GAYA
BASA DINA BASA SUNDA
Dina basa Sunda nu jembar ku basa,ngabogaan GAYA BASA SUNDA (GBS) nya eta :
1.GBS Ngumpamakeun ( Simile)
Nyaeta ungkara nu ngabandingkeun hiji barang sejen nu sipatna nembrak.
GBS Ngupamakeun sok ngagunakeun kecap babandingan : asa,cara,siga,kawas ,lir,jeung ibarat.
2.GBS Lalandian ( Metafora)
Nyaeta sesebutan khusus anu dilarapkeun ka jalma atawa kana barang nu diluyukeun jeung kaayaan barang,jalma atawa tempat anu dilandina.
3.GBS Mijalma (Personifikasi)
Nyaeta ungkara nu mapandekeun hiji barang,tatangkalan atawa sasatoan milampah pagawean kawas manusa.Maksud digunakeun GBS Mijalma pikeun ngantebkeun harti jeung rasa basa anu dikandung ku hiji kalimah.Biasana mindeng kapanggih dina karangan sastra.
4.GBS Ngasor (Litotes)
Ungkara nu ngahandapkeun kaayaan diri sorangan.Maksudna ngarah nu nyarita henteu katembong agul/sombong atawa hayang ngajenan kanu diajak nyarita.
5.GBS Ocon (Metonimia)
Ungkara nu ngagunakeun hiji kecap pikeun ngebrehkeun hubungan hiji barang jeung barang sejen lantaran miboga hubungan nu kawilang raket.
6.GBS Sindir (Alegori)
Ungkara nu eusina sindir(teu togmol)Maksudna ngarah nu diajak nyarita henteu eraeun /ambek.GBS Sindir aya tilu bagian :
a.Ironi
b.Sinisme
c. Sarkasmeu
7.GBS Rautan ( Eufimisme)
Ungkara nu ngalemeskeun kecap ngarah kadengena sopan ku jalma nu diajak nyarita.
8.GBS Rarahulan(Hiperbola)
Ungkara nu ngagunakeun kecap nu karasana kaleuleuwihi,rahul atawa bohong.Ilaharna digunakeun pikeun ngagambarkeun kaayaan sangkan leuwih anteb.
9.GBS Kadalon ( Pleonasme)
Ungkara nu karasana kaleuwihan teuing ngagunakeun kecap.
10.GBS Raguman (Sinekdoke)
Ungkara nu ngebrehkeunrupa-rupa hal anu dihijikeun atawa di disabeungkeutkeun.GBS Raguman aya dua :
a.Hurunan (totem pro parte)
b.Tunggalan (pars pro toto)

No comments:
Post a Comment