NGOLAH BEUSI
KU : MAMAT SASMITA
Beusi teh sabangsaning logam nu
teuas, bahan keur nyieun rupa-rupa parabot jeung bahan keur nyieun wawangunan
nu tohaga. Bahan keur beusi dihasilkeun ku alam pacampur jeung taneuh, sok
disebut siki beusi, sanggeus diolah kakara jadi beusi.
Thomas
Stamford Raffles dina bukuna The History of Java (tarjamah) nyebutkeun, euweuh deui
hasil industri nu kawilang alus keur ngagambarkeun kamajuan hiji bangsa salian
ti bisa ngokolakeun logam. Lamun teu wanoh jeung teu bisa ngokolakeun beusi
bakal hese ngamangpaatkeun sumber daya alam sabudeureunana. Cek Raffles keneh
penduduk nu aya di pulo Jawa, geus bisa ngamangpaatkeun beusi keur kaperluan
nyieun rupa-rupa parabot keur tani, keur nyieun pakarang jeung keur nyieun
rupa-rupa pakakas sejen.
Periodisasi dina prasajarah manusa,
aya nu disebut jaman parunggu jeung jaman beusi, cek H.R.van Heekeren mah
antara jaman parunggu jeung jaman beusi di Nusantara mah meh sajaman, kamampuh
ngolah logam di Nusantara meh aya di unggal tempat kaasup di Tatar Sunda.
Bukti arkeologis diantarana
kapanggih di Cibadak, Bogor, Bandung jeung ditempat sejenna.
Di
Karangkamulyan Ciamis kapanggih logam mangrupa kawat tambaga (Sudarti Prijono,
makalah). Di daerah Batujaya nu deukeut ka kompleks candi Batujaya kapanggih
sababaraha rupa logam diantarana tambaga jeung beusi (Agustijanto
Indradjaja, makalah).
Cek Henry Hodges (dina makalah
Sudarti Prijono) nyebutkeun ngolah logam sahenteuna aya lima tahap,
sangkan jadi logam nu kawilang alus nyaeta ngala siki beusi, mekprekan babatuan
nu ngandung siki beusi (logam) nepi ka jdi laleutik terus diberesihan tina
kokotor, ngalebur siki beusi nepi ka misah antara hampas (slag) jeung beusina,
hasil ngalebur siki beusi dicitak luyu jeung citakan nu dipikahayang,
panungtungna memeres hasil citakan (finishing).
Salian ti hasil panalungtikan para
arkeolog nu kapanggih dina wangun artefak beusi, kaweruh ngolah beusi ge
kapanggih dina carita pantun nyaeta dina carita Sulanjana atawa Sri Sadana,
dicaritakeun tina makam Jaka Sela jeung Jaka Pamor kaluar siki beusi, nu
saterusna urang Pajajaran bisa nyeiun paparabotan keur tatanen. Kitu deui tina
legenda Ciung Wanara, dicaritakeun Ciung Wanara bisa nyieun panjara tina beusi.
Dina
buku The History of Java, disebutkeun aya dalapan ratus ahli panday di
Pajajaran, dina mangsa Pajajaran runtuh eta panday nu dalapan ratus teh sumebar
ka sakuliah pulo Jawa. Dalapan ratus panday teh kawentar ku sesebutan
panday domas. Harti domas dina kamus Sunda-Inggris Jonathan Rigg mah nyeata dua
mas, sedengkeun harti mas teh opat ratus jadi domas boga harti dua kali opat
ratus.
Nu ahli ngolah logam hususna ngolah
beusi disebut panday. Kecap panday kapanggih dina naskah Sunda kuna
Sanghyang Siksakandang Karesian (1518) jeung Sanghyang Sasana Maha Guru nu
dianggap sajaman jeung naskah Sunda kuna Sanghyang Siksakandang Karesian. Kecap
panday masih keneh aya nepi ka kiwari, dilarapkeun ka nu sok ngolah beusi jadi
paparabotan atawa jadi pakarang. Pandayna (jalmana nu ngolah beusi) nepi ka kiwari
ge kawilang loba keneh, upamana di daerah Ciwidey, di Galonggong Tasikmalaya,
di Sumedang, di Subang, di Sukabumi, di Banten jeung di lain tempat sejenna.
Carana ngolah beusi tangtu teu mencog jauh jeung nu didadarkeun ku Henry Hodges
diluhur.
Ngan
panday bihari jeung panday kiwari aya bedana, ari pandaya bihari mah bahan
utamana tina siki beusi meunang ngala sorangan, sedengkeun panday kiwari mah
migawena nyieun parabot atawa pakarang teh tina beusi nu geus jadi, upamana
tina beusi per mobil. Tangtu we pagaweanana leuwih hese panday bihari sabab
kudu nglebur heula siki beusi nepi ka jadi beusi kakara dijieun parabot atawa
pakarang.
Sangkan wilah pakarang kacirina alus
sok make pamor, di Galonggong disebutna balik mipih, di Sukabumi disebut
hajaran, ari di Banten mah disebut sulangkar. Sabenerna pamor dina waktu neupa
dicampur ku logam sejen jeung carana neupa sok dilipet-lipet aya kana puluhna
balikan, nepi ka hasilan dina wilah teh siga aya udat-udatan nu ngahiji jeung
beusina. Di dunya internasional mah disebutna Damask Steel.
Rupa-rupa
parabot jeung pakarang hasil neupa disebut dina naskah Sunda kuna Sanghyang
Siksakandang Karesian nyaeta : pedang, abet, pamuk, golok, peso teundeut, keris
dipakena ku raja. Kujang, baliung, patik, kored, peso sadap dipake ku
tukang tatanen. Kala katri, peso raut, peso dongdang, pangot, pakisi dipakena
ku resi.
Ngaran pakakas panday.
Gosali, tempat digawena panday.
Piruruhan, tempat ngahurungkeun seuneu keur
meuleum beusi, rajeun disebut parapen. Aya nu nyebut harti piruruhan teh tempat
keur ngadudurk runtah.
Kowi, wadah keur ngalebur beusi.
Ububan, paranti niup parapen sangkan seuneuna
tetep hurung. Ububan biasana dijieun tina tangkal jambe nu dikorowek dipiceun
jeroanana, panjangna kira-kira satangtung, dijieun siga kopa, hawana keur
nyebrot kana parapen. Aya deui nu make lambusan, nyaeta kantong hawa dijieun
tina kulit domba, hawana disebrotkeun kana parapen, sangkan seuneuna tetep
hurung. Lambusan tukang patri mah dijieun siga kipas angin, diputerkeun ku
leungeun, siga kincir.
Paron, sisinggel tina waja, pikeun
dadasar panday neupa beusi.
Capit, keur nyapit beusi panas ambeh
babari dibulak-balik.
Palu, aya palu gede jeung palu leutik,
gunana keur neupa beusi panas.
Cangkorah, tempat cai nu rada gede keur
nyipuh beusi.
Kaayeunakeun parabot panday
ditambahan ku kikir jeung gurinda.
Ngaran kaahlian ngolah logam
Gending, tukang nyieun parabot tina
kuningan, hususna parabot keur tatabeuhan (gamelan).
Kamasan, tukang nyieun perhiasan tina emas
atawa perak.
Maranggi, tukang ngawatangan jeung
nyarangkaan keris atawa bedog.
Paledang, tukang nyieun parabot dapur tina
kaleng, tambaga atawa kuningan.
Panday, tukang nyeiun parabot tina beusi
atawa waja.
Kecap nu aya kaitanana jeung logam.
Waja, purasani (beusi magnet),
malela, beusi, wesi, cundiga,salaka (perak), tambaga sukla
Ngaran tempat
Gunung Papandayan, Kandang Wesi
Garut, Cibeusi jalan cagak Subang, Cibeusi Jatinangor Sumedang, Cikeris
Purwakarta, Cikujang Subang, Cigosali wanayasa Purwakarta, Cipanday Subang,
Cigobang Waled Cirebon, Pasir Cigobang Karawang, Cangkorah Padalarang,
Cipeso Cijulang.
Sumber Bacaan :
- Indonesian Heritage, Ancient
History, Grolier, 1996.
- Carita Pantun Sri Sadana atau
Sulanjana, Ajip Rosidi, 1970
- Kamus Sunda RA.Danadibrata, Kiblat,
2006
- Kamus Sunda LBSS, Geger Sunten, 2007
- The History of Java, Thomas Stamford
Raffles, tarjamah, Narasi 2008
- Agustijanto Indradjaja, makalah,
Pemukiman Kuno di pantai Utara Jawa Barat/ Tinjauan Terhadap Hasil penelitian
Arkeologi di Situs Batujaya dan sekitarnya, Balar Bandung, 2010.
- Sudarti Prijono, makalah, Analisis
Artefak Logam dari Situs Karangkamulyan Ciamis Jabar,IAAG Jabar, 1998.
Haturan kang,
ReplyDeleteAbdi ngiring "ngutip" perkawis gosali.
Haturnuhun ;)