Tuesday, January 29, 2013

RAJAH

Rajah nyaéta bagian bubuka atawa prolog dina carita pantun. Bagian rajah sok ditembangkeun ku juru pantun saméméh mangkat carita. Eusina mangrupa sanduk-sanduk lantaran rék ngamimitian mantun.
Nilik kana eusina, rajah téh lain mangrupa bagian tina carita. Tapi, sanajan kitu, mangrupa bagian penting dina carita pantun; mangrupa salah sahiji ciri utama anu ngabédakeun carita pantun jeung seni (sastra) séjénna.
Conto rajah
Bul kukus mendung ka mangung
ka mangung neda papayang,
ka déwata neda suka,
ka pohaci neda suci,
kuring rék diajar ngidung.
Nya ngidung carita pantun,
ngahudang carita wayang,
nyilokakeun nyukcruk laku,
nyukcruk laku nu bahayu,
mapay lampah nu baheula,
lulurung tujuh ngabandung,
kadalapan keur disorang,
bisina nerus narutus,
bisina narajang alas,
da puguh galuring tutur,
ngembat papatan carita,
ti mendi pipasinieun,
ti mana picaritaeun,
teuteureuh ti kahiyangan,
ditandéan cupu manik,
cupu manik astagina,
duturuban ku mandepun,
diteundeun di jalan gedé,
ditunda ku nu ngaliwat,
ku nu weruh di semuna,
ku nu terang bijaksana,
ku nu rancagé di angen,
dibuka patinghaleuang,
nu ménta dilakonkeun,
cag
teundeun di handeuleum sieum,
tunda di hanjuang siang,
paranti nyokot ninggalkeun.

Rujukan
  1. Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Spk., Kamus Istilah Tata Basa jeung Sastra Sunda, Pustaka Setia, Bandung, 1999



No comments:

Post a Comment