SISINDIRAN
Sisindiran téh diwangun ku rarakitan,
paparikan, jeung wawangsalan. Dumasar kana eusina, rarakitan jeung paparikan
diwangun ku tilu golongan nyaéta piwuruk, silih asih, jeung sésébréd.
1.
PAPARIKAN
Paparikan
a.
Paparikan
téh diwangun ku cangkang jeung eusi. Lobana cangkang sarua jeung eusi, umumna paparikan diwangun ku opat jajar.
Jajaran kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, ari padalisan katilu jeung kaopat
mangrupa eusina.
b.
Unggal
padalisan diwangun ku dalapan engang.
c.
Nu matak
disebut paparikan, ku lantaran padeukeut sorana antara cangkang padalisan kahiji
padeukeut sorana (murwakanti) jeung padalisan padalisan katilu eusi. conto:
Samping hideung dina bilik
Kumaha nuhurkeunana
Abdi nineung ka nu balik
Kumaha
nuturkeunana
d. Antara cangkang jeung eusi, sarua
sorana (murwakarti) di bagian tuntung.
1. PAPARIKAN
a. Piwuruk b.
Sésébréd
Ulah madep
mayun pager Daun
pulus dina gelas
Nyandak botol
nyandak bola Dipasangan
kikinciran
Lamun hidep
hayang pinter Henteu
tulus naék kelas
Kudu getol ka
sakola Beurang
peuting kapikiran
c. Silihasih
Samping hideung
dina bilik Meuncit
meri dina rakit
Kumaha
nuhurkeunana Boboko
wadah bakatul
Abdi nineung ka
nu balik Lain
nyeri ku panyakit
Kumaha
nuturkeunana Kabogoh
direbut batur
2.
Rarakitan
a.
Rarakitan
diwangun ku cangkang jeung eusi. Lobana cangkang sarua jeung eusi, umumna rarakitan diwangun ku opat jajar.
Jajaran kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, ari padalisan katilu jeung kaopat
mangrupa eusina.
b.
Unggal
padalisan diwangun ku dalapan engang.
c.
Nu matak
disebut rarakitan, ku lantaran kecap awal dina padalisan kahiji cangkang, sarua
jeung kecap awal dina padalisan katilu eusi, conto:
Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun
urat
Sing getol néangan élmu
Nu guna dunya ahérat
Kecap sing dina jajaran kahiji dipindo
deui dina padalisan katilu.
d.
Antara
cangkang jeung eusi, sarua sorana (murwakarti) di bagian tuntung.
a. Piwuruk
Sing getol nginum jajamu Lamun
hidep tumpak béca
Nu guna nguatkeun urat Tangtu bisa naék pager
Sing getol néangan élmu Lamun
hidep getol maca
Nu guna dunya ahérat Tangtu jadi jalma pinter
b. Sésébréd
Majar manéh cengkéh konéng Rarasaan
melak cau
Kulit peuteuy dina nyiru Teu
nyaho mun melak jahé
Majar manéh lengkéh konéng Rarasaan
matak lucu
Kulit beuteung mani nambru Teu
nyaho mun matak réhé
c. Silihasih
Sapanjang jalan Soréang Mun
teu tulus ka paseukna
Moal weléh diaspalan Ka pancirna ogé hadé
Sapanjang tacan kasorang Mun
teu tulus ka lanceukna
Moal weléh diakalan Ka
adina ogé hadé
3. Wawangsalan
a.
Wawangsalan téh dina sapadana diwangun ku dua
padalisan. Sapadalisan cangkang, jeung sapadalisan eusi.
b.
Unggal padalisan diwangun ku dalapan engang.
c.
Bagian cangkang mangrupa katerangan ngeunaan hiji
barang atawa hal. Éta barang téh kudu ditéangan tina salah sahiji kecap nu
sasora nu aya dina bagian cangkang.
d.
Dina seuhseuhanana mah, wawangsalan téh teu beda
jeung tatarucingan atawa teteguhan
Belut sisit saba darat Aya
nu dianjing cai
Kapiraray siang wengi Aya nu dihéroan
Wangsalna: Oray Wangsalna:
Séro
Geus jadi sabiwir hiji Kendang
gedé pakauman
Jadi pangaleman jalma Dag-dig-dug rasaning ati
Wangsalna: Balem Wangsalna:
Bedug
No comments:
Post a Comment