Tuesday, January 29, 2013

conto materi tata krama


TATAKRAMA URANG SUNDA
Hidep tangtu kungsi ngadéngé istilah tatakrama. Geuning sok aya nu nyarita, “Kudu boga tatakrama atuh ari hayang diajénan ku batur mah.” Atawa, “Ih, jelema téh teu maké tatakrama, ngomong bari tipoporongos kitu!”
Naon ari tatakrama téh? Tatakrama asalna tina basa Sangsakerta; tata hartina aturan atawa palanggeran; krama hartina hormat. Jadi tatakrama téh aturan dina ngahormat atawa aturan sopan-santun anu disaluyuan ku warga masarakat pikeun siliajenan jeung nu lian.
Unggal bangsa atawa suku bangsa ngabogaan tatakrama séwang-séwangan saluyu jeung tradisi sarta ajén moral anu dianutna. Urang Sunda tangtu waé boga tatakrama anu mandiri, anu jadi ciri urang Sunda. Ieu tatakrama téh ngawengku aturan dina anggah-ungguh (gerak anggota badan) jeung aturan dina omongan atawa basa anu digunakeun.
Tatakrama anu patali jeung anggah-ungguh upamana baé, cara sasalaman, cara diuk (awéwé kudu émok, jsb), awak kudu rengkuh lamun nyarita jeung jalma anu dihormat, jsb.
Ari anu patali jeung omongan atawa prak-prakan ngagunakeun basa, urang Sunda boga aturan anu husus, nya éta undak-usuk basa. Undak-usuk basa téh tahapan atawa panta-pantana basa, atawa luhur-handapna ajén basa anu dilarapkeun saluyu jeung jalma anu diajak nyarita. Dina basa Sunda aya anu disebut basa lemes, basa sedeng (loma), jeung basa kasar.
Paraahli basa Sunda sapamadegan yén lahirna undak-usuk basa Sunda téh dipangaruhan ku basa Jawa sabada tanah Sunda, utamana Priangan, kaéréh ku Mataram dina abad ka-17. Dina mangsa harita, para dalem jeung kaom menak Sunda mindeng ngayakeun hubungan, séba upeti jeung sajabana jeung kaom ménak Jawa di Mataram. Éta hubungan sosial tuluy nimbulkeun ayana pangaruh budaya Jawa kana budaya urang. Lain undak-usuk basa waé, tapi ogé dina widang kasenian, nya éta tembang guguritan (pupuh).
Saméméh abad ka-17 dina basa Sunda henteu aya undak-usuk basa. Kabuktian dina naskah-naskah buhun saperti Carita Parahiangan atawa Carita Ratu Pakuan anu ditulis dina abad ka-16, henteu ngagunakeun undak-usuk basa, sakumaha anu kapanggih ku urang kiwari.
Sabada pangaruh Mataram beuki nyosok ka urang, undak-usuk beuki subur mangaruhan basa Sunda. Ceuk katerangan hasil panalungtikan Coolsma, ahli basa urang Walanda, aya 300 kecap lemes jeung 275 kecap kasar basa Sunda anu asalna tina basa Jawa, ngan cara makéna sok dipacorokkeun. Upamana baé kecap abot, anom, bobot, impén, lali, pungkur, sasih, jsb anu dina basa Sunda mah lemes, ari dina basa Jawa mah kasar. Kitu deui kecap béja, bulan, datang, pindah, suku, tumpak, jsb. anu dina basa Sunda kasar, ari dina basa Jawa mah lemes.
Tepi ka danget ieu undak-usuk basa terus diparaké ku urang Sunda, sabab geus gumulung jadi ajén-inajén, jadi tatakrama urang Sunda dina silihormat jeung silihargaan jeung nu lian. Minangka salasahiji banda warisan budaya, undak-usuk basa ku urang kudu dipaké dina kahirupan sapopoé.
Kénging: Drs. Ahmad Hadi spk

Pikeun maham wacana di luhur, jawab pananya ieu di handap!
1. Naon nu dimaksud tatakrama téh?
2. Naon waé nu jadi ciri tatakrama urang Sunda?
3.   Tuliskeun tatakrama anu patali jeung anggah-ungguh!
4. Naon nu dimaksud undak-usuk basa téh?
5. Aya sabaraha tingkatan undak-usuk dina basa Sunda?
6. Naon kasang-tukang lahirna undak-usuk basa Sunda?
7. Abad ka sabaraha budaya Jawa mangaruhan budaya Sunda
8. Naon buktina yén baheula mah urang Sunda téh henteu ngagunakeun undak-usuk basa?
9. Kumaha kamekaran undak-usuk basa jaman ayeuna?
10. Naon fungsi undak-usuk basa téh?


Pikeun maham undak-usuk basa, titénan tabel ieu di handap!

TABEL
Basa Loma jeung Basa Lemes

Basa Loma
Basa Lemes
(keur ka diri sorangan
Basa Lemes
(keur ka batur)
Nyarita
Daék
Boga
Hayang
Saré
Indit
Balik
Dahar
Tempo
Datang
Sasanggem
Kersa
Gaduh
Hoyong
Mondok
Mios
Wangsul
Neda
Tingal
Dongkap
Sasauran
Purun
Kagungan
Palay
Kulem
Angkat
Mulih
Tuang
Tingali
Sumping

                Ngagunakeun basa lemes gedé hartina pikeun ngajénan ka batur, ari ngajénan ka batur kapan sarua hartina jeung ngajénan ka diri sorangan.
               

Ngagunakeun kecap pun jeung tuang

                Titénan conto kalimah ieu di handap!



1. Pun bapa mah ngawulangna di SMP Pasundan.
2. Dupi tuang rama dimana ngawulangna?
3. Pun biang ogé sami ngawulang basa Sunda.
4. Dupi tuang ibu ngawulang naon?
 
 


      
      
      
                                                               
                Dina conto kalimah di luhur katiténan aya kecap pun jeung tuang. Eta kecap digunakeun dina wangun kalimah lemes. Ari kecap pun dilarapkeunana keur ka sorangan. Pun bapa hartina bapa abdi, pun biang hartina biang/indung abdi. Lantaran dilarapkeunana keur ka sorangan, atuh basa nu dipakéna ogé tangtu basa loma. Bapa abdi jadi pun bapa, henteu bisa jadi pun rama. Biang abdi jadi pun biang henteu bisa jadi pun ibu.
Kecap tuang dilarapkeunana keur ka batur. Tuang rama hartina rama anjeun, tuang ibu hartina ibu anjeun. Lantaran dilarapkeunana keur ka batur, atuh basa nu dipakéna ogé tangtu basa lemes. Bapa anjeun jadi tuang rama,  henteu bisa jadi tuang bapa, Biang anjeun jadi tuang ibu henteu bisa jadi tuang biang.
Sangkan henteu kaliru, aya alusna upama hidep can nyangkem undak-usuk basa, baca deui pangajaran undak-usuk sangkan ngarti kana panta-pantana atawa tahapan makéna basa.
                Conto:   
               
Basa Loma
Basa Lemes
(keur ka diri sorangan
Basa Lemes
(keur ka batur)
indung kuring
bapa kuring
aki kuring
lanceuk kuring
nini kuring
adi kuring
pun biang
pun bapa
pun aki
pun lanceuk
pun nini
pun adi
tuang ibu
tuang rama
tuang éyang
tuang raka
tuang éyang
tuang rai
                               
Latihan
Lemeskeun kalimah-kalimah ieu di handap!

1. Bapa kuring keur dahar jeung bapa manéh di kebon.
2. Indung kuring keur balanja ka pasar jeung indung manéh.
3. Nini kuring boga kebon lega pisan di Cinusa.
4. Naha bapa manéh kamari teu datang ka sakola?
5. Adi kuring jeung adi manéh keur arulin di buruan.
6. Aki kuring jeung aki manéh téh adi-lanceuk.
7. Tadi kuring panggih jeung bapa manéh di Bojongséro.
8. Ari indung manéh téh urang Ciparang?
9. Lanceuk kuring mah kakara lulus SMA.
10. Naha lanceuk manéh mah sakola teu dituluykeun?
11. Ari aki manéh bisaeun nyieun bilik?
12. Aki kuring mah kakara balik ti sawah!
13. Bapa manéh mah daharna rewog pisan!
14. Itu indung kuring mah nu dibaju beureum!
15. Ari indung manéh maké baju kumaha?

Jawab pananya ieu di handap!
1. Naon bédana ngalarapkeun kecap pun- jeung kecap tuang-?
2. Dina wangun basa nu kumaha éta dua kecap dilarapkeunana?
3. Naon nu dimaksud basa lemes keur ka sorangan?
4. Naon nu dimaksud basa lemes keur ka batur?

Ngalarapkeun Basa Sedeng

                Dina conto surat resmi di luhur basa nu dipaké nya éta ragam basa lemes. Ragam basa lemes digunakeun pikeun ngahormat atawa ngajénan ka batur. Ngajénan ka batur dina enas-enasna mah sarua jeung ngajénan ka diri sorangan.
                Ari nu ayeuna rék diguar mah nya éta ragam basa sedeng. Ari ragam basa sedeng disebut ogé basa lemes keur ka diri sorangan, dipaké pikeun nyarita ka saluhureun, nyaritakeun sasama ka saluhureun, atawa nyaritakeun sahandapeun ka saluhureun.

Conto:

Basa Kasar
Basa Sedeng
balik
wangsul
indit
mios
dahar
neda
datang
dongkap
hayang
hoyong
imah
rorompok
nyaho
terang
boga
gaduh
saré
mondok

Latihan
Eusian titik-titik dina kalimah ieu di handap ku ragam basa sedeng tina kecap anu dikurung tukangeun kalimahna!

1. Abdi _______________ buku pangajaran basa Sunda di Toko Palasari. (meuli)
2. Buku ti perpustakaan téh tos ___________________ ku pun adi. (dibawa)
3. _____________ abdi mah Arief Budiman. (ngaran)
4. Pun adi mah sok ______________ ari pendak sareng Bu Guru téh. (éra)
5. Kamari _____________________ angkat ka Bandung sareng Tétéh. (indung kuring)
6. Aduh, abdi __________________ teu ngerjakeun PR basa Sunda. (poho)
7. Itu Gunung Burangrang mah _________________ ti dieu ogé. (katempo)
8. Rebo kamari abdi teu sakola margi _____________ (gering)
9. Teu kénging _______________ kasar atuh! (nyarita)
10. Abdi henteu _________________ yén kamari aya Pasanggiri Maca Sajak. (nyaho)










POLA TATAKRAMA BASA SUNDA

POLA 1 :  A = B = C
Pola        : A sami sareng B ari B sami sareng C

A
BASA LOMA
(AKRAB, KASAR)
B
BASA KEUR PRIBADI
(BASA LEMES SEDENG)
C
BASA KEUR BATUR

aya
kumaha
iraha
naon
kadua
itu
ieu


AYA
KUMAHA
IRAHA
NAON
KADUA
ITU
IEU

aya
kumaha
iraha
naon
kadua
itu
ieu

POLA II : A  #  B  #  C
(A henteu sami sareng B. B henteu sami sareng C)

A
BASA LOMA
(AKRAB, KASAR)
B
BASA KEUR PRIBADI
(BASA LEMES SEDENG)
C
BASA KEUR BATUR

    balik
    bawa
    beuli
    bisa
    boga
    dahar
    datang
    denge
    era
    gering
    imah
    indit
    kasakit
    …
    nitah
    ngomong
    nyaho
    poho
    sare
    tanya
    tenjo
    pamajikan
    salaki
    anak
    indung
    bapa
    aki
    nini
    ua
   

      WANGSUL
      BANTUN
      PESER
      TIASA
      GADUH
      NEDA
      DONGKAP
      KUPING
      ISIN
      UDUR
      ROROMPOK
      MIOS
      PAUDUR
      …
      NGAJURUNG
      SASANGGEM
      TERANG
      HILAP
      MONDOK
      TAROS
      TINGAL
      PUN BOJO
      PUN LANCEUK
      PUN ANAK
      PUN BIANG
      PUN BAPA
      PUN AKI
      PUN NINI
      PUN UA

     mulih
     candak
     galeuh
     iasa
     kagungan
     tuang
     sumping
     dangu
     lingsem
     teu damang
     bumi
     angkat
     kasawat
     …
     miwarang
     sasauran
     uninga
     lali
     kulem
     pariksa
     tingali
     tuang garwa/geureuha
     tuang raka
     tuang putra
     tuang ibu
     tuang rama
     tuang eyang pameget
     tuang eyang istri
     kapirama/kapiibu

Titenan masing tenget pola di luhur A # B # C A henteu sami sareng B, B henteu sami sareng C

POLA III :  A = B # C
(A sami sareng B, ari B henteu sami sareng C

A
BASA LOMA
(AKRAB, KASAR)
B
BASA KEUR PRIBADI
(BASA LEMES SEDENG)
C
BASA KEUR BATUR

     baju
     irung
     lalajo
     ngaji
     nginum
     puasa
     samping
     ulin
     sste


     BAJU
     IRUNG
     LALAJO
     NGAJI
     NGINUM
     PUASA
     SAMPING
     ULIN

     raksukan
     pangambung
     nongton
     ngaos
     ngaleueut
     saum
     sinjang
     amengan

POLA IV :  A # B = C
(A henteu sami sareng B, ari B sami sareng C)

A
BASA LOMA
(AKRAB, KASAR)
B
BASA KEUR PRIBADI
(BASA LEMES SEDENG)
C
BASA KEUR BATUR
    
     bungah
     eleh
     kajeun
     kungsi
     tepung
     sste


     BINGAH
     KAWON
     SAWIOS
     KANTOS
     TEPANG

     bingah
     kawon
     sawios
     kantos
     tepang

Ngagunakeunana Tatakrama Basa (UUBS) henteu lesot tina unsur nu ngarojongna, nya eta :
-          Lentongna nyarita
-          Pasemon
-          Rengkuh
-          Tata busana
Tapi anu jadi dadasar utama dina tatakrama basa mah nya eta itikad atanapi kaweningan manah ti jalmina.

No comments:

Post a Comment