TATAKRAMA URANG SUNDA
Hidep tangtu kungsi ngadéngé istilah tatakrama. Geuning
sok aya nu nyarita, “Kudu boga tatakrama atuh ari hayang diajénan ku batur
mah.” Atawa, “Ih, jelema téh teu maké tatakrama, ngomong bari tipoporongos
kitu!”
Naon ari tatakrama téh? Tatakrama asalna tina basa
Sangsakerta; tata hartina aturan atawa palanggeran; krama hartina hormat. Jadi
tatakrama téh aturan dina ngahormat atawa aturan sopan-santun anu disaluyuan ku
warga masarakat pikeun siliajenan jeung nu lian.
Unggal bangsa atawa suku bangsa ngabogaan tatakrama
séwang-séwangan saluyu jeung tradisi sarta ajén moral anu dianutna. Urang Sunda
tangtu waé boga tatakrama anu mandiri, anu jadi ciri urang Sunda. Ieu tatakrama
téh ngawengku aturan dina anggah-ungguh (gerak anggota badan) jeung aturan dina
omongan atawa basa anu digunakeun.
Tatakrama anu patali jeung anggah-ungguh upamana baé,
cara sasalaman, cara diuk (awéwé kudu émok, jsb), awak kudu rengkuh lamun
nyarita jeung jalma anu dihormat, jsb.
Ari anu patali jeung omongan atawa prak-prakan
ngagunakeun basa, urang Sunda boga aturan anu husus, nya éta undak-usuk basa.
Undak-usuk basa téh tahapan atawa panta-pantana basa, atawa luhur-handapna ajén
basa anu dilarapkeun saluyu jeung jalma anu diajak nyarita. Dina basa Sunda aya
anu disebut basa lemes, basa sedeng (loma), jeung basa kasar.
Paraahli basa Sunda sapamadegan yén lahirna undak-usuk
basa Sunda téh dipangaruhan ku basa Jawa sabada tanah Sunda, utamana Priangan,
kaéréh ku Mataram dina abad ka-17. Dina mangsa harita, para dalem jeung kaom
menak Sunda mindeng ngayakeun hubungan, séba upeti jeung sajabana jeung kaom
ménak Jawa di Mataram. Éta hubungan sosial tuluy nimbulkeun ayana pangaruh
budaya Jawa kana budaya urang. Lain undak-usuk basa waé, tapi ogé dina widang
kasenian, nya éta tembang guguritan (pupuh).
Saméméh abad ka-17 dina basa Sunda henteu aya undak-usuk
basa. Kabuktian dina naskah-naskah buhun saperti Carita Parahiangan
atawa Carita Ratu Pakuan anu ditulis dina abad ka-16, henteu ngagunakeun
undak-usuk basa, sakumaha anu kapanggih ku urang kiwari.
Sabada pangaruh Mataram beuki nyosok ka urang, undak-usuk
beuki subur mangaruhan basa Sunda. Ceuk katerangan hasil panalungtikan Coolsma,
ahli basa urang Walanda, aya 300 kecap lemes jeung 275 kecap kasar basa Sunda
anu asalna tina basa Jawa, ngan cara makéna sok dipacorokkeun. Upamana baé
kecap abot, anom, bobot, impén, lali, pungkur, sasih, jsb anu dina basa
Sunda mah lemes, ari dina basa Jawa mah kasar. Kitu deui kecap béja, bulan,
datang, pindah, suku, tumpak, jsb. anu dina basa Sunda kasar, ari dina basa
Jawa mah lemes.
Tepi ka danget ieu undak-usuk basa terus diparaké ku
urang Sunda, sabab geus gumulung jadi ajén-inajén, jadi tatakrama urang Sunda
dina silihormat jeung silihargaan jeung nu lian. Minangka salasahiji banda warisan
budaya, undak-usuk basa ku urang kudu dipaké dina kahirupan sapopoé.
Kénging: Drs. Ahmad Hadi spk
Pikeun
maham wacana di luhur, jawab pananya ieu di handap!
1. Naon nu dimaksud tatakrama téh?
2. Naon waé nu jadi ciri tatakrama urang Sunda?
3.
Tuliskeun tatakrama anu patali jeung anggah-ungguh!
4. Naon nu dimaksud undak-usuk basa téh?
5. Aya sabaraha tingkatan undak-usuk dina basa Sunda?
6. Naon kasang-tukang lahirna undak-usuk basa Sunda?
7. Abad ka sabaraha budaya Jawa mangaruhan budaya Sunda
8. Naon buktina yén baheula mah urang Sunda téh henteu
ngagunakeun undak-usuk basa?
9. Kumaha kamekaran undak-usuk basa jaman ayeuna?
10. Naon fungsi undak-usuk basa téh?
Pikeun
maham undak-usuk basa, titénan tabel ieu di handap!
TABEL
Basa
Loma jeung Basa Lemes
Basa Loma
|
Basa Lemes
(keur ka diri sorangan
|
Basa Lemes
(keur ka batur)
|
Nyarita
Daék
Boga
Hayang
Saré
Indit
Balik
Dahar
Tempo
Datang
|
Sasanggem
Kersa
Gaduh
Hoyong
Mondok
Mios
Wangsul
Neda
Tingal
Dongkap
|
Sasauran
Purun
Kagungan
Palay
Kulem
Angkat
Mulih
Tuang
Tingali
Sumping
|
Ngagunakeun
basa lemes gedé hartina pikeun ngajénan ka batur, ari ngajénan ka batur kapan
sarua hartina jeung ngajénan ka diri sorangan.
Ngagunakeun kecap pun jeung tuang
Titénan
conto kalimah ieu di handap!
|
Dina
conto kalimah di luhur katiténan aya kecap pun jeung tuang. Eta
kecap digunakeun dina wangun kalimah lemes. Ari kecap pun dilarapkeunana
keur ka sorangan. Pun bapa hartina bapa abdi, pun biang hartina biang/indung
abdi. Lantaran dilarapkeunana keur ka sorangan, atuh basa nu dipakéna ogé
tangtu basa loma. Bapa abdi jadi pun bapa, henteu bisa jadi pun rama. Biang
abdi jadi pun biang henteu bisa jadi pun ibu.
Kecap tuang dilarapkeunana keur ka batur. Tuang rama
hartina rama anjeun, tuang ibu hartina ibu anjeun. Lantaran dilarapkeunana keur
ka batur, atuh basa nu dipakéna ogé tangtu basa lemes. Bapa anjeun jadi tuang
rama, henteu bisa jadi tuang bapa, Biang
anjeun jadi tuang ibu henteu bisa jadi tuang biang.
Sangkan henteu kaliru, aya alusna upama hidep can
nyangkem undak-usuk basa, baca deui pangajaran undak-usuk sangkan ngarti kana
panta-pantana atawa tahapan makéna basa.
Conto:
Basa Loma
|
Basa Lemes
(keur ka diri sorangan
|
Basa Lemes
(keur ka batur)
|
indung kuring
bapa kuring
aki kuring
lanceuk kuring
nini kuring
adi kuring
|
pun biang
pun bapa
pun aki
pun lanceuk
pun nini
pun adi
|
tuang ibu
tuang rama
tuang éyang
tuang raka
tuang éyang
tuang rai
|
Latihan
Lemeskeun
kalimah-kalimah ieu di handap!
1. Bapa kuring keur dahar jeung bapa manéh di kebon.
2. Indung kuring keur balanja ka pasar jeung indung
manéh.
3. Nini kuring boga kebon lega pisan di Cinusa.
4. Naha bapa manéh kamari teu datang ka sakola?
5. Adi kuring jeung adi manéh keur arulin di buruan.
6. Aki kuring jeung aki manéh téh adi-lanceuk.
7. Tadi kuring panggih jeung bapa manéh di Bojongséro.
8. Ari indung manéh téh urang Ciparang?
9. Lanceuk kuring mah kakara lulus SMA.
10. Naha lanceuk manéh mah sakola teu dituluykeun?
11. Ari aki manéh bisaeun nyieun bilik?
12. Aki kuring mah kakara balik ti sawah!
13. Bapa manéh mah daharna rewog pisan!
14. Itu indung kuring mah nu dibaju beureum!
15. Ari indung manéh maké baju kumaha?
Jawab
pananya ieu di handap!
1. Naon bédana ngalarapkeun kecap pun- jeung kecap
tuang-?
2. Dina wangun basa nu kumaha éta dua kecap
dilarapkeunana?
3. Naon nu dimaksud basa lemes keur ka sorangan?
4. Naon nu dimaksud basa lemes keur ka batur?
Ngalarapkeun
Basa Sedeng
Dina conto surat resmi di luhur
basa nu dipaké nya éta ragam basa lemes. Ragam basa lemes digunakeun pikeun
ngahormat atawa ngajénan ka batur. Ngajénan ka batur
dina enas-enasna mah sarua jeung ngajénan ka diri sorangan.
Ari nu ayeuna rék diguar mah nya
éta ragam basa sedeng. Ari ragam basa sedeng disebut ogé basa lemes keur ka
diri sorangan, dipaké pikeun nyarita ka saluhureun, nyaritakeun sasama ka
saluhureun, atawa nyaritakeun sahandapeun ka saluhureun.
Conto:
Basa Kasar
|
Basa Sedeng
|
balik
|
wangsul
|
indit
|
mios
|
dahar
|
neda
|
datang
|
dongkap
|
hayang
|
hoyong
|
imah
|
rorompok
|
nyaho
|
terang
|
boga
|
gaduh
|
saré
|
mondok
|
Latihan
Eusian titik-titik dina kalimah ieu di
handap ku ragam basa sedeng tina kecap anu dikurung tukangeun kalimahna!
1. Abdi _______________ buku pangajaran basa Sunda di
Toko Palasari. (meuli)
2. Buku ti perpustakaan téh tos ___________________ ku
pun adi. (dibawa)
3. _____________ abdi mah Arief Budiman. (ngaran)
4. Pun adi mah sok ______________ ari pendak sareng Bu
Guru téh. (éra)
5. Kamari _____________________ angkat ka Bandung sareng
Tétéh. (indung kuring)
6. Aduh, abdi __________________ teu ngerjakeun PR basa
Sunda. (poho)
7. Itu Gunung Burangrang mah _________________ ti dieu
ogé. (katempo)
8. Rebo kamari abdi teu sakola margi _____________
(gering)
9. Teu kénging _______________ kasar atuh! (nyarita)
10. Abdi henteu _________________ yén kamari aya
Pasanggiri Maca Sajak. (nyaho)
POLA TATAKRAMA BASA SUNDA
POLA 1 : A = B = C
Pola : A sami sareng B ari B sami sareng C
|
A
BASA
LOMA
(AKRAB, KASAR)
|
B
BASA
KEUR PRIBADI
(BASA LEMES SEDENG)
|
C
BASA
KEUR BATUR
|
aya
kumaha
iraha
naon
kadua
itu
ieu
|
AYA
KUMAHA
IRAHA
NAON
KADUA
ITU
IEU
|
aya
kumaha
iraha
naon
kadua
itu
ieu
|
POLA II : A #
B # C
(A henteu sami sareng B. B henteu sami sareng C)
|
A
BASA
LOMA
(AKRAB, KASAR)
|
B
BASA
KEUR PRIBADI
(BASA LEMES SEDENG)
|
C
BASA
KEUR BATUR
|
balik
bawa
beuli
bisa
boga
dahar
datang
denge
era
gering
imah
indit
kasakit
…
nitah
ngomong
nyaho
poho
sare
tanya
tenjo
pamajikan
salaki
anak
indung
bapa
aki
nini
ua
|
WANGSUL
BANTUN
PESER
TIASA
GADUH
NEDA
DONGKAP
KUPING
ISIN
UDUR
ROROMPOK
MIOS
PAUDUR
…
NGAJURUNG
SASANGGEM
TERANG
HILAP
MONDOK
TAROS
TINGAL
PUN BOJO
PUN LANCEUK
PUN ANAK
PUN BIANG
PUN BAPA
PUN AKI
PUN NINI
PUN UA
|
mulih
candak
galeuh
iasa
kagungan
tuang
sumping
dangu
lingsem
teu damang
bumi
angkat
kasawat
…
miwarang
sasauran
uninga
lali
kulem
pariksa
tingali
tuang garwa/geureuha
tuang raka
tuang putra
tuang ibu
tuang rama
tuang eyang pameget
tuang eyang istri
kapirama/kapiibu
|
Titenan
masing tenget pola di luhur A # B # C A henteu sami sareng B, B henteu sami
sareng C
POLA III : A = B # C
(A sami
sareng B, ari B henteu sami sareng C
|
A
BASA
LOMA
(AKRAB, KASAR)
|
B
BASA
KEUR PRIBADI
(BASA LEMES SEDENG)
|
C
BASA
KEUR BATUR
|
baju
irung
lalajo
ngaji
nginum
puasa
samping
ulin
sste
|
BAJU
IRUNG
LALAJO
NGAJI
NGINUM
PUASA
SAMPING
ULIN
|
raksukan
pangambung
nongton
ngaos
ngaleueut
saum
sinjang
amengan
|
POLA IV : A # B = C
(A henteu
sami sareng B, ari B sami sareng C)
|
A
BASA
LOMA
(AKRAB, KASAR)
|
B
BASA
KEUR PRIBADI
(BASA LEMES SEDENG)
|
C
BASA
KEUR BATUR
|
bungah
eleh
kajeun
kungsi
tepung
sste
|
BINGAH
KAWON
SAWIOS
KANTOS
TEPANG
|
bingah
kawon
sawios
kantos
tepang
|
Ngagunakeunana
Tatakrama Basa (UUBS) henteu lesot tina unsur nu ngarojongna, nya eta :
-
Lentongna
nyarita
-
Pasemon
-
Rengkuh
-
Tata
busana
Tapi
anu jadi dadasar utama dina tatakrama basa mah nya eta itikad atanapi
kaweningan manah ti jalmina.
No comments:
Post a Comment