Babad Sukamulya-Kuningan
Sateuacana taun 1740, aya hiji lembur katelah Cantilan, kalebet wilayah pamaréntahan dayeuh Cigadung. Cantilan ngagaduhan
kahayong ngatur pamaréntahan sorangan. Alesanana élmu-élmu anu dipiboga ku tokoh-tokoh masarakat di dayeuh Cigadung sarua jeung
anu dipiboga ku urang Cantilan.
Dina hiji waktu aya kajadian:
Di dayeuh Cigadung aya acara hajatan, di
antarana tokoh eta ngundang ka tokoh-tokoh Cantilan. Kusabab datangna telat
dahareun anu dihidangkeun kanggo para tamu ti Cantilan robah wujudna janten
sadaya aratah deui, ku tina saktina tokoh dayeuh Cigadung. Bakakak hayam jago
robah jadi hirup deui nepi bisa kongkorongok deui, komo deui dahareun anu
sejena tina sayuran jadi aratah deui.
Masih nuju hajatan di dayeuh Cigadung,
tokoh ti Cantilan ngahadiranana teh mawa lisung ahéng anu teu asup
akal. Kaahéngan éta lisung téh bisa leumpang sorangan diiringkeun ku tokoh-tokoh nu badé ngahadiran hajatan, éta lisung teh
haluna diaradu nepikeun ka patingburicak
ngaluarkeun seuneu. Atuh di pasamoan téh mani ribut
tingkocéak sarieuneun kahuruan.
Tah kitu geuning kasaktén karuhun baheula mah meni arahéng.
Sabalikna ti éta, basa di Cantilan aya
hajatan, tokoh anu ti dayeuh diondang ogé. Béwara ondangan nepi ka 3 kali tacan datang kénéh baé. Kusabab urang Cantilan keuheuleun nu diondang teu datang baé, urang Cantilan teh ngutus deui salah saurang tokoh, kakara maranéhna daratang.
Kusabab asa dihina, tokoh masyarakat
Cantilan hayang némbongkeun élmu anu dipibogana. Waktos tamu masih di perjalanan kénéh, pribumi meuncit munding. Waktos para ondangan daratang
munding teh keur disisit, para tamu dipiwarang caralik heula di balandongan. Nembé ogé para tamu caralik dadak sakala éta munding téh hirup deui, terus ngubrak-ngabrik tamu anu nuju caralik. Geus pasti
nimbulkeun kaributan jeung papaséaan. Nu ngabalukarkeun éta kampung jadi
panas. Ti harita kampung éta katelah jadi
kampung Cipanas.
Dina tahun 1980 Cipanas digentos namina
janten “Sukamulya”.
Kacatur jaman baheula aya dua jalma adi lancek. Nu cikal ngarana Jana, ari nu bungsu Jani.
Ki Jana ka asup jelema benghar, lega sawah lega kebon. Tapi koret, tara barang bere jeung tutulung. Tapi Ki Jani mah bari jeung miskin oge ari boga rejeki teh sok mere kanu butuh.
Hiji poe Ki Jani nginjem beas ka Ki Jana tapi manan dibere malah dicarekan. Untung pamajikan Ki Jana karunyaeun. Susulumputan ti salakina mere beas ka Ki Jani sacangkir jeung lauk asin. Bari nalangsa Ki Jani balik ditengah jalan aprok jeung aki-aki awakna begang lempangna rumanggieung atu karunyaeun diajakan ka imahna. Nepi imah beas dibubur saenggeus asak didalahar bareng.
Isuk-isuk keneh aki-aki teh geus pamitan. Memeh indit aki-akit eh mere jiman ka Ki Jani mangrupa lilisungan jeung haluna tina perak. “Naon wae anu dipikahyang ku ujang, sebutkeun wae bari nyebut Tutu! Tutu! Tutu!’tilu kali,” ca kaki-aki teh, engke tangtu haluna nutu sorangan, sarta anu dipikahayang kaluar tina jero lisung. Ngereunkeunana lisung kudu dibere taneuh saetik.
Gancangna carita Ki Jani geus benghar, tapi tetep resep ngabantu jeung tutulung kanu susah.
Barang Ki Jana ngadenge adina beunghar manehna siri , bari boga niat jahat hayang miboga jimat eta. Hiji peuting Ki Jana datang Ka Jani, ku Ki Jani dicaritekeun kabeh ka Ki Jana carana make lisung. Terus dibawa minggat ku lanceukna ka alas pentas. Mangsa dina kapal geus eweuh uyah Ki Jana menta kalisung uyah kaluar uyah teh teu ereun-ereun, Ki Jana poho teu mawa taneuh. Nepi ka kapalna kelebuh teleum. Ti harita cai laut jadi asin.
Rincian Dongeng:
- Judulna : Cai Laut Asin
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Dua urang adi lanceuk: lanceukna Ki Jana, Adina Ki Jani.
- Watek palakuna :
Ki Jana = Sarakar, koret, embung tutulung kanu susah.
Ki Jani = Bageur, berehan, daek tutulung kanu susah.
- Tempat/latar : Jaman baheula di hiji lembur.
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma ulah koret jeung jahat, siga Ki Jana anu tung-tungna bakal cilaka. Kudu kos Ki Jani bageur sok daek nulungan batur, hirupna jadi senang tur tentrem.
Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.
Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah.
Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh. Gagak teh hiber kuorang diobrot, gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .
Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, “mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?”
Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, “Engga, gaaaa!”
Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!
Rincian Dongeng:
- Judulna : Gagak Jadi Hideung
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Gagak jeung Oray Sanca
- Watek palakuna :
Gagak = Badeur, sok daek nyopet, te bisa digenggereuhkeun.
Oray Sanca = Getol, daek usaha, rajin.
- Tempat/latar : Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari jadi jalma teh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah kos sakadang Oray Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing embung gawe.
Dimuat ku Dendi Rustandi dina Maret 23, 2010
Nénjo di imah Pa Tani euweuh sasaha, kira-kira wanci sareupna, Sakadang
Monyét turun tina tangkal asem. Tuluy nyampeurkeun ka Sakadang Kuya anu keur
dikurungan ku ranggap. Maksudna mah arék mupuas ka Sakadang Kuya.
Tapi, barang tepi ka buruan imah Pa Tani, Sakadang Monyét kacida kagétna.
Ari sababna, Sakadang Kuya téh katémbong jiga anu bungah pisan. Malah maké
jeung hahariringan sagala. Teu tulus arék mupuas téh.
“Aya naon Sakadang Kuya, katémbongna téh bet bungah-bungah teuing?”
Sakadang Monyét nanya.
“Ih, atuda rék teu bungah kumaha. Isukan téh uing rék dikawinkeun ka
anakna Pa Tani?”
“Rék dikawinkeun?”
“Enya, rék dikawinkeun!”
“Ka anakna Pa Tani?”
“Enya, ka anakna Pa Tani anu geulis téa geuning. Awakna lenjang, buukna
panjang, deuh … sugan mah,” ceuk Sakadang Kuya bari pepeta, metakeun awéwé
geulis.
Sakadang Monyét ngahuleng teu percaya.
“Ah, piraku?”
“Maenya teu percaya kénéh baé, sakitu jelas tanda-tandana. Ayeuna téh Ambu
Tani jeung anakna keur ka pasar, rék balanja keur olah-olah hajat isukan. Ari
Pa Tani keur néang lebé,” ceuk Sakadang Kuya, kalem.
“Paingan atuh tadi arindit,” ceuk Sakadang Monyét. “Alus milik Sakadang
Kuya mah.”
Sakadang Kuya teu némbal, kalah terus hahariringan.
Sanggeus ngahuleng salila-lila, pok Sakadang Monyét nyarita lemah-lembut,
“Kieu Sakadang Kuya, urang téh asa lain sapoé dua poé sosobatan téh, nya.”
“Enya, ari kitu?”
“Kumaha upama urang hilian baé. Uing anu dikurungan, Sakadang Kuya di
luar. Hartina Sakadang Kuya bisa bébas, rék balik ka imah heug, atuh rék cicing
baé di dieu teu nanaon,” ceuk Sakadang Monyét.
“Upama kitu mah anu dikawinkeunana gé meureun anjeun, nya? Ih, embung
teuing ari kitu mah! Anak Pa Tani téa, keur geulis téh bageur deuih,” témbal
Sakadang Kuya.
“Emh, Sakadang Kuya mah kawas lain ka sobat baé. Uing ogé hayang atuh
ngarasakeun kabagjaan saperti anjeun ayeuna,” ceuk Sakadang Monyét ngarenghik.
Sakadang Kuya keukeuh embung, Sakadang Monyét keukeuh hayang. Lila
pakeukeuh-keukeuh. Antukna mah Sakadang Kuya téh ngomong, “Nya atuh ari
hayang-hayang teuing mah, Sakadang Monyét, heug baé. Ngan saméméh anjeun asup
kana ranggap, alungkeun heula uing ka leuwi. Lain ku nanaon, bisi anakna Pa
Tani kuciwa, da geuning katénjona mah bogoheun pisan ka uing téh. Emh, pileuleuyan,
Nyai, lain Akang teu bogoh, ngan ieu mah bakating ku béla ka nu jadi sobat wé.”
Ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyét kacida bungahna. Teu
talangké deui, Sakadang Kuya dikaluarkeun tina ranggap, tuluy dipanggul,
rigidig dibawa lumpat ka leuwi. Nepi ka leuwi, lung baé Sakadang Kuya
dialungkeun. Manéhna gura-giru balik deui ka imah Pa Tani. Sup kana ranggap,
ngurungan manéh di pipir imah Pa Tani.
Bada magrib anu geus ti pasar téh kakara baralik. Teu lila, Pa Tani ogé
datang. Langsung arasup ka imah, teu ulak-ilik heula kana ranggap, anu eusina
geus lain Sakadang Kuya, tapi Sakadang Monyét.
Isukna, isuk-isuk pisan Pa Tani geus kaluar ti imahna.
“Nyai, pangmawakeun bedog ka dieu, urang meuncit kuya téa!” ceuk Pa Tani
ka anakna.
Gebeg, Sakadang Monyét kacida kagétna ngadéngé omongan Pa Tani kitu téh.
Geuning Sakadang Kuya téh rék dipeuncit, lain rék dikawinkeun, boro ku aing
digenténan, ceuk pikirna.
“Bisi mintul mah asah heula bapana,” ceuk Ambu Tani.
“Heug, ka dieukeun atuh batu asahanana!”
Teu lila gesruk-gesruk kadéngé anu ngasah bedog. Karasana ku Sakadang
Monyét mah meni geus asa gérésél-gérésél baé éta bedog téh kana beuheungna.
Manéhna manggih akal, tuluy baé papaéhan. Awakna dijegerkeun.
Torojol anak Pa Tani ka dinya. Ngilikan ranggap, ngilikan eusina. Kagét,
pédah eusina lain kuya, tapi monyét.
“Bapa, geuning kuya téh euweuh!” anak Pa Tani ngagorowok.
“Naon Nyai, kuya euweuh?” ceuk Pa Tani bari nyampeurkeun.
“Aya ogé monyét, geus paéh deuih. Tuh, awakna ogé mani jeger!”
“Heueuh geuning!” ceuk Pa Tani bari mukakeun ranggap. Monyét dicokot.
Tuluy dibalangkeun sataker tanaga. Barang keuna kana taneuh, Sakadang Monyét
hudang, berebet lumpat tarik pisan, asup ka jero leuweung. Kalacat baé naék
kana tangkal anu jangkung.
Pa Tani jeung anakna bati olohok.
Dimuat ku Dendi Rustandi dina Agustus 7, 2009
Isuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya
éta Sakadang Monyét.
“Sakadang Kuya!” Sakadang Monyét ngageroan.
“Kuk!” Témbal Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
Sakadang Monyét nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Keur naon Sakadang Kuya?”
“Ah keur kieu wé, keur moyan.”
“Ti batan cicing kitu mah mending ngala cabé, yu!”
“Di mana?”
“Di kebon Patani, mangka cabéna geus bareureum.”
“Embung, ah. Sakadang monyét mah sok gandéng.”
“Moal, moal gandéng ayeuna mah.”
“Nyaan moal gandéng?”
“Moal, nyaan moal gandéng.”
“Hayu atuh ari moal gandéng mah.”
Bring atuh Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya téh indit ka kebon patani.
Barang tepi ka kebon, katémbong cabé pelak patani geus arasak mani bareureum
euceuy. Sup duanana ka kebon. Sakadang Kuya moncor kana pager, ari Sakadang
Monyét ngaluncatan pager. Terus baé ngaralaan cabé, didalahar di dinya kénéh.
Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah baé ladaeun. Kitu deui sakadang monyét.
Keur kitu, ana gorowok téh Sakadang Monyét ngagorowok.
“Seuhah lata-lata!” Maksudna mah “seuhah lada-lada”.
“Ssst, Sakadang Monyét, ulah gandéng atuh!”
Sakadang Monyét henteu ngawaro.
“Seuhah lata-lata!”
“Sakadang Monyét! Bisi kadéngéeun ku Bapa Tani.”
Tapi Sakadang Monyét api-api teu ngadéngé. Gorowok deui baé.
“Seuhah lata-lata!”
Kahariwang Sakadang Kuya kabuktian. Sora Sakadang Monyét anu tarik
kadéngéeun ku Bapa Tani ti imahna, anu teu jauh ti kebonna. Bapa Tani gura-giru
lumpat ka kebon. Barang nepi ka kebon, katémbong aya monyét jeung kuya keur
ngaweswes bari seuhah ngadaharan cabé.
“Beunang siah nu sok malingan cabé téh!” Bapa Tani ngagorowok bari lumpat
muru ka nu keur ngahakanan cabé.
Ngadéngé aya nu ngagebah, gajleng baé Sakadang Monyét ngejat, térékél kana
tangkal kai.
“Sakadang Monyét, dagoan!” Sakadang Kuya ngagorowok ménta tulung. Tapi
Sakadang Monyét teu maliré, teu ngalieuk-ngalieuk acan, terus lumpat
gagalacangan dina tangkal kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da teu bisa lumpat,
leumpang ngadédod baé. Kerewek baé ditéwak ku Bapa Tani.
“Beunang ayeuna mah nu sok malingan cabé aing téh. Ku aing dipeuncit!”
Ceuk Bapa Tani.
Kuya dibawa ka imahna, tuluy dikurungan ku kurung hayam. Angkanan Pa Tani,
isukan kuya rék dipeuncit.
Peutingna, sakadang Monyét rerencepan ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu keur
cendekul dina jero kurung.
“Ssst, Sakadang Kuya, keur naon?” Sakadang Monyét nanya.
“Éh, geuning Sakadang Monyét, Puguh kuring téh keur ngararasakeun
kabungah.”
“Kabungah naon Sakadang Kuya?”
“Nya éta, kuring téh rék dikawinkeun ka anak Bapa Tani.”
“Dikawinkeun ka anak Bapa Tani?”
“Enya.”
”Nu bener Sakadang Kuya?”
“Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.”
“Ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyét ngahuleng
sajongjongan.
“Kieu, Sakadang Kuya, kumaha lamun urang tukeur tempat?” ceuk Sakadang
Monyét.
“Tukeur tempat kumaha?”
“Enya tukeur tempat. Sakadang kuya kaluar, kajeun kuring atuh cicing di
jero kurung.”
“Ah, embung.”
“Kuring mah karunya wé ka Sakadang Kuya, sapeupeuting dikurungan.”
“Atuh meureun moal jadi dikawinkeun ka anak Bapa Tani téh.”
Sakadang monyet keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna sakadang kuya
téh éléh déét.
“Heug baé tukeur tempat, tapi aya saratna,” ceuk Sakadang Kuya.
“Naon saratna?”
“Saratna mah gampang. Saméméh anjeun asup kana kurung, kuring kudu di
alungkeun heula ka leuwi.”
“Enya, énténg atuh kitu mah.”
Heunteu talangké, Sakadang Monyét ngaluarkeun Sakadang Kuya tina kurung
hayam, tuluy dibawa kasisi leuwi. Lung baé Sakadang Kuya téh dialungkeun ka
leuwi. Sakadang Monyét buru-buru balik deui ka imah Bapa Tani. Sup baé
ngurungan manéh ku kurung hayam. Ngadedempés ngadago-dago beurang, hayang geura
buru-buru dikawinkeun ka anak Bapa Tani.
Kocapkeun isukna.
“Manéhna, ka mana bedog téh? Urang asah,” ceuk Bapa Tani ka pamajikanana.
“Rék naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?”
“Itu urang meuncit kuya di pipir.”
Paguneman Bapa Tani jeung pamajikanana téh kadéngéeun ku Sakadang Monyét.
Manéhna ngagebeg. Lakadalah, geuning aing téh rék dipeuncit, lain rék
dikawinkeun jeung anak Bapa Tani. Rék kabur, geus kagok. Kaburu aya anak Bapa
Tani nyampeurkeun. Gancang baé atuh Sakadang Monyét téh papaéhan, ngabugigag
kawas bangké.
Barang srog ka dinya, anak Bapa Tani gegeroan ka bapana.
“Bapa! Bapa!”
“Aya naon, Nyai?”
“Ieu geuning nu dina kurung téh lain kuya.”
“Naon Nyai?”
“Monyét, jeung siga nu geus paéh deuih!”
Bapa Tani nu keur ngasah bedog cengkat, tuluy nyampeurkeun ka anakna. Enya
baé geuning dina kurung téh aya monyét ngabugigag, lain kuya nu kamari. Kurung
dibukakeun, monyét dialak-ilik.
“Naha bet jadi monyét? Jeung paéh deuih.”
“Enya, éta mani geus jeger kitu,” ceuk pamajikanana mairan.
Monyét téh dicokot ku Bapa Tani, lung baé dialungkeun jauh pisan. Barang
gubrag kana taneuh, koréjat monyét téh hudang, berebet lumpat, kalacat baé naék
kana tangkal kai.
(Tina Pangajaran Sastra Sunda, Karya Drs. Budi
Rahayu Tamsah, spk.)
Sangkuriang
Ti
Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Sangkuriang atawa Sang Kuriang nyaéta sasakala anu asalna ti
Tatar Sunda. Sasakala kasebut nyaritakeun jadina situ Bandung, Gunung Tangkuban
Parahu, Gunung Burangrang
sarta Gunung Bukit Tunggul.
Tina sasakala kasebut, urang bisa
nangtukeun geus sabaraha lila urang Sunda hirup di dataran luhur Bandung.
Dumasar kana legenda kasebut anu dirojong ku fakta géologi, totorah yén urang
Sunda geus hirup di dataran ieu puluhan rebu taun saméméh Maséhi.
Sasakala Sangkuriang mimitina
mangrupa talari lisan. Rujukan tulisan ngeunaan legenda ieu aya dina naskah Bujangga Manik anu ditulis dina daun palem anu
asalna ti ahir abad ke-15 atawa mimiti abad ke-16 Maséhi. Dina naskah kasebut
ditulis yén Pangeran Jaya Pakuan nu boga landihan Pangéran Bujangga Manik atawa Ameng Layaran ngadatangan
tempat-tempat suci agama Hindu di pulo Jawa sarta pulo Bali dina ahir abad ke-15.
Sanggeus ngalakonan lalampahan
panjang, Bujangga Manik anjog ka tempat anu ayeuna jadi dayeuh Bandung. Manéhna jadi saksi mata anu mimiti
nuliskeun ngaran tempat ieu reujeung sasakalana. Laporanana nyaéta saperti
kieu:
Leumpang aing ka baratkeun
datang ka Bukit Patenggeng
Sasakala Sang Kuriang
Mangsa dek nyitu Ci tarum
Burung tembey kasiangan
Daptar
eusi
|
[édit]
Ringkesan Carita
Dumasar kana sasakala kasebut,
dicaritakeun yén Raja Sungging Perbangkara indit moro. Di tengah leuweung Sang Raja miceun cai mani anu murag kana
daun "cariang" (taleus leuweung). Hiji babi leuweung bikang nu
ngaranna Wayungyang anu keur tatapa hayang jadi manusa nginum cai mani tadi.
Wayungyang reuneuh sarta ngalahirkeun orok nu geulis.
Orok geulis éta dibawa ka karaton ku bapana sarta dibéré ngaran Dayang Sumbi
landihan Rarasati. Réa raja anu ngalamar DayanG Sumbi, tapi saurang ogé euweuh
anu ditarima. Tungtungna para raja silih perangan. Dayang Sumbi nyingkurkeun
diri ka hiji pasir dibaturan ku hiji anjing jalu nyaéta si Tunmang. Sabot keur
uplek ninun, toropong
anu keur dipaké ninun kaén ragrag ka handap. Alatan ngarasa haroréam capé,
Dayang Sumbi ngucapkeun kecap-kecap anu teu dipikir panjang leuwih tiheula,
manéhna jangji yén saha ogé anu mangnyokotkeun toropong anu ragrag lamun lalaki
baris dijadikeun salakina. Si Tumang mangnyokotkeun toropong kasebut sarta
dibikeun ka Dayang Sumbi. Dayang Sumbi ahirna ngajadikeun si Tumang salakina
sarta ahirna ngalahirkeun orok lalaki nu dibéré ngaran Sangkuriang.
Sabot Sangkuriang keur moro di jero
leuweung, manéhna nitah si Tumang pikeun ngudag babi bikang Wayungyang. Alatan
si Tumang henteu nurutkeun, mangka dipaéhan ku Sangkuriang. Haté si Tumang
ku Sangkuriang dibikeun ka indungna anu tuluy diasakan sarta didahar ku Dayang
Sumbi. Sanggeus Dayang Sumbi nyaho yén anu didahar téh haté si Tumang, manéhna
kacida ambekna sarta nakol sirah Sangkuriang ku siwur anu
dijieun tina batok anu
ngabalukarkeun tatu.
Sangkuriang indit ngumbara
ngurilingan dunya. Sanggeus sakitu lila leumpang ka wétan ahirna manéhna
mecenghul di kulon sarta tanpa sadar geus anjog deui ka padumukan Dayang Sumbi.
Sangkuriang henteu apal yén putri geulis anu kapanggihna nyaéta Dayang Sumbi –
indungna. Sangkuriang jeung Dayang Sumbi silih pikaasih sarta silih mitresna.
Tanpa ngahaja Dayang Sumbi nempo urut tatu dina tarang Sangkuriang sahingga
nyaho yén Sangkuriang téh anakna sorangan sarta megatkeun tali asih. Cacak kitu
Sangkuriang tetep memaksa ngajak lakirabi ka Dayang Sumbi. Tungtungna Dayang
Sumbi ménta sarat nu pamohalan kacumponan nyaéta sangkan Sangkuriang
mangnyieunkeun parahu sarta situ dina waktu sapeuting ku cara mendet walungan
Citarum. Sangkuriang nyanggupan ieu sarat.
Mangka Sangkuriang nyieun hiji
parahu tina hiji tangkal anu tumuwuh di béh wétan, tutunggul tangkal éta robah
jadi gunung Bukit Tunggul.
Régangna ditumpukkan di palebah kulon sarta jadi Gunung Burangrang.
Ku bantuan para guriang, bendungan ampir réngsé dipigawé. Dayang Sumbi reuwas,
terus mendeko munajat ka Sang Hyang Tunggal ambéh maksud Sangkuriang henteu
kabiruyungan. Dayang Sumbi ngahibar-hibat heulayan boéh rarang (lawon bodas
hasil tinunanna), anu temahna ngahasilkeun cahaya caang jiga panonpoé nu rek
meleték di béh wétan. Sangkuriang jadi ambek, dina puncak amarahna, bendungan
anu aya di Sanghyang Tikoro dibedol, cocok (tutup) kamalir walungan Citarum
dialungkeunana ka arah wétan sarta ngajanggélék jadi Gunung Manglayan.
Cai Talaga Bandung ogé jadi surut deui. Parahu anu dipigawé kalawan hésé capé ditalapung
ka arah kalér sarta robah wujud jadi Gunung Tangkuban
Parahu.
Sangkuriang terus ngudag Dayang
Sumbi anu dumadakan ngiles di Gunung Putri
sarta robah jadi sagagang kembang jaksi. Sedengkeun Sangkuriang sanggeus nepi
ka di hiji tempat anu disebut Ujungberung tungtungna ngiles ka alam gaib
(Ngahiyang).
[édit]
Kaluyu jeung fakta géologi
Sasakala Sangkuriang luyu jeung
fakta géologi ngeunaan kabentukna situ Bandung sarta Gunung Tangkuban
Parahu.Koesoemadinata, R. The Origin and Pre-history of the
Sundanese, Institute of Technology Bandung.
Panalungtikan géologis mutahir
némbongkeun yén sésa-sésa talaga purba geus 125 rébu taun. Situ kasebut jadi
garing 16000 taun katukang.
Di ieu wewengkon, Gunung Sunda purba geus dua kali ngarandapan bitu
dina wanda bitu Plinian nyaeta dina 105000 sarta 55000-50000 taun katukang.
Bitu plinian kadua geus ngaruntagkeun kaldéra Gunung Sunda purba sahingga
nyiptakeun Gunung Tangkuban
Parahu, Gunung Burangrang
(disebut ogé Gunung Sunda), sarta Gunung Bukit Tunggul.
Hal ieu ngabuktikeun yén karuhun
Sunda geus nempatan dataran luhur Bandung sarta nyaksian bitu Plinian kadua anu
nyapu padumukan palebah kulon walungan Citarum (kalér sarta kulon situ Bandung)
salila période bitu dina 55000-50000 taun katukang waktu Gunung Tangkuban
Parahu kabentuk tina sésa-sésa Gunung Sunda buhun. Mangsa ieu téh mangsana homo
sapiens; maranéhanana geus kanyahoan hirup di Australia kidul dina 62000 taun
katukang, sawaktu jeung Manusa Jawa (Wajak) nu hirup kira 50000 taun katukang.
[édit]
Sangkuriang jeung Falsafah Sunda
[édit]
Pedaran ti abah Surya
Numutkeun abah Surya sandiasmana
abah Hidayat Suryalaga,
urut Réktor Itenas Bandung, sasakala Sangkuriang dimaksudkeun pikeun
jadi munara cahya (Sungging Perbangkara) pikeun saha ogé manusana (tangkal
cariang) anu masih bingbang ku éksisténsi (ayana) dirina sarta hayang manggihan
jatidiri kamanusaanana (wayungyang). Hasil tina panyungsian ieu baris
ngalahirkeun kereteg haté (nurani) sabagé kabeneran nu sajati (Dayang Sumbi,
Rarasati). Tapi lamun henteu dibiruyungan kalawan ati-ati sarta kasadaran nu
pinuh/éling (toropong), mangka dirina baris dikawasa ku rasa kabingbang anu teu
eureun-eureun (dikawasa ku si Tumang) anu baris ngalahirkeun égo anu hayang
meunang sorangan, nyaéta jiwa anu tacan kacaangan (Sangkuriang). Mangsa Sang
Nurani kakawasa deui ku kawaswas (Dayang Sumbi ngadahar haté si Tumang) mangka
musnah kasadaran anu sajati. Rasa hanjakal anu kaalaman Sang Nurani dilakonan
ku cara merangan kaadigungan rasio Sang Égo (sirah Sangkuriang ditakol).
Kaadigungan ogé anu mangaruhan “Sang Égo Rasio” pikeun ngajauhan sarta
ninggalkeun Sang Nurani. Tétéla kaadigungan Sang Égo Rasio anu hésé capé
néangan élmu (kacerdasan inteléktual) salila pangumbaraanna di dunya (nuju ka
arah wétan), tungtungna balik ka kulon anu sacara sadar atawa henteu sadar sok
ditéang sarta dipikasono nyaéta Sang Nurani (Pasamoan Sangkuriang jeung Dayang
Sumbi).
Cacak kitu, tétéla ngahijina antara
Sang Égo Rasio (Sangkuriang) jeung Sang Nurani anu kacaangan (Dayang Sumbi),
henteu sagampang anu dikira. Kalayan mawa bekel élmu pangaweruh anu geus
dikawasana Sang Égo Rasio (Sangkuriang) kudu sanggup nyieun hiji kahirupan
sosial anu dumasar kana kaasih jeung kanyaah, interdepéndensi – silih
asih-asah sarta silih asuh anu humanis harmonis (kamanusan nu salaras), nyaéta
hiji talaga kahirupan sosial (nyieun situ Bandung) anu dicicingan ku sagala
rupa kumpulan manusa kalawan rupa-rupa parangina (Citarum). Samentara éta,
jatidiri nu sagemblengna ogé kudu dijieun ku Sang Égo Rasio sorangan (dijieunna
parahu). Ayana Sang Égo Rasio éta ogé henteu leupas tina sajarah dirina, aya tunggul
anu jadi asal muasalna (Bukit Tunggul, tangkal sajarah) saprak ti mimiti
gumelar (wétan, tempat mimiti medalna kahirupan). Sang Égo Rasio ogé kudu
némbongkeun éksisténsi dirina (tutunggul, pananda diri) sarta dina
panungtunganana manéhna ogé baris miboga turunan anu kabiruyungan dina
masarakat nu baris datang sarta hiji mangsa kabéhana bakal lekasan diteleg ku
sang waktu jadi satumpuk tulang (gunung Burangrang).
Matak hanjelu lamun tétéla harepan
pikeun ngahijina Sang Égo Rasio jeung Sang Nurani anu kacaangan (ampir
ngadahupna Sangkuriang jeung Dayang Sumbi), gagal alatan kaburu aya titik ahir,
ahir kahirupan (boéh rarang atawa lawon kafan). Ahirna takdir anu tumiba ka
Sang Égo Rasio ngan saukur rasa hanjakal anu kacida sarta ambek ka “dirina”.
Mangka kaadigungan rasio dirina ditalapung, jadi waé saurang manusa
transéndéntal nu nangkuban nyeungceurikan kasangsaraan anu tumiba kana dirina
(Gunung Tangkubanparahu).
Cacak kitu, lantaran sang Égo Rasio
masih ngarasa panasaran, diudagna terus Sang Nurani anu kacaangan nu
dipidangdam (Dayang Sumbi) kalayan harepan bisa luluh ngahiji antara Sang Égo
Rasio jeung Sang Nurani. Tapi tétéla Sang Nurani anu kacaangan ngan némbongkeun
diri jadi saksi laku-lampah anu kungsi lumangsung sarta karandapan ku Sang Égo
Rasio (kembang Jaksi).
Panungtungan carita nyaéta mangsa
datangna kasadaran lekasanana kaadigungan rasiona (Ujungberung). Kalayan
kasadaranana ogé, dicabut sarta dialungkeunana cocok dominasi kaadigungan rasio
(gunung Manglayang). Mangka kiwari kabuka saluran prosés komunikasi anu sopan jeung saha ogé (Sanghyang
Tikoro; babasan: Hadé ku omong goréng ku omong). Sarta kalayan imeut, dijaga
pisan kadaharan anu asup kana beuteung teh ngan anu halal beresih sarta méré
mangpaat.
[édit]
Pedaran ti bah Engkus Ruswana
Numutkeun bah Engkus Ruswana, salah
saurang inohong Sunda, Sangkuriang asal tina kecap Sang Kuring atawa Ingsun.
Gubragna Sangkuriang ka dunya hasil kawin si Tumang jeung Dayang Sumbi ku
alatan taropong murag. Taropong hartina toropong nyaéta alat pikeun nempo
sangkan leuwih taliti, écés tur museur. Tumang téh mangrupakeun anjing hideung
tapi bangus jeung buntutna konéng. Dumasar kana simbul-simbol warna dina
palsapah kasundaan, hideung perlambang bumi/lemah nu ngabogaan sifat kateguhan,
katetepan, pengkuh, sedengkeun konéng ngalambangkeun angin sifatna kadunyaan.
Jadi tina wujud Tumang ngandung harti ieu carita perkara dunya jeung nu
nuturkeun/turun ka dunya (manusa) nu mangrupakeun katetepan ti nu Maha Kawasa.
”Tumang” tina basa kawi hartina hawu atawa dapuran seuneu anu ogé ngandung
maksud hawa napsu, sedengkeun ”dayang” nyaéta sebutan keur awéwé, harti lianna
asal tina kecap dangiang/dahyang nu hartina bangsa lelembut atawa halus. Dayang
bisa ogé dihartikeun asal tina kecap dang (= dangdang) jeung hyang (= suci =
déwa). Sumbi nyaéta seuseukeutna katimang (sing seukeut nya nimang), sedengkeun
upama dipenggel ngandung harti wujud diri (sum = sumsum = acining; bi = awéwé =
ibu pertiwi = bumi). Jadi Dayang Sumbi ngandung harti sing seukeut tinimangan,
kudu lantip dina nyungsi harti ngaguar rasa kanyahokeun sing taliti yén wujud
diri téh hakékatna suci nu asal tina acining ibu pertiwi/bumi nu kaancikan ku
napsu (Dayang Sumbi kawin ka si Tumang).
Palebah dieu nyata kalinuhungan
luluhur urang Sunda dina milih kecap pikeun ngalarapkeun pasangan hawa napsu
jeung wujud waruga, ogé bisa luyu jeung harti lian nu masangkeun harti hawu
jeung dangdang. Dayang Sumbi tetep geulis awét jaya, upama disungsi bakal
nganyatakeun yén ti jaman ayana manusa di dunya tepi kaayeuna wujud diri manusa
téh tetep geulis, pantes teu robah strukturna, manusa teu bisa nyieun wujud,
sok sanajan tepi ka wujud geus paréot, ilaharna teu aya manusa nu hayang
ninggalkeun warugana, malahan tetep dipikacinta dipikaasih, ku kuringna. Dina
palsapah/kapercayaan Sunda nétélakeun yén Sang Kuring atawa Ingsun lain sifat
ragawi/lahir, ogé lain sifat rohani/batin, tapi anu dilahiran jeung dibatinan.
Ingsun (kuring)mangrupakeun dat suci nu asal ti Gusti Nu Maha Suci nu sapanjang
di alam dunya ngancik dina wujud manusa sakuringna-sakuring na.
Gumelarna ingsun ka dunya ngaliwatan
cukang lantaran indung bapa nu dina carita ngaliwatan indung nu ngaran Dayang
Sumbi sarta bapa nu ngaran Tumang. Di dunya Ingsun ngancik dina wujud
waruga/diri nu asal tina acining/ saripati dunya (dayang Sumbi), kulantaran
kitu hawa napsu salawasna marengan Sangkuriang (Tumang sok ngintil marengan).
Mun teu aya hawa napsu nu marengan raga, tinangtu moal aya kahirupan di dunya
jeung moal aya ingsun nu gumelar ka dunya. Kusabab éta waktu si Tumang di
paéhan Dayang Sumbi kacida benduna, nu hartina lamun hawa napsu dipaéhan tangtu
kapentingan raga kaluli-luli nu balukarna bakal leungit kahirupan manusa di
dunya (sawang kumaha balukarna mun sarupaning napsu dahar/nginum, napsu gawé,
napsu birahi, napsu pikeun ningkatkeun diri jeung napsu-napsu lianna dipaéhan,
tinangtu kahirupan di dunya bakal punah), matak dina élmu Sunda mah teu aya
ajaran pikeun maéhan napsu, ngan tangtu kudu dikadalikeun, manusa sunda teu
meunang ngasingkeun diri ninggalkeun urusan dunya.
Hirup ingsun di dunya kudu ngabogaan
élmu hasil ngasah jeung olah pikir dina uteukna nu mancar dina gawé nu rancagé,
nu dina carita disimbulkeun sirah Sangkuriang ditakol ku sinduk tepi ka pitak.
Sangkuriang maksa hayang kawin ka Dayang Sumbi ngandung harti, yén kulantaran
Ingsun asal ti Gusti nu hakékatna suci, tinangtu ngabogaan rasa jeung
tanggungjawab pikeun nyalametkeun diri/waruga asal ti dunya nu diancikanana
sangkan salamet kukuh mituhu teu ingkar tina papagon kamanusaan, ku cara
ngamanunggalkeun kuring jeung kurungna dina hiji parahu nu sahaluan sapanjang
ngumbara ngalakonan kahirupan di dunya (parahu pikeun lalayaran di talaga).
Dina ngalaksanakeun gawéna, Sangkuriang dibantu ku Guriang Tujuh (= Guru hyang
tujuh), maksudna tujuh pangawasa suci nu asal ti Gusti nu ngancik dina diri manusa,
nyaéta : pangawasa/gerak- langkah, pangersa/kadaék, hirup,
pangrungu/déngé, awas, pangandika/ ucap, pangangseu/ambeu, nu jadi guru jati
manusa pikeun nganyahokeun, ngarasakeun, nyaksikeun kaayaan dunya jeung
pangeusina, lain cenah lain béja estuning dirasakeun ku sorangan
sakuringna-sakuringna. Pon kitu deui digunakeun pikeun ngalalakon kahirupan di
dunya jeung ngudag kahayang/cita-cita sarta ningkateun harkat jeung martabat
dirina.
Boéh rarang dibeberkeun jeung
dikelebetkeun dicaangan obor, nyimbulkeun akal pikiran nu dicaangan ku
élmu/katerang/ kanyaho nu ditembrakkeun/ dikibarkeun atawa diwujudkeun dina
kahirupan (gawé akal pikiran). Lisung tutunggulan nyimbulkeun napsu nu ngagolak
(gawé rasa/napsu), sedengkeun hayam jago pating kongkorongok ngalambangkeun
kasombongan jeung katakaburan, nepak dada ngarasa ieu aing jago. Élmu spiritual
Sunda ngajéntrékeun yén aya tilu unsur dina diri manusa nu bisa ngawasa kana
pamaréntahan diri, nyaéta kakuatan akal/pikiran, kakuatan rasa/napsu, jeung
kakuatan jati ingsun. Dina perkara ieu ingsun kudu bisa ngadalikeun
akal-pikiran jeung rasa/napsu (ingsun jadi supir/nahoda) . Lamun akal pikiran
jeung rasa napsu geus miheulaan ingsun (Sangkuriang kabeurangan lantaran boéh
dioboran jeung lisung tutunggulan nu terusna kongkorongok), tangtu kuring jeung
kurung teu bisa kawin (teu bisa manunggal), balukarna hirup manusa lir ibarat
parahu nangkub (Tangkubanparahu) teu bisa dipaké ngalakonan kahirupan di dunya
(lalayaran di talaga) nu didumasaran ku ajén luhung kamanusaan jeung kasucian,
tungtungna ngan bati hanjelu kaduhung sagedé gunung ibarat tunggul
(Bukittunggul) , haté nalangsa ngarangrangan ngarasa hirup euweuh ajén
(Burangrang) . Tapi sok sanajan batal kawin, ku lantaran ngarasa boga kawajiban
salila gumelar di dunya, Ingsun (kuring) teu weléh ngudag-ngudag supaya kurung
bisa dikawin, nu kadangkala deukeut, kadang jauh (Sangkuriang ngudag-ngudag
Dayang Sumbi).
Intisari papatah nu dibéwarakeun:
Sasakala Sangkuriang nyaritakeun
kahirupan manusa nu gumelarna ka dunya mangrupakeun papastén ti Nu Maha Kawasa
ngaliwatan cukang lantaran indung jeung bapa. Ingsun ngumbara di dunya
ngagunakeun raga nu asal tina saripati dunya, nyaéta acining bumi, acining cai,
acining angin/hawa jeung acining seuneu ngaliwatan kadaharan jeung inuman nu
dikonsumsi, napas jeung panas nu diserep. Kulantaran raga asal tina saripati
dunya, nya tangtu timbul napsu-napsu dina diri manusa nu asal ti dunya,
sedengkeun gumelarna ingsun ka dunya ogé ngaliwatan raga nu ngabogaan napsu,
sabab mun teu aya napsu tangtu moal aya kahirupan di dunya, kulantaran éta teu
meunang maéhan napsu, tapi kudu dikadalikeun sangkan teu kabetot ku kadunyaan.
Élmu Sunda teu ngajarkeun manusa pikeun tatapa ninggalkeun urusan dunya, sabab
éta hartina sarua jeung nu ngaleungitkeun hakékat kamanusaanana.
Keur kahirupan di dunya ingsun kudu
motékar nempa diri sangkan luhung ku élmu jembar ku pangabisa, tapi kudu inget
Ingsun lain urang dunya sabab asal ti Nu Maha Suci nu tangtu ngabogaan
kawajiban pikeun ngaping jeung ngajaga diri sangkan sagala tékad, ucap jeung
léngkah teu ingkar tina papagon kamanusaan jeung kasucian (kawin/manunggaling
kuring jeung kurung). Dina raraga ngawulaan kabutuhan raga/kurung,
ingsun(kuring) ngagunakeun tujuh Pangawasa Gusti nu ngancik dina dirina, nyaéta
pangawasa, pengersa, hirup, pangrungu, pangandika, awas jeung pangangseu
(guriang tujuh).
Kadé masing taliti, yén dina diri
manusa téh aya tilu kakuatan nu bisa maréntah diri, nyaéta akal-pikiran,
rasa-napsu jeung jati ingsun sorangan. Dina perkara ieu, ingsun nu kudu jadi
nahoda ngadalikeun akal-pikiran jeung rasa-napsu pikeun kaperluan ingsun
ngalakonan kahirupan di dunya, sabab lamun akal-pikiran jeung rasa-napsu geus
miheulaan ingsun bakal timbul kasombongan adigung-adiguna nu ngabatalkeun
manunggalna kuring jeung kurung pikeun ngahontal kahirupan di dunya nu
didumasaran kamanusaan jeung kasucian. Mun nyana kitu lir ibarat parahu nangkub
anu balukarna bakal kaduhung jeung ngarasa hirup euweuh hartina, tungtungna
haté ngarangrangan nalangsa saendengna. Kulantaran kitu, mangkahadé upama can
bisa kawin, ingsun ulah eureun ngudag-ngudag kurung sangkan bisa manunggal.
[édit] Rujukan
- Koesoemadinata, R. P., "Asal Usul sarta Prasejarah Ki Sunda", Sub theme" "Widang Kajian Sajarah, Arkeologi sarta filologi", in Ajip Rosidi et.al (editor: Edi S.Ekadjati and A.Chaedar Alwasilah).
- Hidayat Suryalaga, Kajian Hermeneutika ka Legenda sarta Mitos Gunung Tangkubanparahu kalawan sagala aspékna, Hidayat Suryalaga, Orasi Ilmiah sabot Poé Wisuda Mahasiswa ITENAS, Bandung, 28 Méi 2005.
- Mardiwarsito, L., "Kamus Jawa Kuna -Indonesia", Nusa Indah, 1985.
- Winter Sr, C. F., Ranggawarsita, R. Ng., "Kamus Kawi-Jawa", Gajahmada University Press, 1991.
- Satjadibrata, R., "Kamus Basa Sunda", Kiblat.
SI KABAYAN DICUKUR
sakali mangsa si kabayan teh di
cukur. di cukurna handapeun tangkal gede disisi jalan supratman. ari tukang
cukur teh ruruntuk dalang, tadina hayang jadi dalang tapi teu kataekan, kalah
jadi tukang cukur. teu wudu payu nyukurna teh da eta ari nyukur sok bari
ngadalang.
si kabayan ti barang gek diuk
dina korsi panyukuran geus lelenggutan wae nundutan. saperti biasa tukang cukur
teh ari ceg kana gunting jeung sisir tuluy wae ngabuih… ngadalang, pok na teh….
“tah kacatur keun di nagara alengka, rajana jenengan Dasamuka…. ari dasa
hartina sapuluh… ari muka eta hartosna beungeut atanapi raray… “. si kabayan nu
keur ngalenggut ngarasa ka ganggu ku nu keur ngadalang, bari heuay si kabayan
nyarita “pondokeun wae mang…” trek-trek tukang cukur teh ngaguntingan
buuk si kabayan bari pok deui… ” ari geus kitu… eta Dasamuka teh bogoh ka dewi
Sinta, geureuhna sri Rama… ” “pondokeun wae mang…”ceuk si kabayan nyaritana
selang seling antara inget jeung heunteu bakating ku tunduh, teu lila reup deui
sare….. lilir sakeudeung, tukang cukur teh keur ngadongeng keneh, ..” urang
tunda dewi Sinta nu keur di Alengka, sabab di paling ku Rahwana…. caturkeun sri
Rama….” si kabayan asa ka ganggu sarena terus nyarita bari lulungu “pondokeun
mang….”….terus reup deui peureum. trek..trek tukang cukur ngaguntingan buuk si
kabayan bari nuluykeun ngadongengna. ari tiap si kabayan lilir, tukang cukur
teh keur ngabuih keneh wae ngadalang, tapi ari leungeunna mah tetep teu
eureun-eureun ngaguntingan buuk si kabayan. si kabayan keuheuleun pisan sabab
sarena kaganggu ku sora tukang cukur, nu sakapeung sok ngagerem nurutan sora
buta atawa ngajerit nurutan sora dewi sinta basa di paling ku Rahwana… antukna
si kabayan ngambek ka tukang cukur bari nyarita ” ceuk aing ge
pondokeun…pondokeun…” tukang cukur nembalan “dipondokeun kumaha ieu geus lenang
kieu..” ari ret si kabayan kana eunteung enya wae sirahna geus gundul teu sa
lembar-lembar acan, puguh wae si kabayan teh ambek “nu dipondokeun teh dongeng
maneh lain lain buuk aing…” si kabayan morongos, tukang cukur nembalan bari
nyentak “bongan sorangan, naha atuh sare wae batur di gawe teh, lain nuhun di
embohan ku dongeng teh…” ngan hing wae si kabayan teh ceurik bakating ku
handeueuleun jaba ari balik ku barudak di poyokan bari di abring-abring
“…penjol….penjol….”
No comments:
Post a Comment