Kaulinan Urang Lembur Atawa Kakawihan
Barudak (Kenging Ganjar Kurnia)
Ngahaja dijudulan maké
« atawa », sabab asa acan aya kasapogodosan ngeunaan istilah. Lamun
disebut kaulinan, kapan loba ogé kaulinan anu séjén saperti panggal, sérmen, galah, ucing sumput, jsb, ; pon kitu deui lamun
dijudulan kakawihan wungkul, loba ogé kakawihan anu séjénna. Tapi palebah
kakawihan anu ieu mah rada khas, sabab lamun ditilik-diantarana aya hubungan
antara kaulinan jeung kakawihan. Kukituna, judul ana
rada pas mah sigana kaulinan budak lembur anu dikawihan (sok sanajan
kanyataanana teu kabéh kakawihan aya kauliananana). Tapi pikeun arguméntasi
mah, kakawihan ogé bisa dianggap kaulinan. Istilah kaulinan urang lembur ogé
sigana mah anyar (pertengahan taun genep puluhan), sabada ieu
« kaulinan » dibawa ka panggung (dijadikeun tongtonan) utamana ku
Departemen Kesenian Unpad (aya ogé
anu nyebutkeun digali ku Studiklub Teater Bandung/STB) ogé ku Damas.
Naon anu ditulis dihandap ieu,
sagemblengna hasil tina ingetan, hasil nengetan para senior di Depkes Unpad
manggung (teu kingsi prak sorangan) dina pertengahan taun tujuh puluhan.
Biasana lamun aya acara di Unpad atawa di Fakultas Pertanian, sok sanajan geus
pada lalulus, arinyana sok kaul. Nya dina kasempetan éta sok pareng merhatikeun
(bari jeung teu kungsi dicatet). Ku kituna lamun loba kekecapan anu
salah ; katambah lamun ditilik-ditilik dina éta kakawihan téh loba ogé
kekecapan anu teu jelas pihartieunana, neda dihapunten. Atuh ka anu uninga, aya
kasempetan pikeun ngoréksi atawa ngoméan. Saenyana lamun aya anu leukeun mah,
tiasa dicék deui ka aranjeuna anu kantos manggungkeun ieu kaulinan urang
lembur, diantawisna ka kang Ekik Barkah, kang Oman, kang Epih, kang Ia, kang
Abdurachman, kang Zahir Zahri. Sadaya kakawihan téh teu aya judulan, minangka
anu disebut judul téh nyaéta baris kahiji tina lagu.
Interpretasi
Neuleuman eusi rumpaka, aya sababaraha
hala nu narik pikeun bisa diinterpretasi :
1. Kakawihan mangrupa alat anu
digunakeun ku masyarakat, sangkan naon anu aya dina gerentes haténa teu kaharti
ku batur anu aya di luar komunitasna (bahasa sandi). Contona, lagu
ambil-ambilan bisa jadi aya patula-patalina jeung kondisi urang sunda harita
anu rék dijadikeun kuli (meureun dijjieunna dina jaman penjajahan) ; nu
matak basa aya anu rék diambil, dijieun manrupa-rpa alesan.
Jaleuleu ja. Lagu ieu téh cenah
dijieun dina mangsa tatar Sunda diserang ku Mataram. Lagu « jaleuleu
ja » aya anu nyurahan siga kieu :
Jaleuleu ja ( aya Jawa)
Atulak tu ja éman - gog (Nitah ka jang Eman lamun aya Jawa kudu nyadiakeun tulak
(keur panakol) sarta nagog – pasang kuda-kuda, hartina kudu siap-siap)
Seureuh leuweung - bay (seureuh leuweung téh biasa ogé disebut gebay, bentukna
siga taméng – kukituna lamun aya Jawa, salian ti kudu siap téh – nagog – téa,
ogé nyiapkeun taméng)
Jambé kolot - bug (jambé kolot téh di Sunda mah disebut jebug – jadi lamun
musuh datang – kudu digebug)
Ucing katinggang songsong - Ngék (ngagebugna nepi ka siga ucing katinggang songsong – ngék
……………….)
Ayang-ayang gung. Lagu ieu
nyaritakeun masyarakat di hiji wilayah anu sahéng (Ayang-ayang gung Gung
goongna ramé) nyaritakeun kalakuan pamingpinna nyaéta ménak Wastanu nu jadi
wadana. Pangna diaromongkeun téh kusabab kalakuanana olo-olo (naha manéh kitu –
tukang olo-olo), giruk -- ruket (ngabalad jeung kumpeni). Tujuanana mah taya
lian sangkan bisa naék pangkat – sanajan bari jeung (kalakuan kitu téh) goréng.
Ninggali wadana anu kitu petana, saenyana rahayat ngaharepkeun dalem – tapi
dalem ogé sarua misleukna (lNgantos kang jeung dalem, Lempa lempi lempong,
Ngadu pipi jeung nu ompong) Ngeunaan jalan ka batawi ngemplong bisa dihartikeun
yén pamingpin jaman baheula ogé leuwih oriéntasi ka luhur alias ka batawi.
Ningningnang – ningnang dot em dot
blem. Ieu gé nyaritakeun kalakuan dalem
anu misleuk, ari dongkap ka hiji wilayah sok dipapag ku bajidoran, tidinya
teras tutunjuk « kembang malati ». Kalakuan saperti kitu ku
masyarakat disarebutna « adu gandék raja belang «
Néng nang néng prak. Lagu ieu mah ngagambarkeun kuwu pedit kariaan (sigana
juragan kuwu téh janggotan kawas embé). Susuguhna ogé kapan lauk bilatung,
kéjona – kéjo gandrung.
Truk-truk brung. Lamun kalakuan kuwu, wadana, dalem saperti anu disebutkeun
di luhur, tong anéh lamun rahayatna malarat. Bayangkeun waé,
sarubak-rubakna/sapanjang-panjangna buntut lutung, tuluy dikenyang-kenyang
barudak, mangkaning salawé widak. Ceuk bahasa ayeuna mah kaayaan kitu téh
ngagambarkeun silih bagi kamiskinan (shared poverty).
Ehon bérod. Lagu ieu siganana nyaritakeun mata-mata anu nyamur jadi
tukang oncom. Disebut mata-mata téh sabab sok
« comél ka nu gélo » (bisa jadi pamaréntahan walanda atawa jepang,
kukituna lamun aya tukang oncom ngaliwat, rahayat kudu ati-ati ngomong
(trung-trung-trung kohkol alarm).
Pacublek cublek uang, ngajakan rahayat pikeun motong « kerbau péndék »
(Jepang) jeung motong « kerbau tinggi »(walanda) ; sedengkeun
anu tinggina jemblang-jemblung mah taya lian tentara Gurkha.
2. Ngagambarkeun kaayaan. Lamun
analisa di luhur bener, kakawihan téh bisa jadi dijieunna patula-patali jeung
hiji kajadian (aya faktor waktu). Contona, jaleuleu dikira-kira jaman Dipati
Ukur, Ehon berod dijieun dina jaman penjajahan, nya kitu ogé ayang-ayang gung.
Tina lalaguan ogé, urang bisa ninggali kalakuan bangsa Cina dina jaman
penjajahan. Kapan waktu si Roji meuli paku, ku babah teu dibéré, malahan pokna
téh mata sia. Palebah dieu urang ogé bisa ngakurkeun jeung sajarah, utamana
posisi Cina dina Jepang anu sigana mah meunang posisi khusus (dai nippon nu
kawasa).
3. Ngaramalkeun ka hareup. Waktu
Sukarno tibeubeut tina kalunguhanana, anu kababawa téh lain ngan ukur manéhna,
tapi ogé anték-antékna. Ninggali kaayaan kieu aya nu nyarita, cenah « oray
bungka » – baca Bung Karno téh jadi kanyataan, kabeh anu nutur-nutur
(dipandeuri) Bung Karno kalaut.
4. Ulin kecap. Dina lagu éhon bérod,
bangbang kalima – lima gobang, santri maan dodol katinggali padalisan anu
tungtung dijadikeun padalisan anyar.
5. Kaulinan dina hiji kaayaan,
contona dina ojok-ojok uang – aung, ojok ata iti.
6. Heureuy biasa, saperti dina
pérépét jengkol , cingcangkeling, disurung ungkug-ungkugan (bulu irung
digelungan, bulu kéléh dilélépét)
Panutup Catur
Analisa di luhur éstuning
dipapantes. Dina sababaraha hal ngan saukur interpretasi, leres jeung henteu na
mah kedah digali ku ahlina (sanés pagawéan insinyur pertanian sapertos
pribados). Tapi kalah kumaha ogé ieu téh kabeungharan urang sunda.
Rupa-Rupa Kakawihan
Ambil-ambilan
+ Ambil ambilan turugtug hayam samantu
- Saha nu diambil kami mah teu boga incu
- boga gé anak pahatu
+ Pahatu-pahatu gé daék
+ purah nutu purah ngéjo
+ purah ngasakan baligo
- Nyerieun sukuna kacugak ku kaliagé
+ Aya ubarna kulit munding campur dagé
+ tiguling nyocolan dag
Jaleuleuja
Jaleuleuja
Atulak tu ja éman
gog
Seureuh leuweung
bay
Jambé kolot
bug
Ucing katinggang songsong
ngék
Dongdang
mayang
Pamikul adeg-adeg Bujang lanjang ti
kidul sing araced
Truk
truk brung
Truk truk brung Truk tru brak Buntut
lutung panjang rubak Dikenyang-kenyang barudak Barudak salawé widak Nyèd eng –
nyed eng Nyed nyed eng Nyed- nyed eng
Ningningnang-ningnang Dot em dot
blem Dalem sumping dor bajidor Tutunjuk kembang malati Laole ole obong
…………………………………………. (hilap deui)
Adu riri silih pinyong ( ?)
Inyong-inyong mas muria Adu gandék raja belang
[édit] V.
Néngnang néng prak Térélék embé
janggotan Pa kuwu kariaan Laukna lauk bilatung Kéjona kéjo gandrung Trangtrung
bedog buntung Trungtrang bedog rompang Hét hét embé janggotan Kélék monyét
héhéotan Badubanglpak dug blem
[édit] VI.
Pacublek-cublek uang Uangnya
manggulenténg Butata – butiti Padati wara – wiri Tangsi nona Tangsi tuan Ka
teluk bungbung Pok érah Pok érah Si Sidin mau kawin Potong kerbau péndék Potong
kerbau tinggi Tingginya jemblang – jemblung Ta eem Ta eem Ta em – ta em – ta em
[édit] VII.
Sakentrung – sakentrung Paré hawara
di huma Ditutuna lisung kai (pondok ?) Trung dung trung dung éng Trung
dung trung dung éng
[édit] VIII.
Sakentrung taligung Pécik pécang
Tété tulak Tété wondo Dalem surak raja sono Kalisanga domblé Kacang diraraweuy
Tembus kénéh Dodol sana Dodol sini Cir kuciplek Doli doéng
[édit] IX.
+ Endeuk-eundeukan lagoni - Meunang
peucang sahiji + Leupas deui ku nini - Beunang deui ku aki + Leupas deui ku
ninina nini nini - Beunang deui ku akina aki-aki + Leupas deui ku ninina ninina
ninina nini nini - Beunang deui ku akina akina akina akina aki-aki + Leupas
deui ku ninina ninina ninina ninina ninina ninina nini nini………… - Beunang deui
ku akina akina akina akina akina akina akina akina aki-aki ……..
…………………………………………………………………………………………………………………..
[édit] X.
Pérépét jéngkol jajahéan Kadempét
kohkol Jéjérétéan
[édit] XI.
Ehon bérod Ehon bérod Ehon bérod
Roda sapi buntung Tunggir hayam bikang Kangkung sisi gawir Wira dagang oncom
Comél ka nu gélo Lodong kosong ngentrung Trung trung trung kohkol alarm
[édit] XII
Santri maan dodol Doléwak nincak
waduk Duka waduk saha Haneut kénéh pisan (balik deui kana santri maan dodol
………… Kitu jeung kitu waé bulak balik)
[édit] XIII
Bubulaoan Si semar maling gunting
Guntingna kabulaoan Ta eem te eem Sidakep bari balem
[édit] XIV
Ojok – ojok uang aung
Ngarorojok nu disaung
Ojok-ojok undar andur
Ngarojok nu keur tandur
Ojok-ojok umbet-ambét
Ngarojok nu ngarambét
Ojok-ojok uat-aut
Ngarojok nu dibuat
Ojok – ojok ata utu
Ngarorojok nu keur nutu
Ojok-ojok unggang anggéng
Ngarojok nu keur nonggéng
Ojok-ojok ucad aced
Ngorojok nu aced-acedan
[édit] XV
Oray-orayan
Oray naon
Oray bungka
Bungka naon
Bungkalaut
Laut naon
Laut dipa
Dipa naon
Dipandeuri ………..
[édit] XVI.
+ Oray-orayan luar léor mapay sawah
- Entong ka sawah paréna keur sedeng beukah
+ Mending ka leuwi di leuwi loba nu mandi
- Saha anu mandi – anu mandina pandeuri
[édit] XVII.
Bubur beureum
Sabrang wétan
Kurawed angked
Blep
[édit] XVIII.
Si roji meuli paku
Ku babah teu dibéré
Pokna mata sia
Dai nippon nu kawasa
[édit] XIX.
Cingcangkeling manuk cingkleung //
Cindeten // Blos ka kolong bapa satar buleneng
[édit]
Ayang-ayang Gung
Ayang-ayang gung
Gung goongna ramé
Ménak Ki Mas Tanu
Nu jadi wadana
Naha manéh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung Kumpeni
Niat jadi pangkat
Katon kagoréngan
Ngantos Kangjeng Dalem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka Batawi ngemplong
[édit] XXI.
Disurung ungkug-ungkugan
Diséréd jéjérétéan
Bulu irung digelungan
Bulu kélék dilélépét
[édit]
Bang kalima lima gobang
Bang kalima lima gobang (bang)
Bangkong di tengah sawah (wah)
Wahéy tukang bajigur (gur)
Guru sakola désa (sa)
Saban poé ngajar (jar)
Jarum paranti ngaput (put)
Putri nu gareulis (lis)
Lisung kadua halu (lu)
Luhur kapal udara (ra)
Ragrag di Jakarta (ta)
Taun tujuh hiji (ji)
Haji rék ka Mekkah (kah)
Kahar tujuh rébu (bu)
Buah meunang ngala (la)
Lauk meunang nyobék (bék)
Béker meunang muter (ter)
Terus ka Cikampék (pék)
Pékna dagang kalam (lam)
Lampu eujeung damar (mar)
Mari kuéh hoho (ho)
Hotél panglédangan (ngan)
Ngantos Kangjeng Dalem (lem)
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
[édit] XXIII
Kalongking // Kalongking // Bapa sia
// Utah ngising // Cecewok dina pependil
[édit] XXIV
Sasalimpetan
Jajahan aing nu panjang
[édit]
Sursér-sursér
Sursér sursér
Amis cau
Amis kembang
Hileud sita
Tarungambang
Yéy iyéy
Tai manukan
Yéy iyéy
Tai manukan
[édit] XXVI
Prang pring, prang pring
salumprang salampring
Sabulu bulu gading
si gading ka Sunda perang
pur kuntul engkang-engkang
munding ngabongkar kandang
salewek sadugel cindel
heug, heug caringin runtuh
heug, heug caringin runtuh
dorokdok gubrag
+pung puyuh/
angèl angèl pèrah jambè/
torolong hayam kakolong
suku si jaèni
nilep sabeulah.............(upami teu lepat mah kitu)
[édit]
Cang ucang anggé
Cang ucang anggé
Mulung muncang ka paranjé
Digogog ku anjing gedé
Anjing gedé nu Pa Lebé
Ari gog gog cungunguuuung
[édit] Héhéotan
Héh héh héhéotan
Bulu kélék jambréosan
Nini-nini dagang ketan
Teu payu dicarékan
[édit]
Trang-trang koléntrang
Trang-trang koléntrang
silondong paéh nundutan
tikusruk kana durukan
mesat gobang kabuyutan
Trang-trang koléntrang
sianggar nyingkah sing anggah
jeung gancang muntahkeun bulan
caang bulan didurukan
Trang-trang koléntrang
si nini urang tulungan
imahna teh kapoékan
bulan tempur nabrak siang
No comments:
Post a Comment