Tuesday, January 29, 2013

CONTO MATERI ADEGAN BASA

Kecap Rajékan Dwipurwa

Baca conto kalimah ieu di handap!

1. Isuk-isuk kénéh, Fita geus sasapu di kelas VII D.
2. Yuni mah pangpinterna di kelas VII F lantaran sok tatanya ka guru.
3. Vénty keur bébérés buku di perpustakaan SMP Tresnakalingga.

            Kecap rajékan téh dina basa Indonésia mah disebutna kata ulang. Hartina, kecap anu disebutkeunana dua kali atawa leuwih. Dina tilu kalimah di luhur aya kecap sasapu, tatanya, jeung bébérés. Éta kecap téh disebutna kecap rajékan dwipurwa. Ari kecap rajékan dwipurwa téh nya éta kecap rajékan anu disebutkeunana dua kali anu mimiti. Dwi hartina dua, purwa hartina mimiti.
            Titénan conto ieu di handap!

sa pu            sa sa pu
ta  nya           ta ta nya
rés            rés

            Aya deui kecap rajékan dwipurwa téh siga ieu conto di handap. Geura titénan ku hidep!
1. Tadi beurang Élisha papanggih jeung Déliano di Situ Buleud.
2. Shélla keur kukumbah piring di dapur.
3. Rarancang langlayangan meunang Ramwan téh alus pisan.

            Kecap papanggih, kukumbah, jeung rarancang dina kalimah di luhur kaasup kecap rajékan. Ngan, ku lantaran engang mimiti dipungkasna ku konsonan, sorana aya nu leungit.
            Titénan conto ieu di handap!

pang gih            pa pang gih,  lain pangpanggih
kum  bah           ku kum bah   lain kumkumbah
ran cang            ra ran cang   lain ranrancang
Kecap rajékan dwipurwa téh aya anu maké rarangkén. Ari rarangkén téh dina basa Indonésia mah hartina imbuhan. Jadi, kecap rajékan maké rarangkén nya éta kecap rajékan anu dirarangkénan, boh rarangkén hareup, rarangkén tukang, boh gabungan duanana.
            Titénan conto ieu di handap!
1. Agung mah sajajalan gawéna téh ngan lalaguan baé.
2. Ibu mangmeulikeun kukudaan keur Windi.
3. Pitri mah sapopoéna sok nyarita maké basa Sunda waé.

ja - lan  ja – ja – lan     sa – ja – ja - lan           rarangkén hareup
ku - da ku – ku - da     ku – ku – da - an          rarangkén tukang
po - é   po – po - é      sa – po – po – é - na    gabungan  

D. Latihan

Ayeuna pancén hidep ngalengkepan kecap rajékan dina kalimah ieu di handap, tina kecap anu dikurung tukangeun kalimahna!

1. Isuk-isuk kénéh murid kelas VII geus ......................... di lapang poli. (lumpat)
2. Ulah ................................ dina témbok sakola bisi disetrap! (tulis)
3. Yuni mah di kamarna sok ............................. waé, da sorana alus. (lagu)
4. Di Purwakarta kungsi aya kajadian ........................ karacunan dahareun. (lembur)
5. Dina ........................... kamar Winda mani pinuh ku gambar Doraémon. (langit)
6. Ulah ................................. atuh bisi rieut, leuwih hadé ngiuhan heula! (hujan)
7. Saméméh balik, barudak ............................................. heula di kelas. (beresih)
8. Saha anu sok ..................................................... kana méja téh? (takol)
9. Méja antik téh mani .......................................................... ku aki mah. (pusti)
10. Keur piknik ogé Yuni mah ...................... buku lantaran resep maca. (mawa)
11. Adi kuring keur ................... kana tangkal rambutan jeung babaturanana. (taék)
12. Barudak ....................................... basa lalajo lawak dina televisi. (seuri)
13. Budak nu anyar disunatan mah sok ....................................... waé. (sarung)
14. Aspri téh ................................ ku indungna lantaran can dahar ti isuk. (téang)
15. Yulia mah ukur ...................................................... da henteu saré. (peureum)

Kandaga Bumi Sunda

1. dina raraga    = dalam rangka
2. tepung taun   = ulangtaun
3. direuah-reuah = diramékeun
4. pasanggiri      = lomba
5. tuladeun                    = picontoeun, sikep anu hadé
6. karep                        = kahayang, kadaék
7. leuir                          = elat, telat
8. pinunjul                     = juara
9. dileler            = dibéré hadiah
10. pupuhu        = ketua
11. pamilon                   = nu miluan, peserta









Rarangkén hareup  di -  jeung kecap pangantét  di
1. Jeruk téh geus diala ku kuring.
2. Jeruk nu di kebon mani leubeut buahna.

 
Conto  



Kecap diala dina kalimah nomer 1 kaasup rarangkén hareup di -, ari kecap di kebon dina kalimah nomer 2 kaasup kecap pangantét di. Pikeun ngabédakeunana, upama rarangkén hareup mah ditulisna ngahiji jeung wangun dasarna, ari kecap pangantét mah ditulisna misah jeung wangun dasarna.
Kacindekanana, rarangkén hareup nya éta rarangkén anu ngahiji hareupeun wangun dasarna, ari kecap pangantét nya éta kecap pancén anu cicingna hareupeun kecap barang.

Titénan conto dina tabél ieu!

Rarangkén hareup di -
Kecap pangantét
di
          diala
          di kebon
          disimpen
          di kelas
          dipupus
          di warung
          ditulis
          di sawah
          dipeunteun
          di gunung
          ditempo
          di tukang
          dicabak
          di luhur
          digoréng
          di dapur
          dibaca
          di kamar

Latihan
Benerkeun cara nuliskeun kalimah-kalimah ieu di handap!
1. Dikota mah mobil téh parkirna disisi jalan.
2. Ku saha di cokotna buku nu diperpustakaan téh?
3. Bal nu di tajong téh ditewak ku wasit ditengah lapang.
4. Dimana aya budak nu di gégél anjing téh?
5. Jambu dikebon Aki di ala kabéhanana.
6. Diwarung sakola loba bala-bala nu anyar di goréng.
7. Ku saha di simpenna buku nu diluhur méja téh?
8. Dikebon aya tangkal kadu nu keur di tuar.
9. Langlayangan téh nyangsang diluhur kenténg.
10. Tong lila, didagoan didieu nya!
                                                                                                                      
Rarangkén hareup  ka -  jeung kecap pangantét  ka
1. Endog téh katincak ku kuring nepi ka peupeus.
2. Badé angkat ka mana Ibu mani rurusuhan kitu?

 
 

Conto  



Kecap katincak dina kalimah nomer 1 kaasup rarangkén hareup ka -, ari kecap ka mana dina kalimah nomer 2 kaasup kecap pangantét ka. Pikeun ngabédakeunana, upama rarangkén hareup mah ditulisna ngahiji jeung wangun dasarna, ari kecap pangantét mah ditulisna misah jeung wangun dasarna.
Kacindekanana, rarangkén hareup nya éta rarangkén anu ngahiji hareupeun wangun dasarna, ari kecap pangantét nya éta kecap pancén anu cicingna hareupeun kecap barang.
Titénan conto dina tabél ieu!

Rarangkén hareup ka -
Kecap pangantét ka
          katincak
          ka mana
          kadupak
          ka buruan
          katakol
          ka tukang
          kaciwit
          ka ditu
          kakeureut
          ka dieu
          kakoét
          ka handap
          katinggang
          ka luhur
D. Latihan
Benerkeun cara nuliskeun kalimah-kalimah ieu di handap!
1. Ulah kamana waé miceun cangkang cau téh bisi ka tincak!
2. Ka mari Ema angkat kakebon badé ngala cabé.
3. Bal téh ka téwak ku kiper tuluy dialungkeun katengah lapang.
4. Kamana dibawana budak nu digégél anjing téh?
5. Manuk japati hiber kaluhur tuluy nyirorot kahandap.
6. Ka hayang mah nuluykeun sakola téh kakota.
7. Kadieu geura sakeudeung, aya perlu!
8. Ulah ulin kajalan bisi ka tabrak mobil!
9. Taun hareup kuring naék kakelas VIII.
10. Isuk-isuk hayam kaluar tina kandangna.



No comments:

Post a Comment