura-giru balik deui ka imah Pa Tani. Sup kana ranggap, ngurungan manéh di pipir imah Pa Tani.
Bada magrib anu geus ti pasar téh kakara baralik. Teu lila, Pa Tani ogé datang. Langsung arasup ka imah, teu ulak-ilik heula kana ranggap, anu eusina geus lain Sakadang Kuya, tapi Sakadang Monyét.
Isukna, isuk-isuk pisan Pa Tani geus kaluar ti imahna.
“Nyai, pangmawakeun bedog ka dieu, urang meuncit kuya téa!” ceuk Pa Tani ka anakna.
Gebeg, Sakadang Monyét kacida kagétna ngadéngé omongan Pa Tani kitu téh. Geuning Sakadang Kuya téh rék dipeuncit, lain rék dikawinkeun, boro ku aing digenténan, ceuk pikirna.
“Bisi mintul mah asah heula bapana,” ceuk Ambu Tani.
“Heug, ka dieukeun atuh batu asahanana!”
Teu lila gesruk-gesruk kadéngé anu ngasah bedog. Karasana ku Sakadang Monyét mah meni geus asa gérésél-gérésél baé éta bedog téh kana beuheungna. Manéhna manggih akal, tuluy baé papaéhan. Awakna dijegerkeun.
Torojol anak Pa Tani ka dinya. Ngilikan ranggap, ngilikan eusina. Kagét, pédah eusina lain kuya, tapi monyét.
“Bapa, geuning kuya téh euweuh!” anak Pa Tani ngagorowok.
“Naon Nyai, kuya euweuh?” ceuk Pa Tani bari nyampeurkeun.
“Aya ogé monyét, geus paéh deuih. Tuh, awakna ogé mani jeger!”
“Heueuh geuning!” ceuk Pa Tani bari mukakeun ranggap. Monyét dicokot. Tuluy dibalangkeun sataker tanaga. Barang keuna kana taneuh, Sakadang Monyét hudang, berebet lumpat tarik pisan, asup ka jero leuweung. Kalacat baé naék kana tangkal anu jangkung.
Pa Tani jeung anakna bati olohok.


Dimuat ku Dendi Rustandi dina Agustus 7, 2009

Isuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya éta Sakadang Monyét.
“Sakadang Kuya!” Sakadang Monyét ngageroan.
“Kuk!” Témbal Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
Sakadang Monyét nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Keur naon Sakadang Kuya?”
“Ah keur kieu wé, keur moyan.”
“Ti batan cicing kitu mah mending ngala cabé, yu!”
“Di mana?”
“Di kebon Patani, mangka cabéna geus bareureum.”
“Embung, ah. Sakadang monyét mah sok gandéng.”
“Moal, moal gandéng ayeuna mah.”
“Nyaan moal gandéng?”
“Moal, nyaan moal gandéng.”
“Hayu atuh ari moal gandéng mah.”
Bring atuh Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya téh indit ka kebon patani. Barang tepi ka kebon, katémbong cabé pelak patani geus arasak mani bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon. Sakadang Kuya moncor kana pager, ari Sakadang Monyét ngaluncatan pager. Terus baé ngaralaan cabé, didalahar di dinya kénéh.
Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah baé ladaeun. Kitu deui sakadang monyét. Keur kitu, ana gorowok téh Sakadang Monyét ngagorowok.
“Seuhah lata-lata!” Maksudna mah “seuhah lada-lada”.
“Ssst, Sakadang Monyét, ulah gandéng atuh!”
Sakadang Monyét henteu ngawaro.
“Seuhah lata-lata!”
“Sakadang Monyét! Bisi kadéngéeun ku Bapa Tani.”
Tapi Sakadang Monyét api-api teu ngadéngé. Gorowok deui baé.
“Seuhah lata-lata!”
Kahariwang Sakadang Kuya kabuktian. Sora Sakadang Monyét anu tarik kadéngéeun ku Bapa Tani ti imahna, anu teu jauh ti kebonna. Bapa Tani gura-giru lumpat ka kebon. Barang nepi ka kebon, katémbong aya monyét jeung kuya keur ngaweswes bari seuhah ngadaharan cabé.
“Beunang siah nu sok malingan cabé téh!” Bapa Tani ngagorowok bari lumpat muru ka nu keur ngahakanan cabé.
Ngadéngé aya nu ngagebah, gajleng baé Sakadang Monyét ngejat, térékél kana tangkal kai.
“Sakadang Monyét, dagoan!” Sakadang Kuya ngagorowok ménta tulung. Tapi Sakadang Monyét teu maliré, teu ngalieuk-ngalieuk acan, terus lumpat gagalacangan dina tangkal kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da teu bisa lumpat, leumpang ngadédod baé. Kerewek baé ditéwak ku Bapa Tani.
“Beunang ayeuna mah nu sok malingan cabé aing téh. Ku aing dipeuncit!” Ceuk Bapa Tani.
Kuya dibawa ka imahna, tuluy dikurungan ku kurung hayam. Angkanan Pa Tani, isukan kuya rék dipeuncit.
Peutingna, sakadang Monyét rerencepan ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu keur cendekul dina jero kurung.
“Ssst, Sakadang Kuya, keur naon?” Sakadang Monyét nanya.
“Éh, geuning Sakadang Monyét, Puguh kuring téh keur ngararasakeun kabungah.”
“Kabungah naon Sakadang Kuya?”
“Nya éta, kuring téh rék dikawinkeun ka anak Bapa Tani.”
“Dikawinkeun ka anak Bapa Tani?”
“Enya.”
”Nu bener Sakadang Kuya?”
“Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.”
“Ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyét ngahuleng sajongjongan.
“Kieu, Sakadang Kuya, kumaha lamun urang tukeur tempat?” ceuk Sakadang Monyét.
“Tukeur tempat kumaha?”
“Enya tukeur tempat. Sakadang kuya kaluar, kajeun kuring atuh cicing di jero kurung.”
“Ah, embung.”
“Kuring mah karunya wé ka Sakadang Kuya, sapeupeuting dikurungan.”
“Atuh meureun moal jadi dikawinkeun ka anak Bapa Tani téh.”
Sakadang monyet keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna sakadang kuya téh éléh déét.
“Heug baé tukeur tempat, tapi aya saratna,” ceuk Sakadang Kuya.
“Naon saratna?”
“Saratna mah gampang. Saméméh anjeun asup kana kurung, kuring kudu di alungkeun heula ka leuwi.”
“Enya, énténg atuh kitu mah.”
Heunteu talangké, Sakadang Monyét ngaluarkeun Sakadang Kuya tina kurung hayam, tuluy dibawa kasisi leuwi. Lung baé Sakadang Kuya téh dialungkeun ka leuwi. Sakadang Monyét buru-buru balik deui ka imah Bapa Tani. Sup baé ngurungan manéh ku kurung hayam. Ngadedempés ngadago-dago beurang, hayang geura buru-buru dikawinkeun ka anak Bapa Tani.
Kocapkeun isukna.
“Manéhna, ka mana bedog téh? Urang asah,” ceuk Bapa Tani ka pamajikanana.
“Rék naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?”
“Itu urang meuncit kuya di pipir.”
Paguneman Bapa Tani jeung pamajikanana téh kadéngéeun ku Sakadang Monyét. Manéhna ngagebeg. Lakadalah, geuning aing téh rék dipeuncit, lain rék dikawinkeun jeung anak Bapa Tani. Rék kabur, geus kagok. Kaburu aya anak Bapa Tani nyampeurkeun. Gancang baé atuh Sakadang Monyét téh papaéhan, ngabugigag kawas bangké.
Barang srog ka dinya, anak Bapa Tani gegeroan ka bapana.
“Bapa! Bapa!”
“Aya naon, Nyai?”
“Ieu geuning nu dina kurung téh lain kuya.”
“Naon Nyai?”
“Monyét, jeung siga nu geus paéh deuih!”
Bapa Tani nu keur ngasah bedog cengkat, tuluy nyampeurkeun ka anakna. Enya baé geuning dina kurung téh aya monyét ngabugigag, lain kuya nu kamari. Kurung dibukakeun, monyét dialak-ilik.
“Naha bet jadi monyét? Jeung paéh deuih.”
“Enya, éta mani geus jeger kitu,” ceuk pamajikanana mairan.
Monyét téh dicokot ku Bapa Tani, lung baé dialungkeun jauh pisan. Barang gubrag kana taneuh, koréjat monyét téh hudang, berebet lumpat, kalacat baé naék kana tangkal kai.
(Tina Pangajaran Sastra Sunda, Karya Drs. Budi Rahayu Tamsah, spk.)


Sangkuriang
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Sangkuriang atawa Sang Kuriang nyaéta sasakala anu asalna ti Tatar Sunda. Sasakala kasebut nyaritakeun jadina situ Bandung, Gunung Tangkuban Parahu, Gunung Burangrang sarta Gunung Bukit Tunggul.
Tina sasakala kasebut, urang bisa nangtukeun geus sabaraha lila urang Sunda hirup di dataran luhur Bandung. Dumasar kana legenda kasebut anu dirojong ku fakta géologi, totorah yén urang Sunda geus hirup di dataran ieu puluhan rebu taun saméméh Maséhi.
Sasakala Sangkuriang mimitina mangrupa talari lisan. Rujukan tulisan ngeunaan legenda ieu aya dina naskah Bujangga Manik anu ditulis dina daun palem anu asalna ti ahir abad ke-15 atawa mimiti abad ke-16 Maséhi. Dina naskah kasebut ditulis yén Pangeran Jaya Pakuan nu boga landihan Pangéran Bujangga Manik atawa Ameng Layaran ngadatangan tempat-tempat suci agama Hindu di pulo Jawa sarta pulo Bali dina ahir abad ke-15.
Sanggeus ngalakonan lalampahan panjang, Bujangga Manik anjog ka tempat anu ayeuna jadi dayeuh Bandung. Manéhna jadi saksi mata anu mimiti nuliskeun ngaran tempat ieu reujeung sasakalana. Laporanana nyaéta saperti kieu:
Leumpang aing ka baratkeun
datang ka Bukit Patenggeng
Sasakala Sang Kuriang
Mangsa dek nyitu Ci tarum
Burung tembey kasiangan
Daptar eusi
[édit] Ringkesan Carita
Dumasar kana sasakala kasebut, dicaritakeun yén Raja Sungging Perbangkara indit moro. Di tengah leuweung Sang Raja miceun cai mani anu murag kana daun "cariang" (taleus leuweung). Hiji babi leuweung bikang nu ngaranna Wayungyang anu keur tatapa hayang jadi manusa nginum cai mani tadi. Wayungyang reuneuh sarta ngalahirkeun orok nu geulis. Orok geulis éta dibawa ka karaton ku bapana sarta dibéré ngaran Dayang Sumbi landihan Rarasati. Réa raja anu ngalamar DayanG Sumbi, tapi saurang ogé euweuh anu ditarima. Tungtungna para raja silih perangan. Dayang Sumbi nyingkurkeun diri ka hiji pasir dibaturan ku hiji anjing jalu nyaéta si Tunmang. Sabot keur uplek ninun, toropong anu keur dipaké ninun kaén ragrag ka handap. Alatan ngarasa haroréam capé, Dayang Sumbi ngucapkeun kecap-kecap anu teu dipikir panjang leuwih tiheula, manéhna jangji yén saha ogé anu mangnyokotkeun toropong anu ragrag lamun lalaki baris dijadikeun salakina. Si Tumang mangnyokotkeun toropong kasebut sarta dibikeun ka Dayang Sumbi. Dayang Sumbi ahirna ngajadikeun si Tumang salakina sarta ahirna ngalahirkeun orok lalaki nu dibéré ngaran Sangkuriang.
Sabot Sangkuriang keur moro di jero leuweung, manéhna nitah si Tumang pikeun ngudag babi bikang Wayungyang. Alatan si Tumang henteu nurutkeun, mangka dipaéhan ku Sangkuriang. Haté si Tumang ku Sangkuriang dibikeun ka indungna anu tuluy diasakan sarta didahar ku Dayang Sumbi. Sanggeus Dayang Sumbi nyaho yén anu didahar téh haté si Tumang, manéhna kacida ambekna sarta nakol sirah Sangkuriang ku siwur anu dijieun tina batok anu ngabalukarkeun tatu.
Sangkuriang indit ngumbara ngurilingan dunya. Sanggeus sakitu lila leumpang ka wétan ahirna manéhna mecenghul di kulon sarta tanpa sadar geus anjog deui ka padumukan Dayang Sumbi. Sangkuriang henteu apal yén putri geulis anu kapanggihna nyaéta Dayang Sumbi – indungna. Sangkuriang jeung Dayang Sumbi silih pikaasih sarta silih mitresna. Tanpa ngahaja Dayang Sumbi nempo urut tatu dina tarang Sangkuriang sahingga nyaho yén Sangkuriang téh anakna sorangan sarta megatkeun tali asih. Cacak kitu Sangkuriang tetep memaksa ngajak lakirabi ka Dayang Sumbi. Tungtungna Dayang Sumbi ménta sarat nu pamohalan kacumponan nyaéta sangkan Sangkuriang mangnyieunkeun parahu sarta situ dina waktu sapeuting ku cara mendet walungan Citarum. Sangkuriang nyanggupan ieu sarat.
Mangka Sangkuriang nyieun hiji parahu tina hiji tangkal anu tumuwuh di béh wétan, tutunggul tangkal éta robah jadi gunung Bukit Tunggul. Régangna ditumpukkan di palebah kulon sarta jadi Gunung Burangrang. Ku bantuan para guriang, bendungan ampir réngsé dipigawé. Dayang Sumbi reuwas, terus mendeko munajat ka Sang Hyang Tunggal ambéh maksud Sangkuriang henteu kabiruyungan. Dayang Sumbi ngahibar-hibat heulayan boéh rarang (lawon bodas hasil tinunanna), anu temahna ngahasilkeun cahaya caang jiga panonpoé nu rek meleték di béh wétan. Sangkuriang jadi ambek, dina puncak amarahna, bendungan anu aya di Sanghyang Tikoro dibedol, cocok (tutup) kamalir walungan Citarum dialungkeunana ka arah wétan sarta ngajanggélék jadi Gunung Manglayan. Cai Talaga Bandung ogé jadi surut deui. Parahu anu dipigawé kalawan hésé capé ditalapung ka arah kalér sarta robah wujud jadi Gunung Tangkuban Parahu.
Sangkuriang terus ngudag Dayang Sumbi anu dumadakan ngiles di Gunung Putri sarta robah jadi sagagang kembang jaksi. Sedengkeun Sangkuriang sanggeus nepi ka di hiji tempat anu disebut Ujungberung tungtungna ngiles ka alam gaib (Ngahiyang).
[édit] Kaluyu jeung fakta géologi
Sasakala Sangkuriang luyu jeung fakta géologi ngeunaan kabentukna situ Bandung sarta Gunung Tangkuban Parahu.Koesoemadinata, R. The Origin and Pre-history of the Sundanese, Institute of Technology Bandung.
Panalungtikan géologis mutahir némbongkeun yén sésa-sésa talaga purba geus 125 rébu taun. Situ kasebut jadi garing 16000 taun katukang.
Di ieu wewengkon, Gunung Sunda purba geus dua kali ngarandapan bitu dina wanda bitu Plinian nyaeta dina 105000 sarta 55000-50000 taun katukang. Bitu plinian kadua geus ngaruntagkeun kaldéra Gunung Sunda purba sahingga nyiptakeun Gunung Tangkuban Parahu, Gunung Burangrang (disebut ogé Gunung Sunda), sarta Gunung Bukit Tunggul.
Hal ieu ngabuktikeun yén karuhun Sunda geus nempatan dataran luhur Bandung sarta nyaksian bitu Plinian kadua anu nyapu padumukan palebah kulon walungan Citarum (kalér sarta kulon situ Bandung) salila période bitu dina 55000-50000 taun katukang waktu Gunung Tangkuban Parahu kabentuk tina sésa-sésa Gunung Sunda buhun. Mangsa ieu téh mangsana homo sapiens; maranéhanana geus kanyahoan hirup di Australia kidul dina 62000 taun katukang, sawaktu jeung Manusa Jawa (Wajak) nu hirup kira 50000 taun katukang.
[édit] Sangkuriang jeung Falsafah Sunda
[édit] Pedaran ti abah Surya
Numutkeun abah Surya sandiasmana abah Hidayat Suryalaga, urut Réktor Itenas Bandung, sasakala Sangkuriang dimaksudkeun pikeun jadi munara cahya (Sungging Perbangkara) pikeun saha ogé manusana (tangkal cariang) anu masih bingbang ku éksisténsi (ayana) dirina sarta hayang manggihan jatidiri kamanusaanana (wayungyang). Hasil tina panyungsian ieu baris ngalahirkeun kereteg haté (nurani) sabagé kabeneran nu sajati (Dayang Sumbi, Rarasati). Tapi lamun henteu dibiruyungan kalawan ati-ati sarta kasadaran nu pinuh/éling (toropong), mangka dirina baris dikawasa ku rasa kabingbang anu teu eureun-eureun (dikawasa ku si Tumang) anu baris ngalahirkeun égo anu hayang meunang sorangan, nyaéta jiwa anu tacan kacaangan (Sangkuriang). Mangsa Sang Nurani kakawasa deui ku kawaswas (Dayang Sumbi ngadahar haté si Tumang) mangka musnah kasadaran anu sajati. Rasa hanjakal anu kaalaman Sang Nurani dilakonan ku cara merangan kaadigungan rasio Sang Égo (sirah Sangkuriang ditakol). Kaadigungan ogé anu mangaruhan “Sang Égo Rasio” pikeun ngajauhan sarta ninggalkeun Sang Nurani. Tétéla kaadigungan Sang Égo Rasio anu hésé capé néangan élmu (kacerdasan inteléktual) salila pangumbaraanna di dunya (nuju ka arah wétan), tungtungna balik ka kulon anu sacara sadar atawa henteu sadar sok ditéang sarta dipikasono nyaéta Sang Nurani (Pasamoan Sangkuriang jeung Dayang Sumbi).
Cacak kitu, tétéla ngahijina antara Sang Égo Rasio (Sangkuriang) jeung Sang Nurani anu kacaangan (Dayang Sumbi), henteu sagampang anu dikira. Kalayan mawa bekel élmu pangaweruh anu geus dikawasana Sang Égo Rasio (Sangkuriang) kudu sanggup nyieun hiji kahirupan sosial anu dumasar kana kaasih jeung kanyaah, interdepéndensi – silih asih-asah sarta silih asuh anu humanis harmonis (kamanusan nu salaras), nyaéta hiji talaga kahirupan sosial (nyieun situ Bandung) anu dicicingan ku sagala rupa kumpulan manusa kalawan rupa-rupa parangina (Citarum). Samentara éta, jatidiri nu sagemblengna ogé kudu dijieun ku Sang Égo Rasio sorangan (dijieunna parahu). Ayana Sang Égo Rasio éta ogé henteu leupas tina sajarah dirina, aya tunggul anu jadi asal muasalna (Bukit Tunggul, tangkal sajarah) saprak ti mimiti gumelar (wétan, tempat mimiti medalna kahirupan). Sang Égo Rasio ogé kudu némbongkeun éksisténsi dirina (tutunggul, pananda diri) sarta dina panungtunganana manéhna ogé baris miboga turunan anu kabiruyungan dina masarakat nu baris datang sarta hiji mangsa kabéhana bakal lekasan diteleg ku sang waktu jadi satumpuk tulang (gunung Burangrang).
Matak hanjelu lamun tétéla harepan pikeun ngahijina Sang Égo Rasio jeung Sang Nurani anu kacaangan (ampir ngadahupna Sangkuriang jeung Dayang Sumbi), gagal alatan kaburu aya titik ahir, ahir kahirupan (boéh rarang atawa lawon kafan). Ahirna takdir anu tumiba ka Sang Égo Rasio ngan saukur rasa hanjakal anu kacida sarta ambek ka “dirina”. Mangka kaadigungan rasio dirina ditalapung, jadi waé saurang manusa transéndéntal nu nangkuban nyeungceurikan kasangsaraan anu tumiba kana dirina (Gunung Tangkubanparahu).
Cacak kitu, lantaran sang Égo Rasio masih ngarasa panasaran, diudagna terus Sang Nurani anu kacaangan nu dipidangdam (Dayang Sumbi) kalayan harepan bisa luluh ngahiji antara Sang Égo Rasio jeung Sang Nurani. Tapi tétéla Sang Nurani anu kacaangan ngan némbongkeun diri jadi saksi laku-lampah anu kungsi lumangsung sarta karandapan ku Sang Égo Rasio (kembang Jaksi).
Panungtungan carita nyaéta mangsa datangna kasadaran lekasanana kaadigungan rasiona (Ujungberung). Kalayan kasadaranana ogé, dicabut sarta dialungkeunana cocok dominasi kaadigungan rasio (gunung Manglayang). Mangka kiwari kabuka saluran prosés komunikasi anu sopan jeung saha ogé (Sanghyang Tikoro; babasan: Hadé ku omong goréng ku omong). Sarta kalayan imeut, dijaga pisan kadaharan anu asup kana beuteung teh ngan anu halal beresih sarta méré mangpaat.
[édit] Pedaran ti bah Engkus Ruswana
Numutkeun bah Engkus Ruswana, salah saurang inohong Sunda, Sangkuriang asal tina kecap Sang Kuring atawa Ingsun. Gubragna Sangkuriang ka dunya hasil kawin si Tumang jeung Dayang Sumbi ku alatan taropong murag. Taropong hartina toropong nyaéta alat pikeun nempo sangkan leuwih taliti, écés tur museur. Tumang téh mangrupakeun anjing hideung tapi bangus jeung buntutna konéng. Dumasar kana simbul-simbol warna dina palsapah kasundaan, hideung perlambang bumi/lemah nu ngabogaan sifat kateguhan, katetepan, pengkuh, sedengkeun konéng ngalambangkeun angin sifatna kadunyaan. Jadi tina wujud Tumang ngandung harti ieu carita perkara dunya jeung nu nuturkeun/turun ka dunya (manusa) nu mangrupakeun katetepan ti nu Maha Kawasa. ”Tumang” tina basa kawi hartina hawu atawa dapuran seuneu anu ogé ngandung maksud hawa napsu, sedengkeun ”dayang” nyaéta sebutan keur awéwé, harti lianna asal tina kecap dangiang/dahyang nu hartina bangsa lelembut atawa halus. Dayang bisa ogé dihartikeun asal tina kecap dang (= dangdang) jeung hyang (= suci = déwa). Sumbi nyaéta seuseukeutna katimang (sing seukeut nya nimang), sedengkeun upama dipenggel ngandung harti wujud diri (sum = sumsum = acining; bi = awéwé = ibu pertiwi = bumi). Jadi Dayang Sumbi ngandung harti sing seukeut tinimangan, kudu lantip dina nyungsi harti ngaguar rasa kanyahokeun sing taliti yén wujud diri téh hakékatna suci nu asal tina acining ibu pertiwi/bumi nu kaancikan ku napsu (Dayang Sumbi kawin ka si Tumang).
Palebah dieu nyata kalinuhungan luluhur urang Sunda dina milih kecap pikeun ngalarapkeun pasangan hawa napsu jeung wujud waruga, ogé bisa luyu jeung harti lian nu masangkeun harti hawu jeung dangdang. Dayang Sumbi tetep geulis awét jaya, upama disungsi bakal nganyatakeun yén ti jaman ayana manusa di dunya tepi kaayeuna wujud diri manusa téh tetep geulis, pantes teu robah strukturna, manusa teu bisa nyieun wujud, sok sanajan tepi ka wujud geus paréot, ilaharna teu aya manusa nu hayang ninggalkeun warugana, malahan tetep dipikacinta dipikaasih, ku kuringna. Dina palsapah/kapercayaan Sunda nétélakeun yén Sang Kuring atawa Ingsun lain sifat ragawi/lahir, ogé lain sifat rohani/batin, tapi anu dilahiran jeung dibatinan. Ingsun (kuring)mangrupakeun dat suci nu asal ti Gusti Nu Maha Suci nu sapanjang di alam dunya ngancik dina wujud manusa sakuringna-sakuring na.
Gumelarna ingsun ka dunya ngaliwatan cukang lantaran indung bapa nu dina carita ngaliwatan indung nu ngaran Dayang Sumbi sarta bapa nu ngaran Tumang. Di dunya Ingsun ngancik dina wujud waruga/diri nu asal tina acining/ saripati dunya (dayang Sumbi), kulantaran kitu hawa napsu salawasna marengan Sangkuriang (Tumang sok ngintil marengan). Mun teu aya hawa napsu nu marengan raga, tinangtu moal aya kahirupan di dunya jeung moal aya ingsun nu gumelar ka dunya. Kusabab éta waktu si Tumang di paéhan Dayang Sumbi kacida benduna, nu hartina lamun hawa napsu dipaéhan tangtu kapentingan raga kaluli-luli nu balukarna bakal leungit kahirupan manusa di dunya (sawang kumaha balukarna mun sarupaning napsu dahar/nginum, napsu gawé, napsu birahi, napsu pikeun ningkatkeun diri jeung napsu-napsu lianna dipaéhan, tinangtu kahirupan di dunya bakal punah), matak dina élmu Sunda mah teu aya ajaran pikeun maéhan napsu, ngan tangtu kudu dikadalikeun, manusa sunda teu meunang ngasingkeun diri ninggalkeun urusan dunya.
Hirup ingsun di dunya kudu ngabogaan élmu hasil ngasah jeung olah pikir dina uteukna nu mancar dina gawé nu rancagé, nu dina carita disimbulkeun sirah Sangkuriang ditakol ku sinduk tepi ka pitak. Sangkuriang maksa hayang kawin ka Dayang Sumbi ngandung harti, yén kulantaran Ingsun asal ti Gusti nu hakékatna suci, tinangtu ngabogaan rasa jeung tanggungjawab pikeun nyalametkeun diri/waruga asal ti dunya nu diancikanana sangkan salamet kukuh mituhu teu ingkar tina papagon kamanusaan, ku cara ngamanunggalkeun kuring jeung kurungna dina hiji parahu nu sahaluan sapanjang ngumbara ngalakonan kahirupan di dunya (parahu pikeun lalayaran di talaga). Dina ngalaksanakeun gawéna, Sangkuriang dibantu ku Guriang Tujuh (= Guru hyang tujuh), maksudna tujuh pangawasa suci nu asal ti Gusti nu ngancik dina diri manusa, nyaéta : pangawasa/gerak- langkah, pangersa/kadaék, hirup, pangrungu/déngé, awas, pangandika/ ucap, pangangseu/ambeu, nu jadi guru jati manusa pikeun nganyahokeun, ngarasakeun, nyaksikeun kaayaan dunya jeung pangeusina, lain cenah lain béja estuning dirasakeun ku sorangan sakuringna-sakuringna. Pon kitu deui digunakeun pikeun ngalalakon kahirupan di dunya jeung ngudag kahayang/cita-cita sarta ningkateun harkat jeung martabat dirina.
Boéh rarang dibeberkeun jeung dikelebetkeun dicaangan obor, nyimbulkeun akal pikiran nu dicaangan ku élmu/katerang/ kanyaho nu ditembrakkeun/ dikibarkeun atawa diwujudkeun dina kahirupan (gawé akal pikiran). Lisung tutunggulan nyimbulkeun napsu nu ngagolak (gawé rasa/napsu), sedengkeun hayam jago pating kongkorongok ngalambangkeun kasombongan jeung katakaburan, nepak dada ngarasa ieu aing jago. Élmu spiritual Sunda ngajéntrékeun yén aya tilu unsur dina diri manusa nu bisa ngawasa kana pamaréntahan diri, nyaéta kakuatan akal/pikiran, kakuatan rasa/napsu, jeung kakuatan jati ingsun. Dina perkara ieu ingsun kudu bisa ngadalikeun akal-pikiran jeung rasa/napsu (ingsun jadi supir/nahoda) . Lamun akal pikiran jeung rasa napsu geus miheulaan ingsun (Sangkuriang kabeurangan lantaran boéh dioboran jeung lisung tutunggulan nu terusna kongkorongok), tangtu kuring jeung kurung teu bisa kawin (teu bisa manunggal), balukarna hirup manusa lir ibarat parahu nangkub (Tangkubanparahu) teu bisa dipaké ngalakonan kahirupan di dunya (lalayaran di talaga) nu didumasaran ku ajén luhung kamanusaan jeung kasucian, tungtungna ngan bati hanjelu kaduhung sagedé gunung ibarat tunggul (Bukittunggul) , haté nalangsa ngarangrangan ngarasa hirup euweuh ajén (Burangrang) . Tapi sok sanajan batal kawin, ku lantaran ngarasa boga kawajiban salila gumelar di dunya, Ingsun (kuring) teu weléh ngudag-ngudag supaya kurung bisa dikawin, nu kadangkala deukeut, kadang jauh (Sangkuriang ngudag-ngudag Dayang Sumbi).
Intisari papatah nu dibéwarakeun:
Sasakala Sangkuriang nyaritakeun kahirupan manusa nu gumelarna ka dunya mangrupakeun papastén ti Nu Maha Kawasa ngaliwatan cukang lantaran indung jeung bapa. Ingsun ngumbara di dunya ngagunakeun raga nu asal tina saripati dunya, nyaéta acining bumi, acining cai, acining angin/hawa jeung acining seuneu ngaliwatan kadaharan jeung inuman nu dikonsumsi, napas jeung panas nu diserep. Kulantaran raga asal tina saripati dunya, nya tangtu timbul napsu-napsu dina diri manusa nu asal ti dunya, sedengkeun gumelarna ingsun ka dunya ogé ngaliwatan raga nu ngabogaan napsu, sabab mun teu aya napsu tangtu moal aya kahirupan di dunya, kulantaran éta teu meunang maéhan napsu, tapi kudu dikadalikeun sangkan teu kabetot ku kadunyaan. Élmu Sunda teu ngajarkeun manusa pikeun tatapa ninggalkeun urusan dunya, sabab éta hartina sarua jeung nu ngaleungitkeun hakékat kamanusaanana.
Keur kahirupan di dunya ingsun kudu motékar nempa diri sangkan luhung ku élmu jembar ku pangabisa, tapi kudu inget Ingsun lain urang dunya sabab asal ti Nu Maha Suci nu tangtu ngabogaan kawajiban pikeun ngaping jeung ngajaga diri sangkan sagala tékad, ucap jeung léngkah teu ingkar tina papagon kamanusaan jeung kasucian (kawin/manunggaling kuring jeung kurung). Dina raraga ngawulaan kabutuhan raga/kurung, ingsun(kuring) ngagunakeun tujuh Pangawasa Gusti nu ngancik dina dirina, nyaéta pangawasa, pengersa, hirup, pangrungu, pangandika, awas jeung pangangseu (guriang tujuh).
Kadé masing taliti, yén dina diri manusa téh aya tilu kakuatan nu bisa maréntah diri, nyaéta akal-pikiran, rasa-napsu jeung jati ingsun sorangan. Dina perkara ieu, ingsun nu kudu jadi nahoda ngadalikeun akal-pikiran jeung rasa-napsu pikeun kaperluan ingsun ngalakonan kahirupan di dunya, sabab lamun akal-pikiran jeung rasa-napsu geus miheulaan ingsun bakal timbul kasombongan adigung-adiguna nu ngabatalkeun manunggalna kuring jeung kurung pikeun ngahontal kahirupan di dunya nu didumasaran kamanusaan jeung kasucian. Mun nyana kitu lir ibarat parahu nangkub anu balukarna bakal kaduhung jeung ngarasa hirup euweuh hartina, tungtungna haté ngarangrangan nalangsa saendengna. Kulantaran kitu, mangkahadé upama can bisa kawin, ingsun ulah eureun ngudag-ngudag kurung sangkan bisa manunggal.
[édit] Rujukan
  1. Koesoemadinata, R. P., "Asal Usul sarta Prasejarah Ki Sunda", Sub theme" "Widang Kajian Sajarah, Arkeologi sarta filologi", in Ajip Rosidi et.al (editor: Edi S.Ekadjati and A.Chaedar Alwasilah).
  2. Hidayat Suryalaga, Kajian Hermeneutika ka Legenda sarta Mitos Gunung Tangkubanparahu kalawan sagala aspékna, Hidayat Suryalaga, Orasi Ilmiah sabot Poé Wisuda Mahasiswa ITENAS, Bandung, 28 Méi 2005.
  3. Mardiwarsito, L., "Kamus Jawa Kuna -Indonesia", Nusa Indah, 1985.
  4. Winter Sr, C. F., Ranggawarsita, R. Ng., "Kamus Kawi-Jawa", Gajahmada University Press, 1991.
  5. Satjadibrata, R., "Kamus Basa Sunda", Kiblat.


SI KABAYAN DICUKUR
sakali mangsa si kabayan teh di cukur. di cukurna handapeun tangkal gede disisi jalan supratman. ari tukang cukur teh ruruntuk dalang, tadina hayang jadi dalang tapi teu kataekan, kalah jadi tukang cukur. teu wudu payu nyukurna teh da eta ari nyukur sok bari ngadalang.
si kabayan ti barang gek diuk dina korsi panyukuran geus lelenggutan wae nundutan. saperti biasa tukang cukur teh ari ceg kana gunting jeung sisir tuluy wae ngabuih… ngadalang, pok na teh…. “tah kacatur keun di nagara alengka, rajana jenengan Dasamuka…. ari dasa hartina sapuluh… ari muka eta hartosna beungeut atanapi raray… “. si kabayan nu keur ngalenggut ngarasa ka ganggu ku nu keur ngadalang, bari heuay si kabayan nyarita “pondokeun wae mang…”  trek-trek tukang cukur teh ngaguntingan buuk si kabayan bari pok deui… ” ari geus kitu… eta Dasamuka teh bogoh ka dewi Sinta, geureuhna sri Rama… ” “pondokeun wae mang…”ceuk si kabayan nyaritana selang seling antara inget jeung heunteu bakating ku tunduh, teu lila reup deui sare….. lilir sakeudeung, tukang cukur teh keur ngadongeng keneh, ..” urang tunda dewi Sinta nu keur di Alengka, sabab di paling ku Rahwana…. caturkeun sri Rama….” si kabayan asa ka ganggu sarena terus nyarita bari lulungu “pondokeun mang….”….terus reup deui peureum. trek..trek tukang cukur ngaguntingan buuk si kabayan bari nuluykeun ngadongengna. ari tiap si kabayan lilir, tukang cukur teh keur ngabuih keneh wae ngadalang, tapi ari leungeunna mah tetep teu eureun-eureun ngaguntingan buuk si kabayan. si kabayan keuheuleun pisan sabab sarena kaganggu ku sora tukang cukur, nu sakapeung sok ngagerem nurutan sora buta atawa ngajerit nurutan sora dewi sinta basa di paling ku Rahwana… antukna si kabayan ngambek ka tukang cukur bari nyarita ” ceuk aing ge pondokeun…pondokeun…” tukang cukur nembalan “dipondokeun kumaha ieu geus lenang kieu..” ari ret si kabayan kana eunteung enya wae sirahna geus gundul teu sa lembar-lembar acan, puguh wae si kabayan teh ambek “nu dipondokeun teh dongeng maneh lain lain buuk aing…” si kabayan morongos, tukang cukur nembalan bari nyentak “bongan sorangan, naha atuh sare wae batur di gawe teh, lain nuhun di embohan ku dongeng teh…” ngan hing wae si kabayan teh ceurik bakating ku handeueuleun jaba ari balik ku barudak di poyokan bari di abring-abring “…penjol….penjol….”


No comments:

Post a Comment