Ku Mang Jamal
Loba beja yen urang Sunda teu boga ciri
arsitektur nu mandiri. Mun ngulampreng ka Taman Mini, di anjungan Jawa
Barat nu aya teh imah tembok nu cenah model Cirebon. Model imah nu
ngaharib-harib arsitektur kolonial, nyaeta nu make potongan model
wangunan Walanda di urang.
Sigana harita panitia ti Jawa Barat teu
percaya diri pikeun nembongkeun imah Sunda antik nu masih aya keneh
dikieuna cara di Kampung Kuta Ciamis, Kampung Naga Tasikmalaya, Kampun
Pulo jeung Dukuh di Garut, kasepuhan Ciptagelar Sukabumi, desa Kanekes
(Baduy) Lewidamar Lebak Banten jeung di kampung adat Sunda sejena. Imah
tradisional Sunda memang katembong basajan pisan, teu cara arsitektur
imah adat seler sejen nu pinuh hiasan ukiran warna warni.
Padahal
ku rupa nu basajan kitu salian nembongkeun kaaslian oge netelakeun soal
umur peradaban. Beuki basajan bisa jadi ciri umur hiji peradaban manusa
beuki kolot. Cek si cenah, imah Sunda nu umumna mangrupa imah panggung
mangrupakeun warisan ngahuma nu sok punduh-pindah tea. Ayeuna urang
Baduy geus netep di desa Kanekes, tapi ari humana mah masih
punduh-pindah.
Disebut euweuh sigana pedah teu aya hiji model nu
bisa jadi wawakil ciri arsitektur imah tradisional Sunda. Imah Sunda, ku
cara nempo ka kampung-kampung adat netelakeun ayana varian atawa rupa
nu di unggal lembur beda, sanajan masih aya keneh saruana. Sangkan
tulisan ieu siga enya, urang make teori bule.
Numutkeun John Walker dina buku History of Design & Design History (1989),Karl
Popper jeung E.H. Gombrich, teuing saha eta jelema teh,nyieun teori
deterministik (hukum alam) nu disebutna logika situasi (Situational Logic) yen sanajan manusa diwatesan ku waktu, tempat jeung kaayaan, masih bisa nembongkeun kabisa pikeun nyiptakeun tujuan
sejen.
Umumna kaayaan alam cara iklim jeung geografi mere pangaruh gede dina
ngembangkeun arsitektur vernakular. Sedeng James Fitch jeung Daniel
Branch netelakeun teorina yen nu nangtukeun arsitektur di masyarakat
tradisional nyaeta lingkungan. Cara urang Eskimo di kutub kaler, indian
di Amerika nu gumantung kana matrial alam nu aya di
sabudeureunana.
Salju pikeun urang Eskimo, kulit sato jeung dahan tatangkalan pikeun
urang Indian, mangrupa matrial utama pikeun imah maranehna. Nya urang
Sunda oge make matrial nu aya di sabudeureunana. Matrial nu loba dipake
pikeun imah di kampung adat utamana awi jeung kai pikeun rangka, kiray
atawa injuk pikuen suhunan.
Sangkan bisa hirup langgeng di hiji
tempat, manusa kudu nyieun imah ku matrial nu luyu jeung kaayaan iklim
tempatna matuh. Salian faktor alam, pola hirup oge mere pangaruh rupa
kana cara manusa nyieun paimahan. Cara masyarakat ngahuma nu sok
pipindahan nyieun imah beda jeung masarakat sawah. Masarakat nu sok
mindeng perang jeung suku sejen nyieun imah model benteng. Arsitektur
tradisional atawa beh dieu disebut oge arsitektur vernakular mangrupa
hasil kaarifan lokal nu geus lumangsung mangabad-abad.
Genep Teori Arsitektur Tradisional
Victor Papanek dina bukuna, The Green Imperative, Ecology and Ethics in Design and Architecture (1995) netelakeun yen arsitektur vernakular
(sarimbag jeung arsitektur tradisional) dumasar kana pangaweruh praktis
jeung teknik tradisional nu biasana diwangun ku sorangan dibantu ku
tatangga atawa baraya jeung tukang bas ti lembur eta.
Masing-masing
nembongkeun pangabisa nu pangpunjulna. Struktur imah tradisional umumna
gampang kaharti jeung gampang ditalungtikna. Matrial nu dipake
kalolobana matrial alam nu aya ti sabudeureun lembur.
Terusna,
Papanek nyieun genep teori ngeunaan arsitektur tradisional. Kahiji
disebutna teori metodologi atawa tata cara. Tina soal rupa jeung matrial
nu dipake, imah tradisional teh mangrupakeun solusi nu pas ditenjo tina
segi ekologi dina harti cocog jeung kaayaan iklim, lingkungan jeung
hirup masarakatna. Imah-imah tradisional teu nonjolkeun karep tapi
nyaluyukeun diri jeung lingkungan alam oge imah-imah sabudeureunana.
Tina soal ukuran, biasana imah tradisional make skala manusiawi, proses
ngawangun imah sarua pentingna jeung hasil ahirna.
Dina make
metode atawa cara, arsitektur tradisional mangrupakeun gabungan ti
matrial, alat jeung proses. Imah-imah Sunda tradisional make matrial nu
masing-masing boga ciri nu mandiri jeung make alat nu husus dina
ngolahna saluyu jeung sipat matrial jeung kamampu alat. Cara
masing-masing jinis awi dipake pikeun bagean imah dumasar sipat
kakuatanana jeung ukuranana. Aya awi nu dipake dina rupa golondongan
cara pikeun kaso, aya nu dibeulah heula pikeun ereng, aya nu diratakeun
pikeun lantey cara awi gombong pikeun palupuh, awi tali dianyam
dijadikeun bilik jeung saterusna.
Kadua, teori dispersi jeung
konvergensi. Dispersi asana mah hartina nyebar. Model imah tradisional
Sunda nyebar sa tatar Sunda bari mawa ciri nu mandiri di unggal tempat.
Imah di Kampung Kuta Ciamis nepi ka Baduy, sarua panggung. Kitu deui
dindingna sarua make bilik, suhunan make kiray jeung injuk. Konvergensi
maksudna yen di hiji kondisi geografi jeung iklim model dasar imah make
pola desain nu sarua. Sanajan jarakna ratusan kilometer, rupa dasar imah
di Kampung Kuta di Ciamis jeung imah Baduy di kulon boga ciri nu sarua
nyaeta panggung jeung make matrial nu sarua nyaeta nu aya di lingkungan
nu memang sarua. Kasang tukang budaya jeung katurunan nu sarua, oge
pangaruh kaayaan alam jeung iklim, mere pangaruh utama.
Katilu,
teori evolusi, nyaeta sanajan arsitektur tradisional ngakar kana
niley-niley tradisional, nyimbolkeun lumangsungna niley eta di
masarakat, katembong ayana parobahan sanajan robahna laun. Contona mah
di Kampung Kuta Ciamis atawa kampung Naga Tasik. Cara jandela geus make
kaca, oge di Kampung Kuta dinding geus dicet, matrial pabrik kayaning
triplek jeung seng oge amparan tina plastik (vinil) geus dipake.
Parobahan ieu angger dumasar kana aturan adat, naon nu bisa dirobah naon
nu henteu.
Kaopat, teori lingkungan sosial, nyaeta imah
tradisional nembongkeun pangabutuh masarakat jeung kamasarakatan.
Maksudna, imah tradisional mah estuning hasil kahayang nu rek ngeusina.
Beda jeung wangunan beunang arsitek utamana wangunan komersil cara bank,
mal, kantor jeung pabrik. Imah di Kampung Kuta jeung Baduy diatur
salian ku kabutuhan oge disaluyukeun jeung imah-imah nu geus aya. Salah
salima sarat nyieun imah di Baduy cenah ulah nepi ka tatangga ngarasa
serab.
Kalima, teori budaya, nyaeta wangunan tradisional
dipangaruhan ku budaya masarakat satempat utamana dina tata cara
ngawangun imah. Nyieun imah ditangtukeun ku itungan poe naon ngawangun,
upacara naon nu kudu dilakukeun dina ngamimitian nyieun imah, aturan
nyanghareup kamana, lokasi, jeung sabangsana.
Kagenep, teori
estetika formal, yen estetika arsitektur tradisioal beda ti karya
arsitek. Karya arsitek biasana nonjolkeun niley artistik individu si
arsitekna. Ari imah tradisional mah nonjolkeun niley estetika
masarakatna. Teu nembongkeun kahebatan kreatipitas arsitek,tapi
kreatipitas komunal.
versi citak dimuat di majalah basa Sunda Cupumanik Desember 2010
No comments:
Post a Comment