Tuesday, January 29, 2013

LANDONG BAEUD

Budak Ngado'a

Geus aya meureun kana sabulana "UDIN KAGET" anak cikal Bah Renggo nu kakara umur dalapan taun unggal unggal jam dua welas peuting nyaring, malah sok parat nepi ka Subuh. Dina nyaringna teh menekung bari kunyam-kunyem.

Kalakuan anakna saperti kitu teh pikeun Abah Renggo ngarasa atoh, tapi gegedenamah hariwang boa-boa anak aing keuna ku pangheureuy deungeun ceuk gerentes angena. Ku sabab bisi matak picilakeuan abah renggo geuwat mariksa anakna :

Abah Renggo : Sujang Kunaon bet sasarianeun loba hudang peuting? Mun aya kahayang geuwat tepikeun ka Abah ayeuna.
Udin Kaget : Hi ari abah, pan ceuk Pa Ustad oge mun aya kasusah kudu remen ngadunga!
Abah Renggo : Hayang naon maneh teh? bet bebeakean.
Udin Kaget : Hayang.. ibu kota Jawa Barat pindah ka Garut.
Abah Renggo : Lahuta pisan siah kahayang teh! Na naon nu jadi sababna?
Udin Kaget : Eta tadi Abah, waktos ngalebetan soal ulangan, soalna teh : Kota naon ibu kotana Jawa Barat? Ujang ngawaler Garut, tah ku kituna Ujang ngado'a sangkan ibu kota Jawa Barat ngalih ka Garut.
Abah Renggo : Kasebelan siah!


Ngado'a Salah Ucap

Kahirupan Bah Renggo keur nyirorot, nete semplek, nincak semplak, sagala usahana ngan rugi-jeung rugi, pokona numbuk di sue, entong keur nyakolakeun budak, keudahar sapopoe oge hese. Aya impo ti sobatna, mun hayang hirup salieuk beh kudu tatapa ka Guha Pawon, leuwih jentrena taroskeun Ka Pa Haji Benny, anjeuna terangeun Harga Batre pikeun Telkom, tapi ari deuk tatapa mah nu apal teh Pa Oman, kitu impo ti sobatna.

Saminggu ti harita Bah Renggo geus andeprak bari Sila, panona peureum, ingetanana museur ka Eyang Guha Pawon. Keur husuna tatapa, jelengeng kana ceulina aya sora, tanpa rupa.

Eyang Guha Pawon : Hey manusa, pangna tapa teh hayang nyaon? (Sorana Handaruan)
Abah Renggo : Eu.. ieu.. nun, ho-ho.. hoyong, hoyong.. (nyaritana teu kebat, kaburu leungit pangacian)
Eyang Guha Pawon : Hayang naon andika teh? Geuwat beunta, teuteup beungeut kula!
Abah Renggo : Barang bray beunta, katembong huntuna ranggeteng, panona nolol pikagilaeun atuh dina nyarita teh sabulang bentor. Ieu hoyong Lumpat Nu tarik rengse nyarita, berebet lumpat bari bujur kokompodan. Kan hayang beungharmah sama sakali lat poho.


Disangka Ngado'a

Ceuk kolot mun lalajo wayang golek poma ulah balik mun ki dalang can cacap nutugkeun carita. Mun di pungpang atawa ngalanggar kana eta caritaan bakal dipegat ku sandekala.

Eta oge lain teu inget kana eta caritaan, balik soteh inget kana dagangan nu kudu diiderkeun ka pasar subuh-subuh. Matak Jang Usro maksakeun balik jam dua welas peuting dina tengah garapan dalang.

Mangkaning jalan sorangeun teh ngaliwatan leuweung gerotan, leumpangna digancangkeun, beuki deukeut ka leuweung, sora sasatoan beuki atra kadenge, manuk sit incuing, jeung koreak disada matak kukurayeun bulu punduk. Papadaning kitu Jang Usro ngawani-wani maneh, teu kanyahoan samemehna ana gajleng teh maung gede ngajleng ka hareupeun jajalaneun pisan. Arek lumpat pasti katewak, ngalawan lain lawaneun, pamustungan Jang Usro ngudupruk ngadunga. Aya sapuluh menit ngado'ana teh, tapi aneh eta Maung teu gep ngerekeb. Bakat ku atoh manehna sujud Syukur, tuluy nyarita :

Jang Usro : Nuhun gusti, sim abdi dipendakeun sareng maung soleh, ti batan ngerekeb abdi, katembong anjeuna ngadunga.
Maung : Enya bener pisan, kuring teh kaabus maung pang solehna, dimana kuring manggih hakaneun, saencana ngahakan sok ngado'a heula.

Ngadenge kitu jang Usro kapiuhan.Pasen Dokter Gigi 1

Saperti biasa drg. Reza unggal pasosore praktek ngubaran waos di panganjrekanana. Harita teh wanci asar, kabeneran pasen keur suwung, sabatae jongjon kutrat-kotret nyieun naskah drama, dokter gigi nu ieu mah sapopoena nyeniman.

Keur jongjon ngimpleng, kuruduk aya pasen ibu-ibu tengah tuwuh ngarana Ibu Elis, can oge dimanggakeun, gorolang nyarita mani nyoroscos:
"Dok! Ibu keur rusuh, 30 menit deui kedah tos aya di Bandara Khusen, bisa teu nyabut waos dua sakaligus dina waktos 5 menit? Wios teu dibius oge da pasti kiat." Nyaritana tatag taya karingrang.
"Mangga, cobi waos nu mana nu karaos teh?" Dokter Reza mariksa.
"Ieu waos pun lanceuk." Ngomong kituna bari nunjuk ka carogena.


Pasen Dokter Gigi 2

"Dok, kunaon sabada nganggo gigi palsu sok kumetap upami mendak tulang, pon kitu oge kana barang nu aya dipacilingan?" Ceuk Neng Odah ka dokter Budi dokter langganana.
"Tangtos bakal kitu, da nu dianggo ku Ibu didamelna tina waos gogog." Ngadenge kitu Neng Odah kapiuhan.


Pasen Dokter Gigi 3

"Dok naha anu nyeri waosna gugusi nu luhur,nu dicabutna bet jeung nu handap?" Gan Beny protes ka dokter gigi Reza.
"Punten..! Nu nyabut waos Bapa murangkalih sakola perawat nunuju praktek." Ngomongna kalem.  

sumber:sunda.net

No comments:

Post a Comment