Tuesday, January 29, 2013

DIAJAR NGARANG


Diajar Ngarang
Sok geura ngarang unggal poé.
Ku ngarang mah, kulit nu rék péot gé bisa jadi cangker deui.
Éta téh cék Fatimah Mérnissi,  féminis ti Marokko dina bukuna Women's Rebellion and Islamic Memory. Cenah ngarang téh matak awét ngora. Bisa nyangkerkeun kulit. Naha enya kitu? Tangtu kudu mapaykeun ka jinisna hayang leuwih écés mah. Ngan mun enya téh, hayu atuh urang diajar "nyangkerkeun kulit".
Méméh Prak
"Tah, keretas jeung pulpénna. Mun hayang leuwih énténg, yeuh maké komputer. Prak geura ngarang."
Keur nu geus parigel mah, mun aya nu nitah kitu téh, moal hésé béléké. Tinggal trét baé nulis. Tapi ku­ma­ha mun ninggang ka nu can kungsi ngarang sakotrét-kotrét acan? Mo­al boa ngahulengna téh. Manéhna tangtu nanya, naon ari ngarang téh?
Méméh ngajawab "naon ari nga­rang", saenyana urang kudu nanya heu­la: naha bet ngarang? Éta pananya kacida pentingna keur saha waé nu boga karep jadi pangarang. Sawatara wak­tu ka tukang aya nu ngirim naskah ka Cupumanik, mani sabebed, ti guru basa Sunda nu cenah geus méré tugas ka muridna sangkan nyieun karangan. Hasilna terus dibikeun ka Cupumanik, sina dimuat. Katémbongna, karéréana barudak mah daékna ngarang téh lantaran dibéré pancén ti guruna. Buk­tina loba nu asal jadi, malah teu ku­rang-kurang nu niron tina karangan nu geus nyampak.
Ngarang, tangtuna gé, kudu kaju­rung ku niat tina haté sorangan. Lain dititah ku batur, lain lantaran tugas. Datangna niat téh bisa jadi lantaran "kabita" ku pangarang nu geus moyan, atawa mémang hayang ngedalkeun kereteg haténa.
Tétéla, urang ngarang téh lantaran geus boga idé. Terus kudu kumaha?
Nya tinggal trét wé. Modal mimiti, asal bisa maca jeung nulis. Unggal jelema ari nulis surat baé mah meu­reun kungsi. Dalah budak SD gé apan ayeuna mah geus bisa SMS-an, éta téh kaasup ngarang. Har, geuning babari? Emh, urang anggap babari wé atuh, nya. Tapi, ké, ké, najan nulis SMS  di­sebut ngarang, geuningan béda jeung carita pondok nu dimuat dina koran atawa majalah?
Mun kitu mah urang watesan wé jejerna. Nu dicaritakeun di dieu mah lain ngarang SMS atawa surat, tapi ngarang keur muatkeuneun dina majalah atawa koran, keur bacaeun balaréa. Tangtu béda deui racikanana. Mun ngarang diibaratkeun kana masak, urang téh rék nyieun kada­haran keur batur, lain saukur diasaan ku sorangan.
"Tiori" nu Babari
Bisa ngarang mah lain pédah mindeng maca buku "tiori ngarang". Maca "tiori ngarang" tangtu perlu.
Ngan baé ngarang mah teu cukup ku tiori. Ongkoh taya ru­mus nu jinek ngeu­naan formula nyi­eun ka­rang­an nu hadé. Jeung pang­pang­na mah deuih, nu ngarti kana tiori gé can tangtu re­sep nga­rang. Teu kabéh sarjana sas­tra, u­pa­­­m­ana, jaradi pa­nga­­rang.
Mun téa mah keukeuh kudu aya tiorina, sigana leuwih hadé kieu baé: ngarang, ngarang, jeung ngarang.
Ngarang Heula, Maca Heula?
Tangtuna gé maca heula. Tapi ka dituna mah bareng wé, maca bari ngarang. Nu disebut "maca" di dieu nya­éta ngimeutan karangan-karangan beunang nu lian. Ngagugunung mang­paat tina maca téh, komo keur panga­rang mah. Sajeroning maca, kalintang hadéna mun bari nyangigirkeun ka­mus-lian ti cikopi téh.
Kahiji, tina maca urang jadi terang kumaha ari nyusun kalimah-ieu téh élmu nu pangdasarna saméméh urang ngetrukkeun idé dina karangan. Tina cara nyusun kalimah gé baris katém­bong nu resep maca jeung nu henteu mah. Ku maca, urang jadi terang kana élmu tata basa.
Kadua, ngabeungharan kekecapan. Mun ngarang dina basa Sunda, nya sa­wadina urang kudu jembar ku kekecapan dina basa Sunda. Ieu gé ladang tina maca. Keur nu sok maca tulisan dina basa Sunda mah, moal nyebutkeun yén basa Sunda téh hésé.
Katilu, urang jadi terang kana karya nu hadé. Ieu téh bisa dipaké ba­bandingan jeung karangan sorangan.
Maké jeung Sieun
Hadé pisan mun ngarang téh jembar réferénsi. Tapi mun réa teuing tinimbangan, riweuh deuih. Sieun salah téa, sieun dipoyok ku batur, sieun goréng. Najan pangarang nu geus moyan gé, angger wé nyebut diajar. Biheung aya karangan nu sampurna atawa bébas tina kritik. Mun haben ngagugulukeun kasieun mah, atuh rék iraha derna.
Idé Moal Saat
Sok aya nu ngarasa "béakeun idé". Saenyana mah lain béakeun idé, tapi horéam néanganana. Idé mah moal saat. Ngolétrak sotéh mun teu di­téangan.
Ari néangan idé, tinggal ngamang­paatkeun ni'mat ti Alloh, panon jeung ceuli. Nénjo aya jelema nu ngaliwat ka hareupeun imah gé bisa waé di­jieun carpon. Har, naon nu kudu di­karangna? Kitu meureun cék nu bingung. Paling gé jadi carpon sajajar: aya jelema ngaliwat. Mun ditulis sajalantrahna mah nya kitu pisan. Tapi pan bisa diréka. Kumaha mun éta jelema ngaliwatna téh samenit sakali, ti isuk-isuk nepi ka burit, nepi ka isukna deui? Bisa diracik jadi carpon tah.
Dina ngarang, urang teu diwajib­keun nyodorkeun téma anyar nu saratus persén orisinil. Bisa jadi da­tang­na inspirasi téh sabada urang maca karangan beunang nu lian. Mun téma téh hiji imah nu keur dipotrét, urang bisa milih ti lebah mana rék ngé­céngkeun kaméra. Hartina, téma nu geus ditulis ku batur, bisa jadi anyar mun urang nyawang tina sisi séjénna.
Antep Sina Ngocor
Idé geus aya, tapi ngarang mandeg kénéh waé. Éta téh mindeng kaalaman ku pangarang anyar. Kadangkala naon nu rék ditepikeun ku urang ukur nyang­sang dina sirah, henteu daék ngen­car jadi tulisan.
Pangna kitu téh, bisa jadi réa teu­ing nu hayang ditulis, nepi ka henteu daék prak. Atawa bingung ti mana ngamimitianana. Teu kurang-kurang nu keur ngarang mandeg dina parag­rap kahiji. Asa kurang itu, asa kurang ieu. Asa teu ngareunah dibacana. Asa hayang ngédit deui.
Tadi gé, mun hayang sampurna mah, nyieun sakalimah téh moal teu sapoé mokét. Dina waktu ngarang, hadéna mah naon nu kapikir téh antep wé sina ngocor heula, ulah wani-wani mendet saméméh nepi ka tungtung mah. Urang ngarang téh sarua jeung diajar ngarang.
Mun lieur kénéh, tong waka kukulutus. Da lieur gé ngandung idé. Sok, atuh, tuliskeun naon nu matak lieur téh. Éta gé kaasup ngarang. Ka­asup jurus ngarah "awét ngo­ra.





Ngalalanyah Carita Pondok
JADI iraha atuh prakna nyieun karangan téh? Nya ayeuna, urang mimitian. Anggap waé sagala pakakas keur ngarang geus nyampak. Keretas, pulpén, mesin tik, atawa komputer nu geus ngahiung. Hareupeun urang ayeuna geus nampeu rohang molongpong; boh dina keretas, boh dina monitor. Teu aya titik-titik acan.
Nu rék ngarang geus nyindekkeun deuih, yén nu rék dijieunna téh carita pondok, lain sajak. Alesanana pangna milih carpon, bisa jadi lantaran hayang nyobaan nyieun prosa, nulis sajak mah hésé, atawa idé nu ngagulung dina sirah téh mémang picarponeun.
Jejer karanganana geus nyampak. Cék haréwos Ki Pangarang, nu rék dicaritakeunana téh basajan pisan: sual duit. Duit mah pan geus pada-pada terang; boh duit keretas boh duit kencring. Sasatna karampa unggal poé, dipaké balanja, dipaké ongkos. Tapi mun nyaritakeun bubuk-leutikna duit, bisa jadi panjang teuing. Naon deuih nu matak narik tina duit téh? Nu matak Ki Pangarang ayeuna keur satékah polah ngawatesanan, tina kékeran mana manéhna rék nyawang sual duit téh.
Bari neuteup keretas kosong, Ki Pangarang terus nyieun sababaraha catetan ngeunaan duit.
  • Duit dijieunna ukur tina keretas atawa logam.
  • Duit jadi pangabutuh umumna jelema
  • Néangan duit téh hésé
  • Duit teu bisa dijieun ku sorangan
  • Nu mahal dina duit téh pangajina
Sakitu wé heula cenah. Tapi ku lantaran nu dijieunna téh carpon, meureun engkéna kudu aya nu ngalalakon, alur, klimaks, tur pungkasna rék siga kumaha. Saenyana nu kararitu téh henteu kudu dipikiran teuing méméh prak. Ngan ari "elotan" mah apan perlu, ngarah nu rék ditulis téh henteu ngacapruk ka mana karep.
Tina duit téa, bisa dijieun rupaning lalakon. Komo apan duit mah lain téma nu anyar. Dina ngawatesanan téma, aya hadéna mun urang ngotrét sawatara jejer nu engkéna baris dipilih. Teu kudu jauh-jauh néangan, nu katénjo jeung kadéngé heula wé, dumasar kana pangalaman sorangan. Diwawaas gé teu nanaon. Nya meunang opat kotrétan.
  • Jelema nu paséa alatan parebut duit
  • Lalakon réntenir nu "nyékek" tatanggana ku nginjeumkeun duit
  • Lalaki nu buar-biur néangan duit keur ngubaran anakna tapi euweuh nu méré
  • Sosobatanana duit jeung nini-nini
Éta opat jejer téh terus dipilih salah sahijina. Tangtu baris kaimpleng mana nu umum jeung nu teu pati umum. Nomer hiji nepi ka tilu, bisa jadi geus umum teuing, tapi teu nanaon rék tulis gé. Saheulaanan mah antep heula wé, guar-guareun engké. Ayeuna mah urang niténan jejer kaopat: sosobatanana duit jeung nini-nini.
Nu ngaranna sosobatan, meureun kudu aya hubungan "rasa" antara duit jeung nini-nini. Hubungan "rasa" antara barang paéh jeung jelema mémang teu pati ilahar, tapi dina carpon mah urang ilaharkeun wé. Tina kecap "duit" jeung "nini-nini" bisa katoong saha engkéna nu rék ngalalakon. Aya sababaraha pilihan, bisa maké tokoh kuring minangka nini-nini, tokoh kuring minangka duit, atawa pangarang rék nyaritakeun duit jeung nini-nini tina paneuteup jalma katilu.
Upamana, urang milih tokoh kuring nu jadi "duit". Hartina, nya duit nu cacarita ka nu maca naon nu katémbong, kadéngé jeung karasa ku manéhna. Teu asup akal? Keun wé da carpon.
Méméh prak ngalalakon, sual logika perlu dipikiran deuih, keur ngabédakeun antara carpon jeung dongéng. Najan tokoh duit ku pangarang geus "dibéré rarasaan", logikana mah angger dipaké. Upamana: duit mah teu bisa ngomong jeung jelema, duit mah teu bisa leumpang, jsté. Najan kasebutna sosobatan, pamohalan duit bisa ngawangkong jeung nini-nini, tangtu salah sahijina aya nu haré-haré.
Urang gé perlu milih duit nu mana nu rék sina ngalalakon téh; naha duit kencring, duit pangaji sarébu, sapuluh rébu, jsté. Naon deuih nu ngabédakeunana antara duit nu rék dicaritakeun jeung duit séjénna. Mun dilelebah mah kieu meureun, unggal duit keretas boga ngaranna séwang-séwangan, nu disebut nomer séri téa. Hartina duit keretas mah euweuh nu sarua, kajaba mun dipalsukeun.
Geus kitu mah urang bisa nyieun gurat badagna lalakon. Upamana kieu:
  •  Si Duit téa keur ngahuleng di jero laci, di hiji toko emas. Babaturanana mah sararé kénéh, ari manéhna kahudangkeun ku hiji sora hoghag ti luareun laci. Basa didédéngékeun, manéhna curinghak sabab di antara nu ngomong téh aya sora nini-nini.
  • Si Duit inget yén éta téh sora Nini Onéh, nu kungsi ngarawatan manéhna baheula. Nineung pisan ka Nini Onéh téh, sabab kacida geténna. Manéhna dipupusti, disimpen dibuni-buni, sasatna dijieun jimat. Tapi najan sakumaha taraptina gé, ari kapanggih ku incuna mah, teu burung dicokot ti handapeun kasur, dibalanjakeun. Ti harita manéhna pisah jeung Nini Onéh.
  • Ayeuna sora Nini Onéh kadéngé deui, manéhna hayang ngagurinjal mun kongang mah, hayang nyampeurkeun. Tapi nu kadéngé ukur sora nu hoghag. Cenah Nini Onéh téh rék ngajual emas, ku tukang emas ditawar murah da henteu maké susuratan. Tungtungna ku Si Nini dibikeun, hargana saratus rébu. Tukang emas geus mukakeun laci. Manéhna gegebegan, hayang teuing dipaké babayar. Naha atuh ari ceg téh kalah kana duit 50 rébuan. Manéhna ngaheruk.
  • Tapi teu lila Nini Onéh datang deui, bari hariweusweus cenah duit pamayar téh geus soéh, hayang ditukeurkeun. Ku tukang emas dihilikeun bari kutukgendeng. Tungtungna mah nu dipaké mayar téh Si Duit téa.
  • Si Duit atoh jeung reuwas. Atohna, duméh tepung deui jeung Nini Onéh. Reuwasna, geuning Nini Onéh téh henteu nyorangan, tapi dibarengan ku incuna nu baheula nyokot duit ti handapeun kasur.
  • Jeung saterusna.
Nu bieu dipedar téh lain hiji-hiji pola keur nyieun carita pondok. Lalakon duit mah ukur conto wungkul, tina réwuan téma nu ku urang bisa dipilih. ***


















Kasugemaan Ngarang
AYA pangarang nu nulis ukur keur dirina sorangan. Naon wé nu ditulisna mah, sajak, carpon, nepi ka catetan poéan atawa diary téa. Manéhna ngarasa tinemu jeung kasugemaan mun tulisanana geus réngsé, dibaca deui, disimpen téang-téangeun sorangan. Teu ieuh mikiran, naha éta karangan téh rék dibaca ku batur atawa moal.
Aya deui nu ngarasa sugema téh mun karanganana geus dibaca ku batur, boh diasongkeun ka nu pareng panggih, boh dimuat dina média massa. Kareueusna baris témbong mun éta karangan aya nu mairan-komo aya nu muji mah. Atuda tong boro geus ngajanggélék jadi karya, ti keur dina uteukna kénéh gé geus diuaruar.
Teu kurang-kurang deuih nu sok rajeun kutrat-kotrét, bari tara sabar. Mun keur nulis hayang buru-buru anggeus, mun geus anggeus hayang gancang dikirimkeun, mun teu dimuat waé haben ditatanyakeun.
Palebah nyungsi kasugemaan ngarang, bisa jadi unggal pangarang téh béda-béda. Aya nu sugema ku nulis sajak, carpon, novél, atawa éséy nu ngawadahan pamanggihna. Aya nu sugema pdah karyana dibaca ku batur, dimuat dina média massa, dihonoran, atawa pédah karanganana dipuji kunu lian. Rék naon baé tujuanana, ari geus ngajanggélék jadi karya mah sageuy nepi ka mubah. Pan hésé néangan nu leukeun nulis téh, komo di urang mah. Teu réa nu nyempetkeun waktu keur kutrat-kotrét, angot dina usum riweuh siga ayeuna.
Nyaeta puguh gé, mun dipikir-pikir, di urang mah ngarang téh bangun pagawéan pangangguran, tamba ngalamun, tamba cicing. Éstuning matak kerung keur nu uteukna mikiran bisnis mah. Kudu tatahar heula pakakasna, keretas, mesin tik, komputer jeung printerna. Geus nyampak pakakasna, hayoh ngahuleng mikir-bari sakapeung mah teu maliré ka sisi ka gigir. Ari pék téh deuih, basa dikirimkeun ka média, teu dimuat-muat.
Naha ngarang téh pakasaban? Enya, mun urang hayang daria neuleumn éta widang. Lain sambilan, lain tamba euweuh cabak. Di nagara deungeun mah pan teu kurang-kurang jelema nu sapopoéna ngadeluk nulis, teu eureun nyieunan buku. Hasilna, nya nu hadé milik mah bisa nyukupan kahirupanana, malah lubak-libuk siga J.K. Rowling nu "dibayuan" ku Harry Potter. Atuh di urang gé réa nu neuleuman éta widang téh. Malah di antarana aya nu ngundurkeun diri tina pagawé negeri lantaran hayang jongjon nulis.
Mun ngarang rék dijieun pakasaban, nya tangtu kudu aya "pameulina". Kahiji, kumaha sangkan karya urang bisa ngungkulan pangarang lianna, nepi ka mun ngirim naskah ka mdia massa atawa ka penerbit téh teu "diliwat" ku redaktur. Ieu téh tangtu réa pakaitna jeung kamampuh urang nyangkem téhnik nagrang. Kadua, lantaran sok dijieun pakasaban téa, nya ulah nepi ka pegat. Nyiar tarékah sangkan idé henteu kateg, sangkan ngarang tetep mayeng. Méméh hiji pangarang bisa moyan tur karyana midang di saban média, boa ditebus heula ku kasabaran-pangpangna sabar mun karyana ditolak ku rédaktur.
Mun ngarang téh ukur kalangenan, nulisna gé bisa jadi kakapeungan. Siga pangarang nu gumantung teuing kana "mood", bari teu engeuh yén saenyana "mood" téh bisa ditéangan. Tapi tangtuna gé, lain hartina karanganana baris goréng. Nu ngarang ukur sambilan, bisa jadi teu mikiran teuing naha tina pagawéanana téh baris ngahasilkeun duit atwa henteu. Malah ku téknologi internét mah, pangarang nu ngarasa kurang "kahiap" ku média konvénsiaonal, midangkeun karya-karyana di dunya maya. Sasatna bisa sakarep-karep dina internét mah, rék ngamuat naon baé, rék sakumaha panjangna, da puguh dapur redaksina diurus ku sorangan. Komo saprak internét anjrah ka blog (tina weblog, rohangan dina internét nu midangkeun karya-karya pribadi). Réa nu haratis deuih, teu kudu nyéwa.
Midangkeun karya dina blog, bisa jadi éta gé kasugemaan keur pangarang mah. *** (Dadan Sutisna).




Kontén Lokal
SAPRAK datang jaman digital, istilah "kontén" remen disabit-sabit. Holna mah nya tina basa deungeun, content, nu hartina eusi atawa muatan. Ari nu disebut konten dina téknologi digital téh rupa-rupa: aya téks (tulisan), sora, gambar, vidéo, jeung sabangsana. Kontén téh tangtuna aya nu nyieunna, bisa olah, disimpen, dipidangkeun, jeung disebarkeun maké pakakas éléktronik.
Téknologi bisa maju lantaran dirojong ku kontén. Malah, sakumaha canggihna téknologi, taya hartina mun di jerona euweuh nu disebut kontén. Moal aya nu daék ngukut kaméra digital mun teu bisaeun nyimpen gambar. Moal aya nu meuli hapé mun teu bisaeun dipaké ngirim SMS atawa nélépon. Foto digital, musik dina hapé, vidéo beunang ngarékam, atawa téks dina SMS, kabéhanana disebut kontén.
Sasaha gé wenang nyieun kontén mah. Malah, bisa jadi nu baroga hapé mah méh unggal usik nyieunan kontén téh. Ku nu boga naluri bisnis mah, kontén téh bisa jadi duit, bisa dipaké lahan usaha. Torojol wéh kontén provider, purah nyadiakeun rupaning data nu sakirana dipikabutuh ku balaréa. Mun réa jelema nu resepeun kana lagu, nya disadiakeun kontén lagu. Nu hayang nyaho béja panganyarna, aya deui kontén berita.
Urang deungeun mah geus ti tangéhna ngokolakeun kontén nu hadé téh. Ari urang, siga sasari, engeuh sotéh sanggeus nyaksian batur hasil, lubak-libuk meunang untung tina bisnis nu boa aya nu nganggap "teu pira". Dina dunya internét, sasaha gé nyaho naon Google, situs purah tuang-téang téa. Konsép Google téh, mimitina mah pan asa basajan pisan, nyadiakeun kontén dina wangun téks beunang nguyang tina situs nu lian. Hartina, Google mah sasatna "teu bogaeun" kontén, da gawéna gé apan mangnéangankeun. Tapi batina tina iklan, ambuing, ayeuna téh kira-kira Rp 2 Miliar dina waktu sajam.
Sabada sababaraha taun ngabandungan Google, mimiti kapikir, tétéla kacida pentingna ngokolakeun kontén téh. Google mah nganggap sakabéh basa gé penting, lain basa Inggris wungkul, nepi ka kiwari Google bisa dipidangkeun dina ratusan basa saalam dunya. Geus kitu nyieun proyék séjénna, siga Google Book (nyadiakeun rupaning buku dina wangun digital), Google News (kliping berita ti mangsa ka mangsa), Google Images (paranti babagi gambar), Google Earth (paranti noong gambar kaayaan dunya tina satelit), YouTube (paranti babagi vidéo), jrrd.
Kontén Lokal Kumaha Nasibna?
Nu disebut kontén lokal téh, nyaéta kontén nu jolna ti hiji sélér atawa wewengkon. Mun di tatar Sunda, nya sagala rupa nu aya pakuat-pakaitna jeung Sunda; basana, budayana, patempatanana, hirup-kumbuhna, jsté. Terus diracik maké pakakas téknologi sangkan bisa disebarkeun, dipidangkeun, atawa dijual maké pakakas éléktronik.
Kontén Sunda gé tangtu euyeub pisan. Tong jauh-jauh, dina widang basa wéh, pan sakitu réana peperenianana téh. Ti mimiti babasan paribasa, sisindiran, wawangsalan, rumpaka pupuh, jsté. Geura étah, mun rupa-rupa kaulinan barudak dividéokeun, boa rea nu resepeun. Teu mustahil jaga mah aya barudak bulé nu arulin paciwit-ciwit lutung.
Hanjakal éta téh can aya nu ngagarap kalawan daria. Kaharti kituna mah, lantaran patali jeung téknologi, nu tangtu jadi perlu waragad keur ngamodalanana. Can kudu néangan jelemana nu bener-bener weruh mindahkeunana jadi konten digital. Bari meureun teu kaérong naha éta téh matak untung atawa moal. Najan di urang geus mimiti dug-deg pausahaan nu nyieunan kontén, tapi ari kontén lokal mah can dilieuk. Kalah resepeun kénéh kana rumul-ramal atau gosip-gosip sélébritis.
Atuh ti pihak nu boga kawasa dina téknologi, siga Télkom upamana, can pati engeuheun deuih. Meureun milih kana lolongkrang bisnisna nu kacirina moal nguntungkeun.
Ngan ulah salah, da urang deungeun mah terus-terusan mébérkeun jangjang. Google gé pan boga implengan rék nyieun pabukon digital, nu eusina midangkeun rupaning kontén saalam dunya. Ulah nepi ka kacaturkeun aya kabeungharan budaya urang nu ujug-ujug ngagunduk dina nagara deungeun, siga naskah Sunda di Walanda téa. Mun teu singkil ti ayeuna, mungkin banda urang sorangan dipimilik ku nu lian.***(Dadan Sutisna)


Bandung jeung Kampung

Nepi ka kelas 3 SMP, kuring can apal siga kumaha ari kota Bandung teh. Harita kuring anu ngarumasakeun urang kampung di pasisian kabupaten Sumedang, tara boga kapentingan ka kota nu ngaranna Bandung teh. Najan kitu, ari beja ngeunaan ramena kota Bandung mah, mindeng pisan ngadenge. Nya kitu, ukur tina cenah bae. Cenah Bandung teh Kota Kembang, Paris Van Java, legana kabina-bina. Di Bandung loba gedong jangkung sabangsaning hotel, loba nu dagang, aya kebon binatang. Di Bandung oge aya Saritem (can diadegkeun pasantren harita mah), aya Tegallega, malah mun hayang nenjo "jalan intelek" bisa ulin ka Braga. Atuh tina pangajaran sajarah di sakola oge, kuring kungsi ngapalkeun kajadian Bandung Lautan Api jeung Konferensi Asia-Afrika, anu tempatna di Bandung keneh.
Nu eces, keur ukuran lembur kuring harita, Bandung teh bisa dipake adu-gengsi. Nu kungsi nincak kota Bandung, agulna kabina-bina. Malah beunang disebutkeun lampar, henteu kurung batok teuing.
"Ti mana nyaba teh, Jang?" ceuk nu nanya.
"Ti Banduuuung ..."
Tah, palebah nyebut Bandung teh sok dangah saeutik, bari irungna ngadadak rebeh. Kadangkala, henteu cukup ku sakali nyebutna teh.
Cenah puseurna Jawa Barat teh aya di kota Bandung. Rupa-rupa kagiatan; ekonomi, budaya, jasa, kaasup pamarentahan, puseurna di kota Bandung. Kangaranan puseur, sageuy mun henteu rame teh. Da jeung enyana, basa munggaran ka Bandung oge (nincak SMU harita teh) ceuk ukuran kuring mah rame. Ari "rame" ceuk alam pikiran harita; loba jelema balawiri, loba nu dagang, mobil pabuis. Mimiti apal teh ka wewengkon Kebon Kalapa jeung alun-alun. Ah, resep we nu aya. Sapanjang jalan Dewi Sartika nepi ka alun-alun, taya lolongkrang nu kosong, pinuh ku nu dagang. Malah leukeun anu dagang dina trotoar teh dibilang jeung babaturan. Ti batan kaitung, kalahka lieur manten cenah.
Di kampung mah, sohor pisan Bandung teh. Resep cenah ulin ka Bandung mah. Ari pangaresep urang lembur tea, apan tara make jeung mikir ka sisi ka gigir. Ti mana atuh urang lembur apaleun, upama dagang dina trotoar teh ngaganggu patalimarga. Moal ngarti deuih, ka nu disebut tata letak kota, jajauheun nepi ka nginget-nginget polusi mah. Rame ceuk urang kampung, resep ceuk urang kampung, bisa jadi henteu sarua jeung pangabetah urang Bandungna sorangan.
Nya tina pangaresep, tina kabita ku karameanana, loba urang kampung nu nyoba-nyoba cicing di kota Bandung. Urbanisasi tea. Kota Bandung lir mere kalaluasaan pikeun usaha. Tungtungna mah, najan cicing nyangkewok di sisi solokan oge, da geus karasa hasilna ieuh. Betah we nu aya. Moal mikirkeun sareukseuk-henteuna. Nu penting bisa usaha, nyumponan pangabutuh kulawarga.
Di lembur kuring, anu geus dianggap "sukses" usaha di Bandung, sok terus mawa kulawargana, dulur-dulurna, saanak incu dikerid kabeh. Kawasna mah di lembur sejen oge sarua. Papada hayang usaha di Bandung. Kajeun jadi tukang baramaen, nu penting cicing di Bandung.
Teu aneh, upama di Paris Van Java teh tumuwuh rupa-rupa kahirupan. Kabeh oge nyampak, dina wirahma sewang-sewangan. Rupa-rupa etnis ngumpul di Bandung. Pajejel nepi ka emper-emperna. Rupa-rupa kagiatan usaha, ti mimiti nu ngampar sisi jalan nepi nu boga mall jeung supermarket. Nu indit ka kantor make BMW. Nu baramaen sisi jalan. Nu nyieun imah ngajul langit. Nu nyangkewok sisi solokan. Kabeh aya di Bandung, nu katelah Kota Kembang tea.
Keur budak kuring nyebut rame ka kota Bandung teh. Ayeuna mah, sanggeus meh unggal poe idek-liher di Bandung, kalahka matak jangar. Nu matak mun pareng balik ka kampung teh, asa manggih dunya nu beda. Di Bandung mah asa hareurin tetenjoan teh.
Enya, Bandung teh matak heurin usik. Malah bakating ku hareurin kawasna mah, loba jelema beunghar nu nyieun villa di suku gunung. Bisa jadi, engkena mah kota teh pindah ka gunung.
Kuring teu apal kaayaan kota Bandung baheula, anu sok jadi romantisme Haryoto Kunto. Ukur nyaho tina bacaan bae, cenah jalan Braga teh tempatna para menak, cenah alun-alun teh asri jeung loba tatangkalan. Kabeh oge ukur ceuk cenah. Nu kaalaman jeung kasaksian mah, katenjo ku panon sorangan, nya Bandung anu rarupek tea. Nu hirupna lir sewang-sewangan.
Di kampung mah euweuh supermarket, euweuh trotoar pinuh ku nu dagang. Tetenjoan bangblas ka jauhna, henteu kahalangan gedong jangkung. Aparat desa tara mikiran tata letak kampung, rek nyieun imah di lamping pasir, di tengah sawah, moal aya nu nyaram asal di lahan sorangan. Tacan kabejanakeun aya urang kota nu rek ngadon usaha di kampung, ari lain nyieun perumahan mah. Tapi kota Bandung tetep jadi impian urang kampung. Impian nu mere kaluluasaan pirang-pirang usaha. Ari nu ngadon usaha, apan moal mikiran pikeun ngabebenah kota, da kapentinganana oge ukur nyiar kipayah wungkul.
Kumaha atuh ngabebenah Bandung teh? Ah, moal mikir ka lebah dinya kuring mah. Da loba keneh para ahlina. Ngan ceuk beja, di nagara deungeun aya kota anu dipugar total sangkan endah teh. Jajauheun atuh nepi kitu mah, beunang disebutkeun pamohalan.
Ngan di kampung kuring mah, naon anu kurang endah teh sok diteundeun di tukang atawa di sisi, henteu di tengah-tengah. Nyieun kandang domba sina rada anggang ti padumukan. Nyieun sasampayan di pipir imah. Pa Erte tara nyaram ka nu boga niat ngukut hayam nagri. Ngan anu rek usaha sok instropeksi, nyieun kandang teh ditungtung lembur, ngarah henteu bau ka batur. Neangan lahan usaha mah moal aya nu ngageunggeureuhkeun, asal ulah ngaganggu kapentingan umum.
Tapi karah kumaha oge, Bandung mah beda jeung kampung










Ngirimkeun Karangan
SOK aya nu nanya, kumaha cenah ngarah karangan dimuat dina média massa? Atawa, naha karangan nu geus dikirimkeun téh teu dimuat waé? Padahal, cék nu ngarangna, karangan téh henteu goréng-goréng teuing.
Réa alatanana mah. Tur bisa jadi enya, karangan nu geus dikirimkeun téh henteu goréng. Mun urang pareng maca hiji karangan nu dimuat dina koran atawa majalah, bisa jadi aya nu gegerendengan: "Nu kieu waé bisa dimuat. Asana bisa mun nulis leuwih alus ti ieu!"
Ajén karangan, alus goréngna hiji karya, lain hiji-hijina jaminan dimuatna karangan dina koran atawa majalah. Réa hal penting séjénna nu biasana mah kapopohokeun ku pangarang anyar.
Tujuan ngarang téh bisa jadi rupa-rupa. Aya nu keur bacaeun sorangan, upamana diari atawa catetan pribadi. Tapi teu kurang deuih nu hayang kabaca ku balaréa, dimuat dina média massa, béh dituna meunang honorarium keur ngagantian keretas.
Tuhu kana Aturan
Méméh ngirimkeun karangan, aya hadéna mun urang terang kana aturan nu geus ditetepkeun ku unggal koran atawa majalah. Ngarang mah bébas, rék panjang, rék pondok, moal aya nu ngahalang-halang. Tapi redaktur gé boga hak pikeun nangtukeun karangan nu kumaha nu cocog keur médiana. Aturan dimuatna karangan dina média massa téh di antarana:
  1. Katégori karangan. Unggal média béda-béda dina nangtukeun katégori karangan téh. Aya nu sok ngamuat sajak, éséy, carpon, atawa kabéhanana. Mun rék ngirimkeun carpon, upamana, nya kudu ka média nu sok ngamuat carpon.
  2. Panjang naskah. Réa karangan nu alus, tapi henteu bisa dimuat lantaran naskahna panjang teuing. Ku kituna, urang kudu terang heula kailaharan panjangna karangan dina hiji média. Naha 4 kaca, 5 kaca, atawa bisa nepi ka 10 kaca. Panjang naskah keur majalah tangtu béda jeung koran. Koran mah biasana leuwih ringkes. Ka dieunakeun, panjang karangan téh sok diukur ku jumlah huruf (character), kitu gé mun nulisna maké komputer.
  3. Karakter média. Unggal média boga karakter séwang-séwangan. Upamana, aya majalah nu dihususkeun keur barudak, kaom wanoja, atawa umum.
Mantuan Redaktur
Nu ngirim karangan téh lain urang wungkul. Komo dina koran mah, naskah nu asup téh boa nepi ka puluhan dina sapoéna. Mantuan redaktur lain hartina milu ngédit atau ngetik, tapi milu ngénténgkeun pagawéanana.
  1. Karangan urang kudu bisa dibaca kalawan écés. Jaman kiwari geus langka nu ngirimkeun naskah nu ditulis, réréana mah diketik. Ngarah karangan écés dibacana, gedé huruf, anggangna spasi, perlu dititénan. Mun ngirimna dina wangun file, upamana ngaliwatan émail, sarua deuih maké format nu babari dibacana.
  2. Mun nulis éséy, sabisa-bisa mah terangkeun heula, najan ukur dua jajar, perkara naon nu ditulis ku urang téh. Henteu kabéh redaktur boga waktu keur maca unggal naskah ti awal nepi ka ahir.
  3. Sabisa-bisa mah ulah ngirimkeun karangan nu eusina sarua ka média séjén.
Asak Anjang
Rupa-rupa cara ngirimkeun karangan téh. Bisa kana pos, émail, atawa langsung diingkig ka alamat médiana.
Nganjang ka kantor redaksi, bisa jadi leuwih réa mangpaatna batan ngirim ngaliwatan pos. Paling copél urang bisa wawuh jeung redakturna.



Kelir Dina Karangan
KELIR téh pipinding. Hahalangan antara hiji rohangan jeung rohangan séjénna. Biasana dijieunna téh tina kaén. Di tajug, upamana, kelir téh sok dipaké wates tempat salat awéwé jeung lalaki. Di imah, sok aya kaén nu dipaké nutupan lawang pangkéng, ngarah teu atra teuing katénjo ti luar.
Umumna mah urang geus papada surti, aya naon di satukangeun ha­halang téh. Mun éta kelir diteundeun di lawang pangkéng, urang bisa ngira-ngira aya naon di jero pangkéng téh-najan teu nembrak katémbong gé. Meureun aya paranti saré, lomari pakéan, katut barang séjénna nu sok diteundeun di pangkéng.
Nietzsche, filsuf jeung ahli filologi ti Jerman, kungsi nyuratan ka Richard Wagner, baturna nu sok kurung-karang. Cék Nietzsche, nu disebut fik­si téh, boh prosa boh puisi, teu leu­wih ti narjamahkeun impian kana kanyataan jeung napsirkeun kanyataan kana impian. Hartina, boh impian, boh kanyaataan, dina karangan mah teu ditembrakkeun saujratna. Nya le­bah dieu perluna kelir dina karangan téh.
Nyieun kelir dina karangan mah tangtuna gé lain ku kaén, tapi ku ke­kecapan. Geus papada paham, apan modalna ngarang mah nya kecap. Cari nyieunna, rupa-rupa, teu aya formula nu pasti. Éta mah gumantung kana karancagéan nu ngarangna.
Mun urang keur ngarang, boh puisi boh prosa, pan dina diseuhseuhanana mah nu rék ditepikeun ka nu maca. Aya nu ditémbongkeun, digambar­keun, dikelemengkeun, maké pakakas kekecapan. Tah, gunana kelir téh nya pikeun mindingan naon nu rék ditém­bongkeun téa, ngarah teu nembrak teuing, tapi masih kénéh dipikasurti ku maca. Aya mangsana apan, nu dicaritakeun ku urang téh boa matak réhé. Boa matak kukurayeun. Boa matak caria.
Geura urang imeutan carita-carita pondok karangan Ahmad Bakrie. Dina karanganana, urang remen manggihan bagian-bagian nu sakapeung mah matak meureudeuy atawa matak éra sorangan, pangpangna nu patali jeung érotismeu. Ku Ahmad Bakrie mah ditembrakkeun apan, kumaha papu­ketna awéwé jeung lalaki dina kasur téh. Najan sok dibarung humor, tapi boa teu kabéh nu maca kalandep ku carita modél kitu téh.
Dina ngagambarkeun érotismeu, Ahmad Bakrie mah éstuning teu didingding kelir. Ditémbongkeun sajalantrahna. Tangtuna gé henteu salah, da kelir mah lain rukun ngarang, tapi bagian tina téknik ngarang.
Godi Suwarna, dina carpon "Lalakon Awon" nu kungsi meunang Hadiah D.K. Ardiwinata, sarua deuih nyaritakeun érotismeu. Dina éta carpon, aya tokoh Si Awon (jelema satengah owah) nu unggal peuting nyaksian pamajikanana saré jeung aparat désa. Sarua dina éta carpon gé aya adegan di pangkéng. Tapi nu dicaritakeun ku Godi mah sora éntog di luareun imah. Éta sora éntog, ku pangarang dipaké pinding keur ngagambarkeun kajadian di jero pangkéng, tur ku nu maca tangtu geus kasurti.
Aya deui carita nu baluas atawa ginggiapeun. Upamana dina kajadian rajapati, aya tokoh nu maténi tokoh séjénna maké bedog panjang: "Manéhna ngageumbatkeun bedog, bles meneran pisan kana beuteung musuh. Getih ngabayabah, peujit budal-badil, bedog parat nepi kana tonggong, jsté." Éta kalimah, bisa jadi keur sabagian nu maca mah éstuning matak ketir. Geura urang cobaan bandingkeun jeung nu maké kelir: "Ngan sakolépat, pérah bedog panjang geus napel na beuteung musuh." Bisa jadi nu maca surti, pangna pérah bedog napel dina beuteung musuh lain alatan locot tina bedogna.
Dina "Asal-Usul Logojo Paris" nu ditarjamahkeun ku Syarif Amin, aya adegan logojo nu nunggel beuheung awéwé geulis. Ku pangarang ukur diterangkeun ku kalimah "panon éta awéwé kucap-kiceup dina taneuh".
Kelir dina karangan, keur napsirkeun carita nu saujratna maké pakakas kekecapan. Mindingan nu nembrak ngarah dipikasurti ku nu maca. Pangarang téh apan lain ukur néangan "naon nu rék dicaritakeun", tapi mapantes "kumaha nyarita­keunana" deuih.***(Dadan Sutisna)—


No comments:

Post a Comment